Jumat, 27 September 2013

Marelak Awi dina Poé Awi Sadunya



Sigana loba jalma tacan nyaraho 18 Séptémber geus ditetepkeun ku Organisasi Awi Sa-dunya (World Bamboo Organization WBO) minangka poé awi sadunya.  Maksud ditetepkeunana hal ieu sangkan bisa ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan di sakuliah dunya.

Di tingkat nasional, kampanyeu pentingna awi sakaligus miéling poé awi sadunya sabenerna geus dilakukeun pamaréntah, dina hal ieu kamentrian lingkungan hidup (KLH) ti sataun ka tukang. Harita pamaréntah baris ngembangkeun poténsi leuweung awi salaku tangkal anu bisa ngajaga ékosistim jeung konsérvasi sumber cai baku di sakuliah Indonésia.

Sabtu, 14 September 2013

Opat Koléksi Museum Nasional Leungit



Museum Nasional kaleungitan opat koléksina nu mangrupa artefak tina emas poé Rebo (11/9/2013) kira jam 09.00 isuk. Ngan, nu ngokolakeun Museum Nasional kakara ngalaporkeun kajadian ieu poé Kemis (12/9/2013)

Ka-opat artefak ieu disimpen di jero lamari kaca anu aya di rohang Kasana lantéy dua gedong heubeul museum panggedéna di Asia Wetankidul ieu. Artefak nu leungit téh ukuranana kawilang laleutik.

Numutkeun pihak Museum Nasional,  opat koléksi nu ilang téh mangrupa lémpéng emas timuan abad ka-19 ku Walanda. Sakabéhna mangrupa titinggal Karajaan Mataram Kuna dina abad ka-10 Masehi.

Sabtu, 25 Mei 2013

Aya Fosil Cangkang Kerang di Gunung Sodong



Salian ti ayana guha-guha nu ukuranana laleutik, di wilayah karst Gunung Sodong nu aya di Kampung Parungsinga, Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor, ogé osok kapanggih fosil-fosil cangkang kerang. Fosil kerang ieu biasana némpél dina batu-batu karang (gamping).

Ayana fosil cangkang kerang atawa haremis laut ieu nuduhkeun yén wilayah karst Gunung Sodong téh baheulana mangrupa laut anu déét.

Jumat, 26 April 2013

Guha di Gunung Sodong Urut Padumukan Zaman Buhun?



Tim Panalungtik Gunung Sodong nu digawé ti tanggal 5/4/13 tepi ka 14/4/13, henteu wungkul ngan ngalakukeun ékskavasi arkéologi, tapi ogé survéy ka sabudeureun kawasan Gunung Sodong nu tacan kasorang nalika survéy taun kamari.

Dumasar informasi ti masarakat nu nyebutkeun réa guha-guha di lingkungan Gunung Sodong, Tim Panalungtik salila tilu poé coba ngajugjug ka tempat-tempat nu dimaksud. Tangtuna wae sabari dibaturan ku warga lokal.

Rabu, 24 April 2013

Serut Batu jeung Obsidian di Puncak Gunung Sodong



Dina poé Ahad (7/4/13) Tim Panalungtik Gunung Sodong nu dibentuk ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) Kabupatén Bogor mutuskeun nyieun kotak kali ékskavasi di puncak Gunung Sodong.  Hal ieu dumasar hasil survéy taun kamari anu nunjukkeun yén di tempat ieu pisan kapanggih sababaraha alat serpih tina batu.

Dua kotak ékskavasi ukuran 2 X 2 méter disiapkeun. Antara kotak ka-hiji jeung kotak ka-dua anggangna 18 méter.  Unggal kotak kali dipigawé saeutikna ku opat urang anu miboga pancén séwang-séwangan. Aya nu tugasna jadi tukang kali, aya nu jadi juru gambar, juru foto, jeung nu nalingakeun barang timuan.

Sabtu, 13 April 2013

Tim Arkéolog Talungtik Gunung Sodong Leuwiliang



Mimiti poé Jum’ah (5/4) Tim arkéolog nu dibentuk ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor bakal nalungtik Gunung Sodong di Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor.  Tim ieu baris digawé nepi ka poé Ahad (14/4).
      
Tim Arkéolog ieu mangrupa gabungan ti sawatara instansi di antarana: Jurusan Arkeologi FIB Universitas Indonésia (8 urang) nu dipingpin ku Dr. Cécép Éka Permana; Dr. Johan Arif, géolog ti ITB; Anton Ferdianto ti Balai Arkéologi Bandung; Héndra M Astari ti Riksa Sunda Institute Bogor; Indri, arkéolog Disbudpar Kabupatén Bogor; sarta ti Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala (BP3) Sérang (2 urang).
     
 Rencanana tim panalungtik baris ngalakukeun ékskavasi di dua atawa tilu lokasi di sabudeureun Gunung Sodong. 

Jumat, 20 Juli 2012

Aya Taman Sri Bagénda di Pasir Eurih

"Taman Sri Bagenda" kitu sebutan urang lembur Jambé Kiuna (JAMKIN), Kampung Sindangbarang nu ka asup wilayah Désa Pasir Eurih Kecamatan Tamansari, pikeun hiji kulah/balong nu ukuranana kurang leuwih 45m x 15m. Balong nu caina semu heju ku lukut jeung laukna baradag, sagédé gédébitis kolot iyeu, salwasna mah teu pernah saat, najan sisi-sisina ngan saukur dibénténg ku batu batu alam nu disusun rapih, ogé ku ayana sumber cai Jalatunda nu ngamalir ka diyeu, nu saterusna mah ngocor ka Cipamali.
Sapintas mah teu aya nu anéh ti kulah Taman Sri Bagénda ieu, tapi lamun ditilik leuwih anteb bakal katémbong aya hal-hal nu matak ngahudang rasa panasaran. Susunan batu nu ditata rapih diunggal sisi kulah ieu ngajadikeun cai dina kulah teh ngarembes ka luar, padahal taneuh nu aya beh kaléreun balong mah leuwih handap. Kitu ogé jalan cai ti mimiti sumur Jalatunda tepi ka balong, jigana mah lain jijieunan jalma ayeuna, "nuansa baheulana karasa pisan.
Tapi teu bireuk deui, nu ngajadikeun kulah ieu nyieun kapanasaran téh nyaéta ku ngaranna nu ahéng. Taman Sri Bagénda, katut tangtu waé, sumur Jalatunda jeung walungan cipamali. Hal-hal éta nu ngabalukarkeun ieu tempat jadi pangjugjugan para panalungtik sajarah, boh ku para volunteer nu masih amatiran, ogé ku panalungtik ti instansi pamaréntah, saperti ti pusat Penelitian Arkéologi Nasional Jakarta, Jurusan Arkeologi Universitas Indonesia, jeung teu katinggaleun oge ti Balai Arkéologi Bandung.

Senin, 02 Juli 2012

Rancamaya atawa Rancagadung


 Kecap Rancamaya kapanggih dina sababaraha sumber diantarana : Carita Parahiyangan, Pustaka,  Rayarajya i bhumi nusantara, Deugdeug Pati Jaya Perang, jeung Rajah Waruga Pakuan.
Dina Carita Parahiyangan bagian XIX unina: "ndah nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan inya Sang Susuktunggal nu munarna Pakuan reujeung Sanghiyang Haluwési nu nyaeuran Sanghyang Rancamaya. Mijilna ti Sanghiyang Rancamaya: Ngaran kula ta Sang Udugbasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang Banaspati".
Saterusna dina bagian XX disebutkrun: "disilihan ku prebu nalendraputra premana, inya sang Ratu Jayadéwata, sang mwa(k)taring Rancamaya, lawasniya ratu telu puluh salapan taun".
Dina bagian XIX nu disebutkeun di luhur kacaritakeun yen Rancamaya téh disaeuran atawa diurug ku Sanghiyang Haluwési adina Susuktunggal alatan dina talaga éta aya dedemit (banaspati) nu ngarana Udugbasu. Pulunggana jeung Suragana; saterusna dina bagian XX disebutkeun Rancamaya téh tempat dipusarakeunana Ratu Jayadéwata (Sri baduga Maharaja).
Dina Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara kacaritakeun waktu di karaton Cirebon diayakeun gotrasawala ngeunaan sajarah Nusantara, kasebut aya mahakawi utusan ti Rancamaya. Ku disebut sebutna Rancamaya dina sumber sumber heubeul, saheunteuna ngaran tempat eta boga ajén nu penting dina sajarah di tatar Pasundan hususna sajarah karajaan Pajajaran.

Jumat, 29 Juni 2012

Babalayan di Gunung Batu

 
Di wilayah Bogor méh teu kaitung patilasan-patilasan karuhun urang nu maké kecap 'batu'.  Contona baé Batu Karaton di Ciburial Tugu Utara, Batu Kembar di Cikereteg Caringin, Batu Layang jeung Batu Kasur di Cisarua, Batu Karut jeung Batu Korsi di Sindangbarang Pasir Eurih, jeung réa-réa deui.  Patilasan-patilasan tadi mangrupa hiji batu nu gedé (monolit).
            Aya deui batu-batu nu disusun mangrupa bénténg atawa kuta, saperti Kuta Gegelang di Gunung Bunder, Jero Kuta di Batu Tulis.  Ogé aya nu mangrupa bénténg-bénténg atawa téras batu pikeun nahan galengan, saperti nu kapanggih di Kota Batu jeung Sindangbarang.
            Lian ti éta, aya wangunan-wangunan batu anu disusun atawa dibalay undak-undakan nepi ka siga gugunungan, di tengahna biasana aya tangga nepi ka undakan pangluhurna, sarta biasana di dinya sok aya ménhir atawa batu tangtung.  Wangunan batu modél kitu téh ilaharna disebut pundén, wangunan batu berundak, atawa téras berundak.  Contona baé Arca Domas di Pasir Muncang (baheula mah Cikopo Selatan), Léngkob di Tapos, Pasir Karamat di Calobak, Pasir Manggis (Ténjolaya), jeung sababaraha deui nu aya di kompléks Cibalay (Tenjolaya).
            Nurutkeun R.von Heine-Geldem (1926) tradisi nyieun bénténg-bénténg batu, batu tangtung (ménhir), ogé pundén kaasup tradisi Mégalitik Tua, nu mimiti gelar kira-kira 2500-1500 taun SM.  Satuluyna Mégalitik Tua téh ku manéhna diasupkeun kana masa atawa jaman Néolitikum Awal (jaman Batu Baru).
            Urang bisa niténan patilasan-patilasan anu aya di wewengkon Bogor dina buku R.D.M. Verbeek (1891) nu judulna Lijst voor voornaamste overblijfselen uit den hindoutijd op Java.  Lian ti éta ogé dina laporan Oudheidkundigen Dienst (Dinas Kapurbakalaan) nu diterbitkeun dina taun 1914 nu disusun ku N.J. Krom.

Kamis, 09 Februari 2012

Napaktilas : Lawanggintung - Layungsari

Minggu, 05 Februari 2012

Kariaan Cap Go Méh Siap Digelar di Bogor


Acara kariaan Cap Go Méh di Kota Bogor baris lumangsung poé Senén (6/2/2012) dipuseurkeun di Kelenténg Hok Ték Bio atawa Vihara Danagun Jalan Surya Kencana Nomor 1, Kelurahan Babakan Pasar, Kecamatan Bogor Tengah, Kota Bogor.
      Rencanana acara ieu baris dihadiran ku Gupernur Jawa Barat Ahmad Héryawan katut Walikota Bogor Diani Budiarto.