Friday 26 April 2013

Guha di Gunung Sodong Urut Padumukan Zaman Buhun?



Tim Panalungtik Gunung Sodong nu digawé ti tanggal 5/4/13 tepi ka 14/4/13, henteu wungkul ngan ngalakukeun ékskavasi arkéologi, tapi ogé survéy ka sabudeureun kawasan Gunung Sodong nu tacan kasorang nalika survéy taun kamari.

Dumasar informasi ti masarakat nu nyebutkeun réa guha-guha di lingkungan Gunung Sodong, Tim Panalungtik salila tilu poé coba ngajugjug ka tempat-tempat nu dimaksud. Tangtuna wae sabari dibaturan ku warga lokal.


Kecap ‘sodong’ sorangan numutkeun Héndra M Astari, panalungtik ti Riksa Sunda Institute nu ogé kagabung salaku salasaurang anggota Tim Ékskavasi Gunung Sodong, miboga harti guha atawa gorowong nu aya di gawir gunung atawa lamping sisi walungan. Lamun di Gunung Sodong ieu loba guha, hal ieu saluyu pisan jeung toponimi nu nelah ka ieu patempatan.

Informasi ti penduduk ieu mémang kabuktian ku Tim Panalungtik. Kusabab geus dipariksa sababaraha guha di kawasan Gunung Sodong ieu, saperti nu aya di gawir-gawir karst (gunung karang) di belah kulon nu loba diparaké ku manuk walét jeung kapinis keur nyarieun sayangna.

Kitu ogé di kawasan Cadas Gantung di belah kalér Gunung Sodong anu tempatna padeukeut jeung kampung Parungsinga, aya hiji guha leutik di lamping nu tarahal nu lawang asupna ukuran 100 X 60 Cm sarta jerona ogé ngan saméter.

Di bagian karst (gunung kapur) nu liandi belah kulon-kalér nu katelah ku urang dinya ku sebutan Kandang Bagong, ogé sumebar guha-guha laleutik di sababaraha tempat. Nilik kana ngaran tempatna, gedé kamungkinan guha-guha ieu kungsi dicicingan ku sato leuweung saperti babi liar nu hirup di sabudeureun Gunung Sodong.

Guha di kawasan Gunung Sodong ngajadi ku sabab ayana érosi ku cai kana batu-batu karst (batu karang/kapur) anu prosésna lalaunan pisan bisa mangabad-abad. Batu karang nu leuwih hipu tinimbang batu andesit bakal leuwih gampang kagerus ku cai. Pangliwatan cai dina babatuan ieu nu lila-kalilaan ngajadi liang atawa guha.

Kaayaan guha-guha di lingkungan Gunung Sodong sacara umum lawang asup jeung rohanganana kaitung sempit. Dadasar guha gé salawasna beueus atawa rada baseuh sarta kurang cahya matapoé. Ningali hal ieu, Anton Ferdianto, panalungtik ti Balai Arkéologi Bandung miboga dugaan, guha-guha ieu leutik kamungkinan pernah digunakeun jadi padumukan ku manusa zaman buhun.  

“Lamun seug kungsi aya aktivitas manusa di dieu, paling ogé ngan samentara waktu. Upamana jadi tempat reureuh atawa tempat keur ngiuhan,” tambah Anton. Inyana ogé teu manggihan pituduh ayana aktivitas zaman buhun di dadasar guha bagian jerona. 

Mémang can kabéh guha nu aya di Gunung Sodong kaider ku tim survéy, ngan lamun nilik kana hasil panalungtikan nu geus dilakukeun di guha-guha nu aya di wilayah ieu, can kapanggih ayana urut kagiatan budaya mangsa buhun, tegesna zaman néolitik nu luyu jeung pakakas nu katimu dina prosés ékskavasi. (HD)

No comments:

Post a Comment