Saturday 14 September 2013

Opat Koléksi Museum Nasional Leungit



Museum Nasional kaleungitan opat koléksina nu mangrupa artefak tina emas poé Rebo (11/9/2013) kira jam 09.00 isuk. Ngan, nu ngokolakeun Museum Nasional kakara ngalaporkeun kajadian ieu poé Kemis (12/9/2013)

Ka-opat artefak ieu disimpen di jero lamari kaca anu aya di rohang Kasana lantéy dua gedong heubeul museum panggedéna di Asia Wetankidul ieu. Artefak nu leungit téh ukuranana kawilang laleutik.

Numutkeun pihak Museum Nasional,  opat koléksi nu ilang téh mangrupa lémpéng emas timuan abad ka-19 ku Walanda. Sakabéhna mangrupa titinggal Karajaan Mataram Kuna dina abad ka-10 Masehi.
Ayeuna kajadian ieu keur diusut ku pihak kapulisian.

Opat artefak nu lengit téh, nyaéta:

1. Lémpéng Naga Emas, mangrupa titinggal ti Karajaan Mataram Kuna dina abad ka-10 Maséhi. Kapanggihna di Jalatunda, Mojokerto, Jawa Timur. Artefak ieu bentukna oray naga nu posisi awakna keur ngalingkung, Samentara sirahna mamaké makuta. Artefak ieu panjangna 5,6 séntiméter jeung lébarna 5 séntiméter, dijieun tina lémpéng emas nu ipis.

2. Lémpéng Bulan Sapasi, kapanggih di pamandian Jalatunda, Mojokerto, Jawa Timur, mangrupa titinggal Karajaan Mataram Kuna abad ka-10 Maséhi. Artefak nu miboga panjang 8 séntiméter jeung lebar 5,5 séntiméter ieu bentukna saperti bulan sapasi tina bahan emas. Di ka-dua tungtung barang ieu aya opat siki segitilu nu maréncos tur ngajajar. Jajaran segitu ieu katémbong saperti cacakar.

3. Cupu Emas, barang titinggal Karajaan Mataram Kuna ahir abad ka-10 Masehi ieu katimu di pamandian Jalatunda, Mojokerto, Jawa Timur.  Artefak nu ukuran diaméterna 6,5 séntiméter jeung jangkungna ngan 6,5 séntiméter ieu bentukna siga wadah nu miboga tutup sarta euweuh cecekelanana.  Tutupna buleud sarta aya cecekelanan nu ogé buleud saperti stupa.

4.  Lémpéng Harihara, barang nu panjangna 10,5 séntiméter jeung lebar 3,5 séntiméter ieu dijieun tina emas jeung pérak. Tacan katangtuan banda ieu téh titinggal ti zaman naon. Kapanggih di Belahan, Pananggungan, Jawa Timur.  Gambar dina lémpéng ieu mangrupa arca Harihara nu nangtung di luhureun dua taraté. Rambut arca téh jucung ka luhur ditalian ku hiasan rambut nu ngarupa kembang keur mekar. Dua leungeunna aya di hareupeun beuteungna.  Simbul déwana aya di satukangeun sirah nu bentukna lonjong jeung aya hiasan nu mangrupa létah seuneu. (Ti sawatara sumber)

No comments:

Post a Comment