Wednesday 24 April 2013

Serut Batu jeung Obsidian di Puncak Gunung Sodong



Dina poé Ahad (7/4/13) Tim Panalungtik Gunung Sodong nu dibentuk ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) Kabupatén Bogor mutuskeun nyieun kotak kali ékskavasi di puncak Gunung Sodong.  Hal ieu dumasar hasil survéy taun kamari anu nunjukkeun yén di tempat ieu pisan kapanggih sababaraha alat serpih tina batu.

Dua kotak ékskavasi ukuran 2 X 2 méter disiapkeun. Antara kotak ka-hiji jeung kotak ka-dua anggangna 18 méter.  Unggal kotak kali dipigawé saeutikna ku opat urang anu miboga pancén séwang-séwangan. Aya nu tugasna jadi tukang kali, aya nu jadi juru gambar, juru foto, jeung nu nalingakeun barang timuan.


Dua poé jeput waktu nu dibutuhkeun ku tim panalungtik pikeun nutaskeun prosés ékskavasi ieu. Jerona taneuh nu dikali di unggal kotakna ngan ukur nepi ka 60 Cm tina beungeut taneuh. Dieureunan tepi ka 60 Cm kusabab lapisan taneuhna geus stéril, geus teu kapanggih deui barang timuanana.

Tina ékskavasi di puncak Gunung Sodong ieu katimu sababaraha barang, di antarana: serpih nu mangrupa serut batu tina bahan andésit, beubeulahan (fragmén) batu tufa, jeung beubeulahan batu obsidian, ogé tatal (beubeulahan laleutik) tina batu andésit.

Kapanggihna serut batu dina panalungtikan ieu mingkin negeskeun dugaan ayana aktivitas manusa zaman buhun di puncak Gunung Sodong. Hal ieu saluyu jeung hasil panalungtikan saméméhna nu dilakukeun sataun kaliwat. Harita di sabudeureun puncakna Gunung Sodong katimu opat serut batu jeung hiji baliung pasasgi nu diasah.

Numutkeun Anton Ferdianto, panalungtik Balai Arkéologi (Balar) Bandung nu tabah kana rupaning mikrolit (babatuan laleutik titinggal zaman buhun), serut batu nu kapanggih di Gunung Sodong ieu mangrupa batu alat digawé manusa zaman néolitik.

Serut batu nu ukuranana teu leuwih ti 5 Cm ieu bisa dipaké keur nyését kulit kayu atawa nyését kulit sato nu rék diala dagingna, bisa ogé paranti nyieun pakakas nu tungtungna seukeut, tina kayu atawa awi saperti tumbak, upamana keur moro binatang.

Lian ti serut batu, kapanggih oge beubeulahan laleutik tina batu obsidian. Ilaharna, obsidian ayana di tempat-tempat anu leuwih handap, da batu ieu mah mangrupa hasil tina bituna gunung seuneu. Katimuna obsidian di puncak Gunung Sodong, numutkeun Dr. Johan Arif, geolog ti ITB Bandung,gedé kamungkinan batu ieu dibawa ti daérah lebak ka puncak gunung ku manusa baheula.

Hanjakalna, batu obsidian nu kapanggih téh ngan ukur beubeulahan nu ukuranana lalaeutik, lain mangrupa dina wangun anu maneuh, saperti alat digawé zaman heubeul. “Mungkin baé tadina mah ngarupa kénéh, ngan kusabab aya aktivitas zaman ka béhdieunakeun saperti kagiatan ngolah taneuh keur perkebunan di éra kolonial, ahirna batu-batu ieu alancur jadi laleutik,” terang Johan.

Ngeunaan kronologi waktuna nu pasti mémang can bisa ditangtukeun, sabab kudu ngaliwatan prosés balitungan isotop C-14 tina areng nu kapanggih nalika ékskavasi. Kabeneran dina ékskavasi harita, kapanggih ogé sésa areng atawa bagian taneuh anu diduga ngakandung areng. (HMA)

No comments:

Post a Comment