Sunday 26 February 2023

Lili Hambali Ngaékspor Barongsay ka Mancanagara

 


Mimitina mah Lili Hambali téh pamaén barongsay nu sok tandang di lingkungan klenténg Hok Ték Bio Kota Bogor. Kusabab sering kajadian aya bagian tina barongsayna anu ruksak atawa leupas nalika dipaké, tah ku manéhna pisan dicoba dioméanana jeung hasilna gé nyugemakeun.

Sanggeus ngarasa mahir ngaréparasi barongsay anu ruksak, ti taun 2000 Lili mimiti narima orderan keur nyieun barongsay  Harita mah béngkél nu nyieun barongsay téh masih kaitung langka, lain waé di Bogor, tapi di kota-kota anu miboga kawasan pecinan gé jarang pisan. Salian ti nyieunan barongsay (singa), tangtu waé di béngkélna ogé nyieunan liong (naga).

Awalna mah nu mesen barongsay téh ti sabudeureun Bogor wungkul, utamana ti paguron silat aliran Tiongkok saperti wushu jeung kungfu, lila-kalilaan mah réa oge nu mesen barongsay ti luar Bogor. Komo sanggeus atraksi barongsay diaku salaku cabang olahraga ku KONI sarta ngadegna Féderasi Olahraga Barongsai Indonésia salaku organisasi nu mayungan olahraga barongsay di Indonésia taun 2009.

Ayeuna mah lain waé ti sakuliah Indonésia nu mesen barongsay ti béngkélna lalaki asli urang Bogor ieu, tapina ti mancanagara gé tos réa. Lili kungsi ngaékspor barongsay ka sababaraha nagara Éropah, malah kakara dua bulan ka tukang, manéhna ngirim barongsay ka nagara Austria.

Lili ogé kungsi ngirim barongsay sarta pamaénna ka nagara Arab Saudi. Singhoréng Arab Saudi gé bisa narima atraksi barongsay ieu. Lili nerangkeun, kusabab barongsay ieu kaasup atraksi kanuragan atawa olahraga. “Nu penting euweuh unsur musryikna,” tegesna téh.

“Ngan anu sok mindeng kajadian dina prosés ngaékspor barongsay ieu téh, nyaéta ongkos jasa ékspédisina leuwih mahal tinimbang harga barongsayna sorangan. Komo keur mimiti ngirim ka luar negeri mah, da can pati apal téa, jadi wé maké ékspédisi nu sok aya iklanna di tipi harita, hasilna ongkosna tilu tikel ti harga barangna!” Lili ngécéskeun.

Bahan-bahan keur nyieun barongsay ieu, sawaréhna mah tos aya di pasaran lokal, tapi sawaréhna deui masih diimpor ti luar negeri. Anu masih diimpor téh utamana mah bulu-bulu keur nutup saluareun awak barongsay. Bulu-bulu ieu diimpor ti Tiongkok langsung. Buluna téh asalna tina binatang biri-biri ti Tiongkok kalér anu ngawates jeung nagara Mongolia. Bulu biri-biri ieu diimpor dina kaayaan geus diwarnaan, sabab kungsi dicoba diwarnaan di dieu tapi hasilna teu bagus.

Béngkélna sorangan ayana di buruan imahna di Gang Ambun Jalan Roda, Rt 3/3 Kelurahan Babakan Pasar, Kecamatan Bogor Tengah, Kota Bogor. Mun leumpang suku mah ti Pasar Bogor ka Béngkél Barongsay paling ogé ngan lima menitan,

Loba nu nyangka Lili Hambali téh katurunan Tionghoa, da cicingna gé di Kawasan Pecinan. Anu sabenerna mah manéhna téh urang Sunda asli anu turun-tumurun dumuk di wewengkon anu baheula disebut Kampung Bogor téa. Tangtu waé Lili gé ngagem agama Islam, malah kakara dua Ahad kamari, inyana nyundatan putrana.

Lili jeung barongsayna lain waé muka lapangan pagawéan keur dulur-dulurna atawa tatanggana, leuwih ti kitu manéhna gé ngahirupkeun kagiatan ékonomi anu leuwih lega ku jalan ngaéksporna ka mancanagara. Sakaligus tetep milu ngajaga karukunan jeung kaharmonisan kahirupan nu salawasna nyampak di Kawasan Pecinan Kota Bogor. (HMA)

No comments:

Post a Comment