Friday 27 September 2013

Marelak Awi dina Poé Awi Sadunya



Sigana loba jalma tacan nyaraho 18 Séptémber geus ditetepkeun ku Organisasi Awi Sa-dunya (World Bamboo Organization WBO) minangka poé awi sadunya.  Maksud ditetepkeunana hal ieu sangkan bisa ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan di sakuliah dunya.

Di tingkat nasional, kampanyeu pentingna awi sakaligus miéling poé awi sadunya sabenerna geus dilakukeun pamaréntah, dina hal ieu kamentrian lingkungan hidup (KLH) ti sataun ka tukang. Harita pamaréntah baris ngembangkeun poténsi leuweung awi salaku tangkal anu bisa ngajaga ékosistim jeung konsérvasi sumber cai baku di sakuliah Indonésia.


Salila ieu, kakara Provinsi Bali anu ngagarap sarta ngembangkeun leuweung awi kalawan enya-enya. Tempatna di Gianyar, Bali aya leuweung awi anu legana 500 héktar anu dikokolakeun ku pamaréntah satempat dihususkeun pikeun konsérvasi sumber cai.

Sagédéngeun miboga niléy ekologis jeung mangpaat konsérvasi cai, awi ogé miboga niléy ékonomi nu kacida gedéna. Ku kituna Pihak KLH nyarankeun ka pihak provinsi sangkan ngalaksanakeun program ieu kalayan daria.

Ngan sigana, kampanyeu pamaréntah pakait pentingna awi keur kahirupan, ogé ngeunaan poé awi sadunya can nepi ka masarakat di tingkat handap.  Kitu ogé kagiatan nu pakait jeung miéling poé awi sadunya sepi diwartakeun ku média. Padahal aya sababaraha élémén masarakat nu henteu waé ngan saukur miéling poé awi ieu, tapina sakaligus ogé ngayakeun kagiatan nyata melak bibit awi di sabudeureun lingkunganana.

Dina poé Ahad (22/9/13) sahenteuna aya dua tempat di wilayah Bogor anu ngalaksanakeun kagiatan melak bibit awi masal pakait miéling poé awi sadunya.  Anu ka-hiji di Désa Ciomas Rahayu, Kecamatan Ciomas jeung nu ka-dua di Kampung Budaya Sindangbarang (KBS), Désa Pasir Eurih, Kecamatan Tamansari. Duanana aya di wilayah Kabupatén Bogor.

Kagiatan melak awi di Désa Ciomas Rahayu dikokojoan ku Kampoeng Belajar, hiji lembaga swadaya masarakat nu paduli kana atikan masarakat di luar sakola. Dina kagiatan ieu Kampoeng Belajar gawé bareng jeung Komunitas Bambu Nusantara sarta Banten Creatif Community (BCC).  Katémbong warga, ti budak nepi ka kolot, gotongroyong marelak awi nu bibitna geus disadiakeun ku Pihak BCC.


Dina kasempetan ieu Dédén Wibawa, pupuhu Kampoeng Belajar ngajéntrékeun, maksud kagiatan ieu sangkan bisa mucunghulkeun kasadaran masarakat kana pentingna kagunaan awi nu dipelak.  “Ku sabab awi miboga loba mangpaat, boh keur konsérvasi, nyumponan kaperluan keur sandang, pangan, jeung paimahan, ogé miboga kagunaan keur kaséhatan.  Cindekna awi téh miboga niléy ékonomi nu hadé,” teges Dédén.

Samentara di KBS, satutasna acara melak awi babarengan di sabudeureun KBS, warga ogé diajak miluan acara diskusi ngeunaan pentingna awi keur kahirupan.  Acara diskusi nu tempatna di Balé Pangriungan KBS ieu, dihadiran ku pupuhu KBS Maki Sumawijaya, para aktivis lingkungan, jeung warga satempat. Salaku narasumber dina acara diskusi ieu, nyaéta Kang Muqodas ti BCC.  (HMA)
 

No comments:

Post a Comment