Saturday 13 April 2013

Tim Arkéolog Talungtik Gunung Sodong Leuwiliang



Mimiti poé Jum’ah (5/4) Tim arkéolog nu dibentuk ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor bakal nalungtik Gunung Sodong di Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor.  Tim ieu baris digawé nepi ka poé Ahad (14/4).
      
Tim Arkéolog ieu mangrupa gabungan ti sawatara instansi di antarana: Jurusan Arkeologi FIB Universitas Indonésia (8 urang) nu dipingpin ku Dr. Cécép Éka Permana; Dr. Johan Arif, géolog ti ITB; Anton Ferdianto ti Balai Arkéologi Bandung; Héndra M Astari ti Riksa Sunda Institute Bogor; Indri, arkéolog Disbudpar Kabupatén Bogor; sarta ti Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala (BP3) Sérang (2 urang).
     
 Rencanana tim panalungtik baris ngalakukeun ékskavasi di dua atawa tilu lokasi di sabudeureun Gunung Sodong. 
Ogé ngalakukeun survey permukaan di sawatara tempat nu miboga pituduh awal ayana kagiatan jalma mangsa baheula, kaasup bakal naliti kaayaan guha-guha nu aya di dinya.
    
 Tim panalungtik digawé dumasar laporan ti Tim Survéy Lapangan nu dibentuk ku Disbudpar Kabupatén Bogor bulan Agustus taun 2012. Harita, Tim Survéy dieusi ku panalungtik ti Balai Arkéologi Bandung, BP3 Sérang, jeung Téknik Géologi ITB. (HD)

No comments:

Post a Comment