"Taman Sri
Bagenda" kitu sebutan urang lembur Jambé Kiuna (JAMKIN), Kampung
Sindangbarang nu ka asup wilayah Désa Pasir Eurih Kecamatan Tamansari, pikeun
hiji kulah/balong nu ukuranana kurang leuwih 45m x 15m. Balong nu caina semu
heju ku lukut jeung laukna baradag, sagédé gédébitis kolot iyeu, salwasna mah
teu pernah saat, najan sisi-sisina ngan saukur dibénténg ku batu batu alam nu
disusun rapih, ogé ku ayana sumber cai Jalatunda nu ngamalir ka diyeu, nu
saterusna mah ngocor ka Cipamali.
Sapintas mah teu aya nu anéh
ti kulah Taman Sri Bagénda ieu, tapi lamun ditilik leuwih anteb bakal katémbong
aya hal-hal nu matak ngahudang rasa panasaran. Susunan batu nu ditata rapih
diunggal sisi kulah ieu ngajadikeun cai dina kulah teh ngarembes ka luar,
padahal taneuh nu aya beh kaléreun balong mah leuwih handap. Kitu ogé jalan cai
ti mimiti sumur Jalatunda tepi ka balong, jigana mah lain jijieunan jalma
ayeuna, "nuansa baheulana karasa pisan.
Tapi teu bireuk deui, nu
ngajadikeun kulah ieu nyieun kapanasaran téh nyaéta ku ngaranna nu ahéng. Taman
Sri Bagénda, katut tangtu waé, sumur Jalatunda jeung walungan cipamali. Hal-hal
éta nu ngabalukarkeun ieu tempat jadi pangjugjugan para panalungtik sajarah,
boh ku para volunteer nu masih amatiran, ogé ku panalungtik ti instansi
pamaréntah, saperti ti pusat Penelitian Arkéologi Nasional Jakarta, Jurusan
Arkeologi Universitas Indonesia, jeung teu katinggaleun oge ti Balai Arkéologi
Bandung.
Kampung Sindangbarang, ceuk
kolot baheula mah disebutna Lembur Taman. Kitu ogé kecamatanana dingaranan
Tamansari, lamun direndengkeun jeung Taman Sri Bagénda, satiluna tempat ieu
ngakandung kecap taman. Moal kitu baheulana di tempat ieu aya taman? Agus Aris
Munandar, Doktor Arkéologi ti Universitas Indonesia, méré hipotésis ngeunaan
hal ieu. Anjeuna nerangkeun yén bisa jadi baheulana di palebah dieu teh memang
aya taman, pikeun nambahan endahna ieu taman sok di papaésan ku ayana kulah.
Tah! Kulah nu ayeuna nyampak keneh nu katelahna Taman Sri Bagénda téh kamungkinan mah titinggal ti
taman nu baheula kungsi aya. (pdf)
Hendra M Astari
Redaksi Majalah Balebat
Pupuhu Komunitas Napaktilas Peninggalan Budaya
Salengkepna tiasa di unduh majalah balebat versi pdf na di diyeu
No comments:
Post a Comment