Kecap
Rancamaya kapanggih dina sababaraha sumber diantarana : Carita Parahiyangan,
Pustaka, Rayarajya i bhumi nusantara,
Deugdeug Pati Jaya Perang, jeung Rajah Waruga Pakuan.
Dina
Carita Parahiyangan bagian XIX unina: "ndah nihan tembey Sang Resi Guru
miseuweukeun Sang Haliwungan inya Sang Susuktunggal nu munarna Pakuan reujeung
Sanghiyang Haluwési nu nyaeuran Sanghyang Rancamaya. Mijilna ti Sanghiyang
Rancamaya: Ngaran kula ta Sang Udugbasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu
hiyang Banaspati".
Saterusna
dina bagian XX disebutkrun: "disilihan ku prebu nalendraputra premana,
inya sang Ratu Jayadéwata, sang mwa(k)taring Rancamaya, lawasniya ratu telu
puluh salapan taun".
Dina
bagian XIX nu disebutkeun di luhur kacaritakeun yen Rancamaya téh disaeuran
atawa diurug ku Sanghiyang Haluwési adina Susuktunggal alatan dina talaga éta
aya dedemit (banaspati) nu ngarana Udugbasu. Pulunggana jeung Suragana;
saterusna dina bagian XX disebutkeun Rancamaya téh tempat dipusarakeunana Ratu Jayadéwata
(Sri baduga Maharaja).
Dina
Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara kacaritakeun waktu di karaton Cirebon diayakeun
gotrasawala ngeunaan sajarah Nusantara, kasebut aya mahakawi utusan ti
Rancamaya. Ku disebut sebutna Rancamaya dina sumber sumber heubeul, saheunteuna
ngaran tempat eta boga ajén nu penting dina sajarah di tatar Pasundan hususna
sajarah karajaan Pajajaran.
Diurugna
Rancamaya ku Haluwési (adina Susuktunggal) alatan di dinya aya Banaspati
(dedemit) atawa jurig cai) nu sok menta nyawa manusa utamana nonoman. Dina
pantun Bogor
lalakon "Disaeurna Talaga Rancah Maya" kacaritakeun. di tengah ranca
th aya karaton nu ngaran rajana Resi Niskala Nyura Maya. Para
ponggawa jeung rahayatna matak pikasieuneun malah sataun sakali sok ménta
sapasang rumaha (sekar manah) keur pimatarameun (wadal). Sangkan bisa ngarurug
éta karaton, ranca téh ti sisi ka tengahna diurug.
Sigana
baé anu disebut Ratu Hyang Banaspati di Carita Parahyangan teh nyaeta Resi
Niskala Nyura Maya. Dedemit lainna nyaéta Udugbasu, Pulunggana, jeung
Suranggana nu kasebut dina Carita Parahyangan sabenerna tokoh- tokoh anu aya
dina mitologi wal ayana tatanén, hususna melak paré nu aya dina carita
Sulanjana. Ari tokok utamana mah nyaéta Nyi Pohaci Sanghyang Sri. Dina éta
carita Udugbasu mangrupa babai leuweung Pulunggana jeung Suranggana mangrupa
manuk piit. Tiluana gawéna ngaruksak paré. Jadi Sabenerna tilu tokoh tadi
mangrupa tokok nu di injeum ka panyusun carita Parahyangan.
Rancamaya
teh hiji talaga pikeun kalangenan kulawarga karajaan. Hiji tempat nu dianggap
penting minangka atribut atawa kalengkepan karajaan, nepi dibere gelar
kahormatan Sanghiyang. Nya di dinya raja katut kulawargana lalayaran bari sukan-sukan. Alatan
diurug mah sigana bae loba nu cilaka waktu lalayaran katurug turug talaga téh
jero. Diurugna talaga ku Haluwési kajadianana pastina ogé dina jaman
Susuktunggal jadi raja (1382-1482 M), ngan taun sabarahana mah teu kapaluruh.
jadi, mangsa Sri Baduga Maharaja (1482-1521 M) jadi raja talaga téh geus saat.
Dina
prasasti Batutulis kasebut Sri Baduga nyieun Sanghiyang Talaga Rena Mahawijaya,
ngan hanjakal dimana lokasina heunteu disebutkeun. Ana kitu, naha Sanghiyang Rancamaya ni kasebut dina
Carita Parahiyangan teh sarua/idéntik jeung Sanghiyang Talaga Réna Mahawijaya?
naha Sri Baduga nyieun talaga séjén gaganti Sanghiyang Rancamaya nu geus di
urug alatan angker sarta eta talaga anyar teh tuluy dingaranan Sanghyang Talaga
Réna Mahawijaya?.
Di
Rancamaya oge aya hiji tempat nu disebut Bukit Badigul atawa Sanghyang Padungkulan
anu diduga tempat nu diwangun ku Sri Baduga nu disebut gugunungan dina prasasti
Batutulis. Bukit Badigul ieu minangka puseur tempat kagiatan kagaamaan di zaman
Pajajaran. Malah numutkeun Sales Danasasmita, di Bukit Badigul ieu diayakeun
upacara sradha pikeun nyampurnakeun jasad Sri Baduga. Lanjutan artikel Majalah Balebat edisi 14 (PDF)
Inotji Hajatullah
Pustakawan & Dosén
Paguron Luhur di di Bogor
Panasehat Majalah Sunda Balebat & Komunitas
Napaktilas Peninggalan Budaya
(Salengkepna tiasa di unduh majalah versi pdf di diyeu )
No comments:
Post a Comment