Showing posts with label SABILULUNGAN. Show all posts
Showing posts with label SABILULUNGAN. Show all posts

Sunday, 26 February 2023

Lili Hambali Ngaékspor Barongsay ka Mancanagara

 


Mimitina mah Lili Hambali téh pamaén barongsay nu sok tandang di lingkungan klenténg Hok Ték Bio Kota Bogor. Kusabab sering kajadian aya bagian tina barongsayna anu ruksak atawa leupas nalika dipaké, tah ku manéhna pisan dicoba dioméanana jeung hasilna gé nyugemakeun.

Sanggeus ngarasa mahir ngaréparasi barongsay anu ruksak, ti taun 2000 Lili mimiti narima orderan keur nyieun barongsay  Harita mah béngkél nu nyieun barongsay téh masih kaitung langka, lain waé di Bogor, tapi di kota-kota anu miboga kawasan pecinan gé jarang pisan. Salian ti nyieunan barongsay (singa), tangtu waé di béngkélna ogé nyieunan liong (naga).

Friday, 27 September 2013

Marelak Awi dina Poé Awi Sadunya



Sigana loba jalma tacan nyaraho 18 Séptémber geus ditetepkeun ku Organisasi Awi Sa-dunya (World Bamboo Organization WBO) minangka poé awi sadunya.  Maksud ditetepkeunana hal ieu sangkan bisa ningkatkeun kasadaran masarakat kana pentingna mangpaat awi keur kahirupan di sakuliah dunya.

Di tingkat nasional, kampanyeu pentingna awi sakaligus miéling poé awi sadunya sabenerna geus dilakukeun pamaréntah, dina hal ieu kamentrian lingkungan hidup (KLH) ti sataun ka tukang. Harita pamaréntah baris ngembangkeun poténsi leuweung awi salaku tangkal anu bisa ngajaga ékosistim jeung konsérvasi sumber cai baku di sakuliah Indonésia.

Saturday, 25 May 2013

Aya Fosil Cangkang Kerang di Gunung Sodong



Salian ti ayana guha-guha nu ukuranana laleutik, di wilayah karst Gunung Sodong nu aya di Kampung Parungsinga, Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor, ogé osok kapanggih fosil-fosil cangkang kerang. Fosil kerang ieu biasana némpél dina batu-batu karang (gamping).

Ayana fosil cangkang kerang atawa haremis laut ieu nuduhkeun yén wilayah karst Gunung Sodong téh baheulana mangrupa laut anu déét.

Friday, 26 April 2013

Guha di Gunung Sodong Urut Padumukan Zaman Buhun?



Tim Panalungtik Gunung Sodong nu digawé ti tanggal 5/4/13 tepi ka 14/4/13, henteu wungkul ngan ngalakukeun ékskavasi arkéologi, tapi ogé survéy ka sabudeureun kawasan Gunung Sodong nu tacan kasorang nalika survéy taun kamari.

Dumasar informasi ti masarakat nu nyebutkeun réa guha-guha di lingkungan Gunung Sodong, Tim Panalungtik salila tilu poé coba ngajugjug ka tempat-tempat nu dimaksud. Tangtuna wae sabari dibaturan ku warga lokal.

Wednesday, 24 April 2013

Serut Batu jeung Obsidian di Puncak Gunung Sodong



Dina poé Ahad (7/4/13) Tim Panalungtik Gunung Sodong nu dibentuk ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) Kabupatén Bogor mutuskeun nyieun kotak kali ékskavasi di puncak Gunung Sodong.  Hal ieu dumasar hasil survéy taun kamari anu nunjukkeun yén di tempat ieu pisan kapanggih sababaraha alat serpih tina batu.

Dua kotak ékskavasi ukuran 2 X 2 méter disiapkeun. Antara kotak ka-hiji jeung kotak ka-dua anggangna 18 méter.  Unggal kotak kali dipigawé saeutikna ku opat urang anu miboga pancén séwang-séwangan. Aya nu tugasna jadi tukang kali, aya nu jadi juru gambar, juru foto, jeung nu nalingakeun barang timuan.

Saturday, 13 April 2013

Tim Arkéolog Talungtik Gunung Sodong Leuwiliang



Mimiti poé Jum’ah (5/4) Tim arkéolog nu dibentuk ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor bakal nalungtik Gunung Sodong di Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor.  Tim ieu baris digawé nepi ka poé Ahad (14/4).
      
Tim Arkéolog ieu mangrupa gabungan ti sawatara instansi di antarana: Jurusan Arkeologi FIB Universitas Indonésia (8 urang) nu dipingpin ku Dr. Cécép Éka Permana; Dr. Johan Arif, géolog ti ITB; Anton Ferdianto ti Balai Arkéologi Bandung; Héndra M Astari ti Riksa Sunda Institute Bogor; Indri, arkéolog Disbudpar Kabupatén Bogor; sarta ti Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala (BP3) Sérang (2 urang).
     
 Rencanana tim panalungtik baris ngalakukeun ékskavasi di dua atawa tilu lokasi di sabudeureun Gunung Sodong. 

Tuesday, 31 January 2012

Kembang Jalu Mekar di KRB

Kembang jalu (Amorphophallus titanium Becc.,) atawa leuwih dikenal salaku kembang bangké kiwari keur meujeuhna mekar di Kebon Raya Bogor (KRB). Mekarna kembang anu jadi koléksi unggulan, sakaligus maskot KRB ieu masih bisa ditempo nepi ka sababaraha poé ka hareup.
      Kajadian mekarna kembang jalu ieu kawilang langka, sualna tangkal nu sarua baris kembangan deui dina mangsa opat taun ka hareup.
      Kembang bangké jenis kembang jalu ieu mangrupa tutuwuhan éndemik Pulo Sumatera. Munggaran diidéntifikasi ku Odoardo Beccari, saurang ahli Botani asal Italia dina taun 1878.

Tuesday, 2 November 2010

Nempo deui Gerakan Kasundaan

ku: Tantan Hérmansah

Salaku urang Sunda anu cicing di daérah wates antara Jawa Barat jeung Jakarta, miara kasundaan di lingkungan sorangan éstu lain pagawéan énténg-énténg. Anu pang katempona mah dina masalah basa. Miara basa di tempat di mana kalolobana jalma teu maké éta basa, éstu susah. Padahal sacara formal, di sakola-sakola anu aya di tatar Sunda, umumna basa Sunda tetep mangrupa salasahiji mata ajar anu diayakeun di sakola.
Mun ditalungtik ku naon gerakan-gerakan lokal saperti kasundaan, éstu kurang ajén, boh di tataran nasional atawa di lokal sorangan. Kasundaan atawa ampir kabéh gerakan anu sipatna lokal mémang nyanghareupan hahalang anu sarupa. Jadi lain di urang wungkul, tapi di dunya anu mana baé.

Friday, 3 September 2010

Cangkang Kupat ti Cimahpar

Sigana geus ilahar ari di urang mah, ogé di ampir sakuliah Indonésia, mun pas poéan lebaran atawa Idul Fitri téh kudu nyadiakeun kupat. Nepi ka lebaran téh idéntik jeung kupat. Keur sabagian urang mah ngarasa can lengkep mun pas poéan lebaran teu ngadahar kupat. Rarasaan téh aya nu kurang, asa hambar, siga sayur teu diuyahan.

Ku kituna, teu aneh mun pas ngadeukeutan poé lebaran, siga ayeuna, kabutuhan cangkang kupat karasa tambah undak.

Thursday, 2 September 2010

Lebaran atawa Lubaran?

Ku: DJASÉPUDIN

Urang palidkeun hayu, kapeurih ka laut asih
Meungpeung cangra nu hibar bulan purnama
Poé ieu ngagulidag caah cihampura
Sanggeus girimis bulan kamari nyerep ‘na aci bumi
Ku éndah rasa sumirat rahmat Mantenna


Saban taun urang Islam mayeng ngareuah-reuah dua kali poéan lebaran: nyaéta Lebaran Idul Fitri jeung Lebaran Idul Adha. Lebaran Haji  atawa Id Al-Qurban atawa Id Al-Adha atawa Id Al-Kabir hartina hari raya besar (lebaran gedé). Ari lebaran Idul Fitri atawa Id Al-Fitr atawa Id Al-Saghir hartina hari raya kecil (lebaran leutik). Tapi, di Indonésia mah kalahka lebaran leutik nu pangraména direuah-reuah téh.

Wednesday, 18 August 2010

Séntra Kebon Anggrék di Gunung Geulis

Sigana kawasan Gunung Geulis ka hareupna bakal leuwih “geulis” ku ayana séntra kebon anggrék anu diwangun ku Perhimpunan Anggrék Indonésia (PAI). Teu tanggung-tanggung, PAI nyieun kebon anggrék di Désa Gunung Geulis nu kaasup Kecamatan Sukaraja Kabupatén Bogor ieu salega 12 héktar.

Kebon anggrék Gunung Geulis ieu geus diresmikeun ku pupuhu PAI Mufidah Jusuf Kalla (5/8), jeung rencanana bakal jadi tempat keur ngabibitkeun sarta ngabotolkeun tangkal anggrék nepi ka gede.
Ari keur ngamekarkeun kembang anggrékna mah baris diadegkeun kebon husus, masih di Kecamatan Sukaraja kénéh nu legana sarua 12 héktar ogé.

Tuesday, 24 November 2009

Tilu Kasepuhan Ngariung Ngabahas "Perda"

Tilu kasepuhan adat Kabupatén Sukabumi, Jawa Barat, nyaéta kasepuhan Ciptagelar, Sirnaresmi sarta Ciptamulya ngagelar pasamoan kampung di Kasepuhan Ciptagelar (23/11), pikeun ngabahas aturan daerah (Perda) ngeunaan "perlindungan hak ulayat".

Pasamoan ieu dimaksudkeun pikeun ngabahas sikep warga kasepuhan nyanghareupan Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (TNGHS) anu mimiti ngalakukeun rupa-rupa hal nu teu meunang di pigawé ku masarakat.

Pupuhu Adat Kasepuhan Ciptagelar Abah Ugi nekadkeun siap nangtung bajuang bareng inohong adat pikeun ngajalankeun hak-hakna salaku warga adat anu ditangtayungan ku Undang-undang Nomer 41 Taun 1999 ngeunaan pileuweungan.

"Kami baris ngabéla taneuh adat ieu anu geus ratusan taun dicicingan ku warga adat," ceuk Abah Ugi.

Manéhna nambahan, yén pihakna baris ngadorong Pemda jeung DPRD Kabupatén Sukabumi pikeun buru-buru medalkeun Aturan Daerah ngeunaan Panangtayungan Hak-hak sarta Taneuh Ulayat Warga Adat Kasepuhan.

Rencana ieu geus diomongkeun ka pihak Pemda jeung para fraksi di DPRD sarta maranéhanana umumna ngarojong alpukah Perda eta.

"Ayeuna kami nungguan réspon ti pihak legislator sarta kapala daérah pikeun geura-giru medalkeun Perda pikeun kami," tambah Ugi.

Samentara éta, Koordinator Sekretariat Kerjasama Pelestarian Hutan Indonésia (SKEPHI) Indro Tjahyono ngunggelkeun, saméméh masarakat nyanghareupan pihak TNGHS, maranéhanana leuwih tiheula kudu ngadorong lahirna Perda anu baris nangtayungan hak-hak adat maranéhanana.

Ku diakuma hak-hak adat maranéhanana, mangka pamaréntah kudu ngalibatkeun masarakat satempat dina ngarencanakeun saban program pangwangunan. Salila ieu TNGHS diadegkeun tanpa ngalibatkeun masarakat satempat. "Ku kituna, ayana perda ieu diperlukeun pisan pikeun bukti ayana para warga adat," tandesna.

Manéhna ngungkabkeun, dina pasamoan kasebut warga ngawawarkeun yén kahirupan masarakat geus pohara diwates, alatan loba larangan ti pihak TNGHS ngeunaan diwatesna ngebon atawa nyawah.

"Masarakat ayeuna hésé pikeun ngawangun atawa ngabenerkeun imah. Pasalna maranéhanana teu meunang nyokot kai di leuweung, sanajan geus meunang idin ti kasepuhan adat. Pihak TNGHS masangkeun papan-papan peringatan larangan di tengah-tengah dusun, anu dihartikeun ku masarakat yén ayeuna maranéhanana kawas hirup di kawasan ilégal," jéntréna.

Ceuk manéhna, klaim taneuh ulayat anu dilakukeun ku pihak TNGHS ieu geus nyangsarakeun masarakat, alatan dipigawé sacara sapihak.

TNGHS geus mindeng nyieun tim, contona pikeun nangtukeun kawasan konsérvasi, tapi di tengah jalan anggota tim anu ngawakilan masarakat mindeng disingkirkeun. Hal ieu nyababakeun saban kaputusan anu dijieun, pamustunganana sok ditampik ku masarakat.

"Ngaliwatan pasamoan ieu masarakat ogé baris netepkeun wates-wates taneuh ulayat adat maranéhanana jeung baris diperjuangkeun di mana ayana ku cara naon waé!" tandes Indro. (BAL)

Thursday, 19 November 2009

Perluna Perda Cagar Budaya di Kota Bogor

Pamaréntah Kota Bogor baris narékahan medalna Peraturan Daerah (perda) ngeunaan miroséa wangunan atawa lingkungan cagar budaya. Hal ieu diperlukeun pikeun ngungkulan perkembangan pangwangunan di Kota Bogor anu pohara gancangna.
“Lamun henteu sagancangna dipangnyieunkeun aturan atawa payung hukum pikeun nangtayungan barang barang cagar budaya. Dihawatirkeun barang-barang cagar budaya anu ngabogaan niléy sajarah di mangsa baheula baris punah,“ jéntré Kapala Dines Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) Kota Bogor Adé Syarif Hidayat dina acara Workshop "Pembinaan dan Pelestarian budaya sarta Sajarah Daerah di Wisma Warung Kondang Jalan dr. Sumeru Kota Bogor, Kemis (18/11/2009).

Diaku ku Adé, pangwangunan di Kota Bogor ayeuna keur meujeuhna mahabu sarta nyababkeun parobahan anu gancang. Ku kituna mangaruhan pisan kana karopéana wangunan, situs, jeung lingkungan cagar budaya. Sajauh ieu, sambung Adé, usaha ngaropéa tinggalan sajarah jeung budaya anu geus dipigawé ku Disbudpar kakara sawates invéntarisasi jeung pendataaan, nyieun buku, panalungtikan, seminar katut pameran, sarta kagiatan workshop.

Dijelaskeun, di Jawa Barat payung hukum miroséa sarta ngariksa barang cagar budaya ngarujuk ka Aturan Daérah No:7 Taun 2003 ngeunaan ngokolakeun kabudayaan di Jawa Barat. Mulasara situs, kawasan jeung barang cagar budaya di Kota Bogor beuki kuat kalayan ayana kaputusan Menteri Kebudayaaan jeung Pariwisata RI nomer PM.25/PW.007MKP/2007 tanggal 26 Maret 2007 ngeunaan Panetapan Situs jeung Wangunan Tinggalan Sajarah di Kota Bogor minangka Barang Cagar Budaya (BCB).

Saterusna Adé ngungkabkeun, barang – barang cagar budaya henteu usik masih Loba kénéh nangtung di Kota Bogor bisa ditepungan di kawasan Bogor Tengah bagunan model indis, tinggalan mangsa kolonial. Sacara umum, kasampak kénéh wangunan tinggalan Walanda nangtung disapanjang Jalan Ahmad Yani, Sudirman, Juanda, Suryakencana, Siliwangi nepi ka Sukasari. Sajaba ti éta, terusna, disawatara wewengkon séjénna kawas di Kalurahan Sempur, Babakan, sapanjang jalan Raya Pajajaran nepi ka Kampus IPB Baranangsiang loba nangtung wangunan nu modélna tropis lokal, internasional, sarta art deco.

Di kawasan Bogor Selatan loba dipanggihan tinggalan sajarah mangrupa situs-situs sarta kawasan anu patali jeung sajarah mangsa karajaan Pakuan Pajajaran. Sajaba ti éta aya wangunan imah antik paduan indis jeung étnis Arab, hususna di Kalurahan Empang, kaasup masjid jeung astana karamat. Di Bogor Barat loba ditepungan wangunan modél arsitéktur indis, antara lain Pusat Panalungtikan Kahutanan.

Pakait jeung sajarah kolonial Walanda, sambung Adé, nyaéta ayana kahadiran Gubernur Herman Willem Daendels jeung proyék Jalan Raya Pos. Jalan ieu ngaliwatan jalan Raya Bogor–Ciluar-Cibuluh nepi ka asup jalan Ir.H Juanda, Suryakencana, Sukasari nepi ka nuju arah Punclut–Cianjur. “Loba kénéh deui wangunan-wangunan tinggalan sajarah mangsa katukang anu sumebar di 6 kecamatan Kota Bogor anu perlu dipulasara," pungkasna. (BAL)

Thursday, 12 November 2009

DPRD Cianjur Dipénta Perhatikeun Seni Budaya Sunda

CIANJUR - Sawatara organisasi masarakat, di antarana Paguyuban Pasundan, LKC, FSPMSS, LVRI, Forsimades, wakil kades, sarta PMII Cabang Cianjur, Salasa (10/11) ngalakukeun kagiatan babarengan keur nepikeun aspirasina ka DPRD Kab. Cianjur ku cara unik. Maranéhanana dirojong ku sajumlah siswa SMP/SMA/SMK ngagelar kasenian anu jadi tilu pilar budaya Kabupatén Cianjur, nyaéta ngaos, mamaos, jeung maenpo.

Maranéhanana mintonkeun atraksi senina sacara gunta-ganti, dimimitian kira-kira jam 7.30 WIB miheulaan datangna para anggota déwan. Nalika wawakil rombongan ditarima ku anggota déwan di rohangan rapat paripurna DPRD, pintonan kasenian anu digelar di luar gedong terus lumangsung.

Abah Ruskawan, Pupuhu Paguyuban Pasundan Cianjur, salasaurang anu jadi lulugu kagiatan ieu ngajéntrékeun, pihakna dina nepikeun aspirasi ieu miboga tujuan, di antarana ngadesek DPRD ambéh nyieun perda ngeunaan usaha keur néangan, ngamumulé, ngabina, jeung ngembangkeun seni budaya tradisional sarta seni budaya wewengkon Cianjur. Saterusna ménta ogé perhatian sangkan anggaran seni budaya bisa dironjatkeun, sahenteuna bisa ngadeukeutan anggaran widang olah raga.

"Magelarkeun tilu cicirén seni budaya Cianjur ieu, sakaligus ogé dina raraga miéling poé pahlawan," teges Abah Ruskawan.

Salain ti éta, Abah Ruskawan ogé miharep, sakuduna mah kabéh anggota DPRD Cianjur téh ngaromong maké basa Sunda saminggu sakali mah dina poé gawé, jeung ogé kudu maké pakéan adat Sunda dina sabulan sakali. (BAL)

Thursday, 22 October 2009

Wagub Jabar Ménta Gali Poténsi Seni jeung Budaya

Wakil Gubernur Jawa Barat, Dédé Yusuf ménta ka sakumna lapisan masarakat sarta pamaréntah kota/kabupatén pikeun ngali kasenian budaya wewengkon séwang-séwangan.

"Kali pot
énsina sarta béré rohang kasenian tradisional pikeun bisa témbong!" sanggemna waktu ngaluuhan bubuka pésta hiburan rahayat HUT Kota Tasikmalaya, Senén peuting.

Manéhna ngécéskeun usaha ngamumul
é kasenian sarta kabudayaan anu dipiboga ku saban wewengkon diharepkeun ahirna bisa dipikawanoh ku nagara di dunya.

Sajaba ti éta, ku jalan babarengan ngali pot
énsi kasenian jeung budaya diharepkeun bangsa séjén ngahargaan sarta ngahormat ka bangsa Indonésia anu serius ngamekarkeun sagala aspék kasenian jeung kabudayaan anu aya di lemah cai hususna Jawa Barat. "Urang ngaharepkeun poténsi anu aya kudu dimekarkeun," kedalna.

Samentara éta D
édé ngaharepkeun para pangusaha atawa saban pausahaan dina ngayakeun kagiatan nu tangtu bisa ngalibetkeun para budayawan jeung seniman dina ngaramékeun hiji acara.

Usaha kasebut ambéh para seniman sarta budayawan ngarasa dihargaan bisa tampil dina saban acara kagiatan taunan atawa hiji kariaan.


Friday, 2 October 2009

Wagub Jabar Nyieun Film babad "Perang Bubat"

Bandung - Dina raraga persiapan nyieun film babad "Perang Bubat", Wagub Jawa Barat Dédé Yusuf baris zarah ka Patilasan Trowulan atawa Patilasan Majapahit di Jawa Timur.

"Isukan kuring baris ka Surabaya pikeun ngomong persiapan nyieun film "Perang Bubat" jeung Gus Ipul (Saifullah Yusuf-wagub Jatim), saterusna ngalakonan lalampahan ka sawatara tempat anu patali sajarah éta," sanggem Dédé Yusuf di Bandung, Salasa.

Sajaba papanggih jeung Gus Ipul, Dédé rencanana ngalakonan zarah ka patilasan Trowulan anu salila ieu dipikawanoh minangka patilasan raja-raja Majapahit.

Kaci jadi, Dédé jadi pajabat pamaréntahan Pemprov Jabar kahiji anu sacara husus ngadatangan Patilasan Trowulan.

"Rencana datangna Pak Wagub di Jatim lumangsung dua poé, salah sahijina ka Trowulan," tégés salah saurang staf Dédé.

Rencana nyieun film "Perang Bubat" memang geus dirarancang Dédé saprak mimiti nyekel kalungguhan minangka Wawakil Gubernur Jawa Barat. Film kolosal éta baris jadi film kahiji anu mangrupa hasil gawé babarengan antara dua Propinsi di Indonésia.

Film éta ogé baris mintonkeun sisi séjén ti "Perang Bubat" anu geus ngalegenda sarta ngawarnaan lalampahan sajarah sarta budaya Jawa Barat sarta Jawa Timur.

Pikeun kaperluan nyieun film éta, Dédé rela sawatara kali papanggih baladna di Jatim pikeun ngaasakkeun rencana badag anu baris ngawarnaan lambaran sajarah layar rubak di Indonésia éta.

Pareng Dédé Yusuf sarta Saifullah Yusuf pada-pada kungsi maén dina sinéma layar rubak. Dédé Yusuf saméméhna dipikawanoh minangka aktor laga sedengkeun Saifullah Yusuf kungsi berperan minangka Prabu Wirabumi dina film "Laksamana Ceng Ho" babarengan urut Mensesneg Yusril Ihza Mahendra.

"Pamaréntah daerah diharepkeun bisa ngangkat sajarah wewengkon ka layar rubak, ku kituna bisa dipikawanoh ku masarakat léga, sakaligus nguatkeun kakayaan karya sinéma di lémah cai," tégés Dédé Yusuf nambahan. (BAL)

Saturday, 19 September 2009

Lebaran atawa Lubaran?

Urang palidkeun hayu, kapeurih ka laut asih
Meungpeung cangra nu hibar bulan purnama
Poé ieu ngagulidag caah cihampura
Sanggeus girimis bulan kamari nyerep 'na aci bumi
Ku éndah rasa sumirat rahmat Mantenna

Saban taun urang Islam mayeng ngareuah-reuah dua kali poéan lebaran: nyaéta Lebaran Idul Fitri jeung Lebaran Idul Adha. Lebaran Haji atawa Id Al-Qurban atawa Id Al-Adha atawa Id Al-Kabir hartina hari raya besar (lebaran gedé). Ari lebaran Idul Fitri atawa Id Al-Fitr atawa Id Al-Saghir hartina hari raya kecil (lebaran leutik). Tapi, di Indonésia mah kalakah lebaran leutik nu pangraména direuah-reuah téh.
Sebutan séjén Lebaran Idul Adha nyaéta lebaran Rayagung. Ari Lebaran Idul Fitri mah nelah boboran siyam atawa lebaran puasa. Bobor hartina buka, teu puasa.
Patali jeung kabudayaan Sunda, nyuméndér kana asbabun nujulna, istilah 'lebaran' paling hanteu nyuméndér kana dua kecap: 'lebar' jeung 'lubar'. Tina éta kecap urang bisa ngajujut robahna Id Al-Fitr jadi poéan 'lebaran'.
Dina ahir Ramadhan méméh solat Id, urang Islam kudu geus mayar jakat pitrah atawa Zakt Al-Fitr. Jakat pitrah gé mangrupa salah sahiji runtuyan tina Ramadhan jeung Lebaran. jakat pitrah téh sahanteuna pikeun méré rasa kabagjan keur golongan nu kaasup mustahik, nu masakat téa.
Istilah 'lebaran' méh sarimbag jeung 'lubaran'. 'Lubaran' sarua jeung 'bubar', 'leungit', atawa 'break' (béak). Lubar idah, upamana, hartina béak masa idah. Lubar puasa hartina teu puasa. Anapon ngalubarkeun dosa hartina ngaleungitkeun (ngahampura) dosa.
Kangaranan manusa tangtu moal bener salawasna. Kakeunaan ku sipat lepat jeung luput. Dosa di papada jalma mah hésé dileungitkeunana. Padahal Alloh SWT mah lautan pangampura. Kacida héséna nangénan jalma wakca balaka ngaku kasalahanana. Mana komo kudu ménta hampura ka sahandapeun. Wuih, jarang kabina-bina. Nu jadi cukangna mah urusan géngsi asa pangaingna. Ngan manusa nu jembar manah nu ngaku kana kasalahanana.

Urang sieuhkeun hayu, kaceuceub ka leuweung deudeuh
Da langit balungbang timur
Kapan béntang baranang luhureun urang
Peuting tadi ngukir tingtrim 'na angin takbir
Ku timpuh ieu kalbu sumilir bayu Nu Agung

Ku kituna, ménta hampura dina poéan lebaran Idul Fitri mangrupa wanci nu kawilang mustari. Momen nu ngeunaheun. Ari sabab, dina éta wanci, silihhampura téh geus lain baé nedunan paréntah Gusti Nu Maha Suci, tapi ogé geus jadi tradisi.
Éta tradisi téh tradisi silaturahmi, tradisi nu islami, tradisi nu kudu terus diréproduksi. Sabab, silihhampura dina poéan lebaran mangrupa salah sahiji cara nu murah jeung gampang pikeun silihlubarkeun dosa.
Hanjakal, wanci silih lubarkeun dosa téh mindeng dirécokan ku hal nu teu perlu. Éta momen kalahka dilelebar. Dipiceun teu puguh.
Samalah, sabot ngalakonan bulan Ramadhan téh lain katakwaan nu jadi udagan, tapi satékah polah bisa ngareuah-reuah poéan lebaranna. Nyaéta pésta pora hura-hura alias ngamonyah-monyah bangsaning hal nu teu puguh. Nya gubrag wé istilah 'lebaran'.
Minangka pangaruhna, urang luareun Islam gé bisa ngamanpaatkeun ceuyahna poéan Lebaran. Pasar ramé ku nu pelesiran. Toko pakéan gegek ku nu balanja. Tukang dagang daging ciweuh ku nu barang beuli. Samalah tikét beus jeung karéta api ti anggalna mula geus béak ku nu marudik. Kapan ayeuna ge di sajumlahing stasiun karéta, tikét pikeun mudik jeung balik deui téh geus saréép.
Ku kituna, hajat pangrongkahna warga Indonésia nyaéta hajat Lebaran. Ari baheula mah nu mudik téh umumna kaum buruh, kuli kasar, tukang sayur, atawa karyawan pabrik, kiwari mah jalma jugala atawa dununganana gé parebut tempat jeung bawahanana geusan hiji kecap: mudik!
Mémang, tradisi mudik Lebaran téh bisa nyababkeun manusa kana prosés 'desakralisasi' ibadah. Pola 'konsumérisme' dihenteu-henteu gé beuki ngagalaksak. Ku kitu téh nyababkeun ma'na puasa bisa leungiteun hikmah jeung dangiangna.
Padahal bulan Ramadhan meredih urang sangkan bisa hirup basajan. Teu dihalalkeun milampah sikep ngalelebar. Mana komo bari diémbohan ku sikep pamér matéri malar katangar ku batur. Emh, boa nu dibibita ku urang mah kasigeung mamaras rasana. Muhun, enya gé rupa fisikna bangun nu tiis, boa haténa mah bati lumengis.
Hal éta téh malar dina nyorang lalakon kahirupan urang bisa mulus rahayu, berkah salamet, taya pacogrégan, teu pahiri-hiri, teu pakia-kia. Ku silihhampura dipiharep dina hirup kumbuh sapopoé urang bisa sauyunan sabilulungan, éstuning tiis ceuli hérang mata caang haté.

Urang gurit hayu, haleuang dangding hurip
'na lambaran kadar ku mangsi takdir
Urang taratas jalan anyar ku haté nu nyacas
Ieu wanci pamiangan pikeun pataréma rasa
Mupus tugenah nu sumarambah di unggal bayah

Sajeroning kitu, embung sarta ngamanpaatkeun momen Lebaran, program-program média satékah polah midangkeun acara nu bau-bau réligius Islam. Hal éta téh tujuan utamana mah, asana, taya lian sakadang iklan.
Mareng jeung majuna téknologi, jasa télékomunikasi, hususna hénpon, pangaruhna dina Lebaran beuki baé karasa. Nyedek ka Lebaran sms (pesen singget) disebar ka kulawarga, baraya, tatangga, atawa kawawuhan lianna. Kapan fatwana gé 'kuring ngasms tanwandé kuring aya'.
Bangun embung éléh gandang. Para seniman gé ngareuah-reuah Lebaran ku carana séwang-séwangan. Manakomo pikeun nu ngarulik karia sastra. Maranéhna ngamanpaatkeun momen Lebaran minangka salasahiji sumber ilham jeung garapeun. Kapan, cenah, sastra téh eunteung tina kahirupan.
Nya, gubrag wé 'Takbiran', sajak nu diréka ku Berthol Damsahauser. AA Navis nulis cerpen 'Tamu Yang Datang di Hari Lebaran'. Ari 'Menjelang Lebaran', 'Ziarah Lebaran', atawa 'Lebaran Ini Saya Harus Pulang' mah cerpenna Umar Kayam. Kumaha dina sastra Sunda? Kapan aya Étti RS, nu ngarang sajak 'Sungkeman Poé Lebaran' téa, atawa Rosyid E Abby nu ngagurit sajak 'Gusti', 'Syawal 1425', jeung 'Langit Romadon Dinten Kamari'.
Akhirul kalam, urang lenyepan pada pamungkas tina sajak 'Sungkeman Poé Lebaran' karya Étti RS nu dikarang taun 1986:

Urang rampak hayu, minal aidin walfaidzin
Urang ukir hayu, sampalan éndah 'na beungeut batin
Urang pésta hayu, 'na gending Rabbul'alamin!***


Djasépudin
Guru SMA Yayasan Persaudaraan Haji Bogor (YPHB),
Kota Bogor

Monday, 13 July 2009

Pantun Bogor Ngalalakon di Milis Kisunda

Batur!
Lamun jaga, dicundukkeun kana waktu
pantun medal jadi bacaan.
Batur!
Sing nyaraho, buku téh utusan kaula
dijurung nyuhun pamunjung
ka sakabéh nu geus alundur
nu baralik indit ka jati, nu marulang,
ka masing-masing Mandalana!

Pada di luhur mangrupakeun bubuka tina naskah Carita Pantun Bogor (CPB) lalakon Ngahyangna Pajajaran. Naon anu dimaksud dina tulisan di luhur sigana kiwari geus kabuktian. Réa carita pantun nu geus ditulis tur dibukukeun.
Di antara carita pantun nu geus ditulis, aya sababaraha lalakon nu asalna ti wewengkon Bogor anu dikenal sabagé CPB. CPB ieu nujul kana carita pantun anu ditulis ku Aki Baju Rambéng taun 1908, anu saterusna diturunkeun tur dipiroséa ku Rakéan Minda Kalangan alias Muhtar Kala.
Sakumaha anu dijéntrékeun dina bagian pangjajap carita Dadap Malang Sisi Tjimandiri, naskah catetan asli ti Aki Baju Rambéng téh geus paroréang baloléas. Geus hararésé dibacana sok sanajan tulisanana mah maké aksara latén.
Jigana ku Rakéan Minda Kalangan naskah CPB ieu disalin deui sangkan bisa dibaca leuwih merenah. Sawatara judul lalakon kungsi dimuat dina majalah Sunda taun 60-an. Malah mah salasahiji lalakon CPB anu judulna Dadap Malang Sisi Tjimandiri (DMST) medal ngajadi buku taun 1964.
Taun 1965 Moh. Amir Sutaarga ngawawarkeun, aya tujuh lalakon pantun Bogor nu kakumpulkeun. Satujuhna téh, nyaéta Ngadegna Pajajaran, Ngahyangna Pajajaran, DMST, Kujang di Hanjuang Siang, Lawang Sakéténg ka Lebak Cawéné, Rakéan Mulang ka Kahiangan, jeung Sunda Panglokatan.
Ka béh dieunakeun, sawatara judul naskah CPB sumebar di masarakat dina bentuk kopifotona. Anu kungsi kacatet salian lalakon Ngahyangna Pajajaran jeung DMST, nyaéta lalakon: Ronggéng Tujuh Kalasirna, Pakujajar di Lawanggintung, Ngadegna Nagara Pajajaran, Pakujajar Beukah Kembang, jeung Raja Pandita Barat Maya di Rancah Maya.
Koléksi CPB panglengkepna dipiboga ku Anis Djatisunda. Salian ti tujuh lalakon di luhur, inyana ogé nyimpen naskah CPB anu judulna: Disaeurna Talaga Rancah Maya, Lawang Sakéténg ka Lebak Cawéné, Tunggul Kawung Bijil Sirung, jeung Perang Sunda Panglokatan. Sedengkeun lalakon Ngahyangna Pajajaran, dina koléksi budayawan asal Sukabumi ieu maké judul Pajajaran Seuren Papan.
Sok sanajan nu miboga naskah CPB ieu henteu saeutik, tapi nu wani ngébréhkeun eusina sacara saujratna mah masih kénéh arang langka. Kituna téh meureun ku sabab naskah CPB mah eusina gampang ngodang kontrovérsi cara DMST nu geus dibukukeun téa.
Sanggeus lila diceungceum dina pabetekan, rupana aya ogé nu hayang némbongkeun CPB ka balaréa, tangtuna pikeun ngeuyeuban dunya sastra Sunda. Ngaliwatan milis (susuratan via surat éléktronik di internét) Kisunda, Roza Rahmadjasa Mintaredja (55) atawa sok dilandih Kang Oca ngalungkeun CPB ka sakumna anggota milis.
Kang Oca anu nampa naskah CPB ieu ti Endang Kosasih di Bogor taun 1999, mitembeyan neruskeun ka milis Kisunda (10/2). Teu tanggung-tanggung nu dialungkeun ogé lalakon Ngahyangna Pajajaran, hiji lalakon anu kaitung penting di jagat pantun Bogor mah. sabagé gambaran, Saléh Danasasmita (suwargi) dina ngajujut poé lahir Bogor kungsi maké katerangan ti lalakon pantun ieu, utamana ngeunaan upacara gurubumi jeung upacara kuwérabakti nu unggal taun dilakukeun di Pakuan.
Dina prak-prakan ngawawarkeun ka anggota milis, Kang Oca henteu sorangan. Inyana dibantuan ku Bah Willy, anggota milis lianna. Duaanana piligenti ngémbarkeun lalakon Ngahyangna Pajajaran ka milis Kisunda nepi ka 22 kali posting-an. Malah henteu ngan nepi ka dinya, ku Bah Willy naskah CPB ieu ogé diébréhkeun ka dua milis Sunda lianna, nyaéta milis Urang Sunda (Kusnét) jeung milis Baraya Sunda.
Para anggota milis anu lolobana mah langka maca carita pantun, kana modél CPB mah singhoréng pada raresepeun. Utamana kana basana nu reumbeuy ku basa wewengkon pakulonan jeung kekecapanana anu rada garihal.
Sapertina anggota milis teu pati paduli kana jalan carita anu béda pisan jeung carita anu geus biasa jadi kacapangan. Anggota milis sigana geus papada ma'lum yén jalan carita mah geus jadi hak “prérogatifna” juru patun. Anu penting pikeun anggota milis mah, naon anu dialungkeun ku Kang Oca jeung Bah Willy téh bisa nambahan pangaweruh maranéhna dina sual sastra Sunda, komo bari loba bagian dina carita ieu anu pikaseurieun.
Ngan hanjakalna harepan para anggota milis anu hayang buru-buru réngsé maca lalakon carita ieu, jigana moal waka katedunan, sabab sambungan carita téh can dialungkeun deui ku nu boga alpukahna. Meureun Kang Oca keur sibuk migawé pagawéan séjén. Wayahna waé gantung bacaeun saheulaan mah! (YM)

Program Unicode pikeun Aksara Sunda

Di jaman sarwa digital cara kiwari, pangaruh ti luar kana kabudayaan urang karasa kacida mahabuna. Basa indung salaku salasahiji unsur budaya geus mimiti ditaringgaleun ku panyaturna. Kajadian ieu henteu ngan lumaku di perkotaan wungkul, tapi ogé geus nyosok jero ka daérah pasisian.
Réa basa indung di sakuliah Nusantara anu keur nyanghareupan ancaman kapunahan. Teu saeutik basa daérah anu ngan dipaké ku kurang ti sarébu jalma deui. Leungitna basa-basa étnik di nagara urang sigana moal bisa disingkahan, lamun teu aya upaya keur mulasarana.
Hal nu sarua ogé tumiba kana aksara daérahna. Malah kaayaanana leuwih piwatireun batan basa indungna. Aksara daérah atawa aksara étnik di Nusantara mah geus nungtutan laleungitan kusabab geus teu diparaké deui, kasilih ku aksara latén.
Ngan aya sababaraha aksara étnik anu tetep digunakeun nepi ka kiwari, di antarana aksara Bali. Aksara ieu ku urang Bali masih kénéh ditulis dina daun lontar cara karuhunna mangsa baheula.
Saluyu jeung kamajuan widang téknologi jeung Informasi, aksara-aksara daérah anu masih kénéh dipulasara ku ahli warisna diropéa deui sangkan bisa ditulis dina komputer. Tilu aksara daérah di Indonésia, nyaéta aksara Bugis, Bali, jeung Rejang malah geus leuwih ti heula distandardisasi maké program Unicode, sahingga geus diaku sacara internasional.
Aksara Sunda, minangka simbul sora dina wangun tulisan pikeun nuliskeun basa Sunda, jadi aksara étnik anu ka-opat di Indonésia nu geus distandardisasi ku program Unicode. Hal ieu kabuktian ku geus diayakeunana acara Gelaring (launching) Unicode Aksara Sunda di Aula Sanusi Hardjadinata, Universitas Padjadjaran Bandung (20/10) anu dihadiran langsung ku Michael Everson salaku wawakil ti Konsorsium Unicode Internasional.
Nurutkeun Iverson, standar industri ngidinan téks sarta simbul tulisan ditampilkeun sacara konsistén ku komputer. Ngan saukur ku cara nuliskeun kecap nu tangtu, saterusna program ieu narjamahkeun ka aksara Sunda. Tujuanana, sajaba ngajadikeun gampang maca naskah aksara Sunda, manéhna miharep ogé program ieu bisa nyieun masarakat Sunda beuki akrab jeung mindeng ngagunakeunana.
“Tapi, anu pangpentingna ti ieu kabéh, masarakat beuki mindeng maké aksara Sunda. Bisa dimimitian ngaliwatan ngaran jalan, disain kaos komérsial, atawa kartu ngaran jeung kartu bisnis,” tambahna ngajelaskeun.
Acara anu dihadiran ku para pajabat pamaréntah daérah Jawa Barat, para akademisi, budayan, sastrawan, katut para guru wawakil ti kota/kabupatén sa-Jawa Barat ieu, sakaligus ogé mitembeyan médalna buku “Diréktori Aksara Sunda Untuk Unicode”. Buku ieu dibabagikeun ka para hadirin harita kénéh.
Ngaliwatan milis Kusnét jeung Kisunda, Pupuhu Tim Palaksana Program Unicode pikeun Aksara Sunda, Oman Abdurahman ngajelaskeun, ieu kagiatan minangka acara pamungkas tina tilu acara dina taun 2008 ieu nu patali jeung Unicode Aksara Sunda. Saméméhna, bulan Méi 2008 ngayakeun seminar “Standardisasi Aksara Sunda pikeun Unicode”. Dituluykeun nyarungsum buku “Diréktori Aksara Sunda Untuk Unicode”. “Alhamdulillah, sok sanajan kumaha waé hasilna, tangtos ari sampurna mah henteu alias masih kénéh seueur kakirang, namung targét anu tilu acara téa, sadayana tos kahontal,” imbuhna.
Oman ogé ngaharepkeun sangkan miara aksara Sunda henteu eureun ngan nepi diaku ku Unicode atawa nerbitkeun buku panduan. Alesanana, lamun henteu dipaké dina sapopoé, program ieu baris kaleungitan tujuan awalna.
Salasaurang anggota Tim Program Unicode pikeun Aksara Sunda, anu ogé ngamimitian nyieun program komputer keur aksara Sunda, Dian Trésna Nugraha, ngajelaskeun masih aya hal anu kudu disampurnakeun ti program ieu. Pikeun jangka pondok, pihakna baris migawé standardisasi jeung implementasi pola pasangan dina hurup Sunda. Contona, dina pola pasangan anu tacan distandardisasi, kawas “sy” atawa “kh”. Sajaba ti éta, baris dipigawé ogé standardisasi hurup anu tacan asup. Ayeuna kakara 53 aksara Sunda anu geus asup dina program ieu.
Sabenerna, aksara Sunda anu aturanana geus aya réngkolna dina Perda No. 5 taun 2003 ieu, geus dikeureuyeuh komputerisasina ku Dian ti taun 2004 kénéh. Harita, idéna mah mucunghul ti para anggota milis Kusnét (Komunitas Urang Sunda di Internét) anu hayang bisa nulis aksara Sunda di komputer. Kakara taun 2006 slot Unicode 5.1-na bisa dijieun ku Dian téh.
(HMA/ Ti sawatara sumber)