Showing posts with label KAKARÈN. Show all posts
Showing posts with label KAKARÈN. Show all posts

Friday, 13 November 2009

Laksa Bogor

Ayeuna Balébat baris ngajak lalampahan néangan kadaharan has di Bogor, saréréa tangtu pada apal wewengkon Cijeruk Bogor. Pikeun anjeun anu can apal jeung bingung pikeun néangan lokasi persisna, bisa tatanya arah Cipaku-Batutulis Bogor. Tah sanggeus éta, tanya arah ka Cijeruk nu tembusna ka Caringin. Leuwih écésna, lamun geus nuturkeun arah anu di sebutkeun, tanya waé arah ka Warso Farm, Perkebunan Durén Warso. Lamun geus aya di jalur anu bener, ulah melang, baris ka panggih jajanan Laksa has Bogor anu rasana gurih.

Di palebah dieu, ulah bingung lamun jalanna heureut sarta ngaliwatan pilemburan. Kira-kira 15-20 menit miang ti Istana Présidén Batutulis Bogor, tuluy tanyakeun jeung téangan padagang laksa anu aya pas di sisi katuhu jalan. di dinya aya gubug jeung padagangna maké tanggungan.

Mun bingung kénéh, tanya waé ka sing saha ba
é nu lalar di dinya, moal weléh aya nu ngabéjaan ieuh, da geus nyarahoeun tempat laksa nu dimaksud téh!

Tah, ieu menu laksa nu ngeunah téa, béda pisan jeung menu laksa anu kungsi diasaan di r
éstoran atawa di acara kariaan. Ngahijina tahu, togé, daun suraung jeung kuah konéngna pas pisan. Pokona, kudu nyobaan laksa has Bogor ieu. Baheula sawaktu anu ngajualna masih kénéh Bapana, laksa ieu ngan buka ti jam 8 isuk-isuk, kurang ti jam 12 beurang geus béak. Ayeuna mah anakna anu nyekel usaha laksa ieu, sasadiaanana dilobaan, jadi beurang ogé masih bisa ngarasaan

Lamun aya waktu, sok geura nyimpang ka laksa has Bogor iyeu!

Thursday, 10 September 2009

Cungkring

Saliwat ngarana ngingetkeun ka babaturan urang nu ngabogaan awak begang, tapi di Bogor anu ngaranna Cungkring téh nyaéta sajenis kadaharan anu bisa di sebut loba nu mikaresep. Kadaharan ieu mangrupa potongan kulit sapi anu di asakan maké bungbu konéng. Biasana cungkring didaharna maké leupeut atawa buras anu diguyur sambel kacang. Kadang sok di barengan tempé jeung oncom goréng tipung.

Nu dagang cungkring umumna nguriling tuluy mangkal di hiji tempat, saperti pasar-pasar, sakola, ,jeung lokasi lianna anu loba kaliwatan ku jelema. Gorobag daganganana mangrupa kayu pasagi nu dikacaan supaya urang leuwih gampang milih kulit anu dipikahayang.

Biasana didaharna maké tékor daun cau, tuluy maké seumat nyéré keur ngadaharna gaganti séndok. Rasana legit jeung gurih, tur seungit bungbu konéngna gé. Tapi aya ogé cungkring nu geus di tiiran siga saté nu dibeuleum, tapi cungkring mah heunteu dibeuleum.

Di Bogor Loba pisan nu dagang cungkring tapi biasana mah lolobana di pasar-pasar tradisional jeung tukang kadaharan jajanan pasar.

Monday, 7 September 2009

Bir Kocok Keur Kaséhatan

Bir , Tina ngarana, urang geus wawuh kana jenis inuman ieu. Tapi ulah salah, inuman ieu lain inuman nu bisa nyieun urang mabok. Bir nu ieu mah bir kocok buatan Pak Acép (73). Inyana geus matuh dagang di Jalan Roda Kelurahan Babakan Pasar Bogor Tengah ti taun 1953. Inuman ieu moal matak mabok malahan sabalikna bisa ngajadikeun awak jadi séhat tur jagjag waringkas.

Naon sabenerna kaleuwihan nu dipiboga ku Bir Kocok Pa Acép nu henteu nyieun mabok saperti bir séjénna.

Acép, warga Sukamulya RT 01/03 Kelurahan Babakan Pasar Bogor Tengah nyebutkeun yén Bir Kocok nu dijualna mémang jijieunan sorangan. Inuman ieu mangrupa resép warisan almarhum akina, ti saprak manéhna umur 17 taun.

Dina nyieun bir, Acép dibantuan ku pamajikanana Eém (63). Bir kocok dijieuna tina rempah-rempah saperti: jahé, kayu manis, jrrd. Ngan Acép embung nyebutkeun bahan-bahan anu dipakéna keur nyieun bir kocok ieu, majarkeun ieu mah geus jadi rahasia kulawarga nu kudu di jaga, supaya Bir Kocokna tetep jadi nu panghadéna di Bogor.

Munggaran dagang, Acep ngajual Bir Kocokna saharga Rp.5 sagelasna, tapi kabéh harga bahan keur nyieun Bir Kocok nérékél naék jadi ayeuna mah di hargaan Rp.2000 sagelasna. Sabotol Bir bisa dijieun jadi 5 gelas. Lamun keur ramé nu meuli, sapoé Acép bisa ngajual 50 botol, tapi kaayaan cuaca Bogor nu heunteu pasti ngajadikeun nu meuli gé jarang-jarang, paling ogé sapoé bisa ngajual 10 botol.

Numutkeun Acép keur mimiti dagang di dieu manéhna teu maké gorobag, tapina maké pikulan nu ditanggung. Saencan dagang bir baheula Acép gawé narik béca, ngan kusabab teu betah, tuntungna mutuskeun dagang bir nuluykeun léngkah akina.

"Kuring sumujud syukur, tina dagang bir kuring bisa meuli tanah 100 m2 jeung ngabiayaan anak pamajikan," ceuk Acép reugreug. Nu paling reueus, salah sahiji kafé di jalan Pajajaran maké produk manéhna, malah dijadikeun inuman andalan di kafe éta.

Ayeuna Eman (anak bungsunya) nurutan léngkah Acép, bapana, dagang bir kocok. Kusabab geus dua taun nganggur, nya tungtungna anakna ogé milu dagang bir dina gorobag di sabudeureun Jalan Siliwangi. "Alhamdulilah ayeuna geus bisa ngabiayaan kabutuhan kulawargana sorangan," Acép nambahkeun.

Numutkeun Acép, nepi ka ayeuna encan pernah meunang bantuan ti sasaha. "Ayeuna kuring masih kabentur ku masalah modal jeung pamasaranana encan maksimal. Tapi mun aya pihak nu méré modal, kuring yakin usaha inuman ieu bisa leuwih maju sabab kabukti bir kocok geus jadi inuman andalan salah sahiji kafé di jalan pajajaran," jéntréna (BAL)