Mémang pantes pisan lamun réa pangajén ditujukeun ka Enduh Nuhudawi, Kapala Désa Situ Udik, Kecamatan Cibungbulang, Kabupatén Bogor téh. Pangpangna mah naon nu geus dipigawé ku inyana ngajadikeun mangpaat anu pohara pikeun warga masarakat di désana.
Enduh kapilih jadi kapala désa taun 2008. Ti harita inyana ngagelar hiji program saderhana pikeun ngawangun désana anu miboga penduduk sakitar 14.000 jiwa sarta ampir genep puluh persén nyatana kaasup kulawarga miskin atawa prasajahtera.
Programna mangrupa kagiatan ngumpulkeun duit récéh saratus pérak ti wargana unggal poé anu katelahna program réréongan sarumpi. Carana di unggal imah disadiakeun wadah mangrupa céngcéléngan. Unggal poé warga bisa sidekah ku jalan ngeusian céngcéléngan éta ku duit récéh saratus pérak. Saban poé aya patugas ti RT satempat anu nguriling ngumpulkeun duit récéh ti warga anu saterusna di-setorkeun ka kantor désa.