
Téma acara éta téh "Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture and Promoting Cultural Diversity" atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina Ngukuhkeun Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Rinéka Budaya". Acara éta ogé dieusi ku rupa-rupa kagiatan, di antarana konférénsi internasional, pameran jeung pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs Batujaya Kabupatén Karawang. Kagiatan éta dihadiran kira-kira 350 pamilon ti sawatara golongan, di antarana instansi pamaréntah, akademisi, budayawan, LSM, sarta média.
Pameran
Dina poé anu sarua ogé dilaksanakeun pameran anu mintonkeun bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa titilar sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern kasampak ngeusian sawatara stan di paméran éta.
Kapala Dines Pariwisata jeung Kabudayaan Jawa Barat Hérdiwan ngécéskeun, kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara jero ka budaya Sunda ku kituna bisa ngandelan rasa kareueusna. Nurutkeun manéhna, dumasar maluruh sacara acak ka sajumlah sakola di Jawa Barat, kalolobaan siswa tacan nyaraho sajarah sarta budaya Sunda.
Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun ambéh sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun kacinta maranéhanana ka budaya Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di tingkat régional boh nasional.
sok asa naringnang ari maca hasil gawe liputan basa sunda, da karasa pisan teu nyunda. mamalayueun... naha kinten-kintena aya nu ngagaduhan gerentes manah ngagelar pangajaran laporan basa sunda nu nyunda. hatur nuhun.
ReplyDeleteperkawis konferensi di bogor kalintang seuseur mangfaatna kanggo nu ngiringan, mung rupina langkung ageung mangfaat upami tiasa diayakeun kanggo sakola sakla dasar, tur unesco Indonesia nu ngadongkapan sakola kanggo ngawanohkeun naon sareng kumaha ari sunda? hapunten tur hatur nuhun