Balai Arkéologi (Balar) Bandung ngagelar sosialisasi hasil panalungtikan di situs Sindangbarang poé Kemis (14/10) kaliwat. Acara sosialisasi nu diayakeun di Hotél Taman Cibinong 2 ieu dimaksudkeun pikeun nyalabarkeun hasil-hasil panalungtikan sakaligus méré penerangan anu leuwih anteb ngeunaan arkéologi salaku salasahiji widang kaélmuan.
Anu jadi pamilon dina sosialisasi ieu pangpangna mah urang Kampung Sindangbarang Désa Pasireurih Kecamatan Tamansari Kabupatén Bogor anu wilayahna ngajadi obyék panalitian. Di sagédéngeun éta hadir ogé para pajabat ti lingkungan pamaréntah daérah Kabupatén Bogor, sarta para panitén widang sajarah-budaya.
Dina pangbagéana sakaligus ngabuka sacara resmi acara ieu, Kapala Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor Adrian Aria Kusumah ngngkabkeun, ku dilaksanakeunana panalungtikan ieu, némbongkeun yén wilayah kabupatén Bogor téh mémang miboga lalakon sajarah anu panjang tur penting pikeun dipaluruh.
Dina kasempetan ieu ogé, Adrian ngahaturkeun nuhun ka pihak Balar anu geus neundeun perhatian nu kawilang daria ka wilayah kabupatén Bogor ku jalan ngalakukeun panalungtikan di wilayah ieu sacara noron ti taun 2006.
Sawanda jeung Adrian, Koordinator tim panalungtikan Balar Bandung Nurur Laili, ogé ngajelaskeun, panalungtikan nu dilakukeun ti tanggal 29/9 tepi ka 6/10 ieu mangrupa panalungtikan terusan anu saméméhna dilakukeun di situs Kampung Muara Désa Ciaruteun Ilir taun 2006, 2008, jeung 2009.
Pikeun taun 2010 ieu, sambung Nurul, pihak Balar ngamimitian panalitian di situs Sindangbarang anu ceuk panalungtikan saméméhna titinggalna téh kaasup periodeu klasik atawa jaman Hindu-Budha, sabari pihak Balar ogé neruskeun hanca di situs Kampung Muara.
Di Kampung Sindangbarang, panalungtik Balar kungsi ngadata titinggal karuhun anu aya di situs Leuweung Karamat, situs Ciangsana, Taman Sribagénda, Sumur Jalatunda, Pundén Rucita, Pundén Munjul, jeung situs Batu Karut.
Tina hasil pendataan awal, ahirna ditangtukeun tempat keur ékskavasi téh di situs Batu Karut. Lahan nu diékskavasi téh ayana di beulah wétan ti Batu Karut anu miboga gorowong (ceruk). Ceuk katerangan penduduk, baheulana di palebah gorowong ieu sok dipaké ku jalma keur tatapa. Di handapeun gorowong ieu ogé katempo aya dua batu anu rata anu diperkirakeun gunana pikeun tempat diuk nu tatapa sarta keur neundeun sasaji.
Ékskavasi dilakukeun tepi 100 cm ka jero taneuh sacara vértikal. Tina liang nu dikali ieu ngan kapanggih hiji duit récéh (koin) Arab. Koin Arab ieu gambarna téh samar pisan, teu jelas naon rupana. Sahingga tepi ka poéan sosialisasi gé can kanyahoan ti jaman mana asalna koin Arab ieu.
Nurul ogé ngajéntrékeun, panalungtikan di kawasan Sindangbarang ieu mangrupa panalungtikan awal, anu baris dituluykeun dina taun-taun anu bakal datang. "Ku kituna teu anéh mun hasil panalungtikan ieu masih kénéh jauh tina harepan, da kakara ngaléngkah pisan," pungkasna. (Bal)
No comments:
Post a Comment