Monday 25 October 2010

Konférénsi Budaya Sunda

Dines Pariwisata jeung Kabudayaan Provinsi Jawa Barat digawé babarengan jeung Komisi Nasional Indonésia pikeun UNESCO ngagelar "International Conference on Sundanese Culture" di Hotél Salak the Heritage, Kota Bogor, Senén (25/10) nepi ka Rebo (27/10). Kagiatan éta boga tujuan pikeun numuwuhkeun kareueus masarakat Jawa Barat kana budaya Sunda sakaligus minangka modal pikeun pangwangunan nasional.

Téma acara éta téh "Reinventing Sunda in Strengthening the Nasional Culture and Promoting Cultural Diversity" atawa "Manggihan Deui Budaya Sunda Dina Ngukuhkeun Kabudayaan Nasional sarta Ngapromosikeun Rinéka Budaya". Acara éta ogé dieusi ku rupa-rupa kagiatan, di antarana konférénsi internasional, pameran jeung pagelaran seni, sarta ngadatangan ka Situs Batujaya Kabupatén Karawang. Kagiatan éta  dihadiran kira-kira 350 pamilon ti sawatara golongan, di antarana instansi pamaréntah, akademisi, budayawan, LSM, sarta média.
Dina konférénsi anu dilaksanakeun Senén (25/10) dibahas ngeunaan sajarah Sunda sarta pakait jeung kabudayaan-kabudayaan nasional sarta dunya. Sajumlah panyatur ti Indonesia jeung luar nagari baris nyokot bagian dina konférénsi éta. Salah sahijina nyaéta Pupuhu Komisi Nasional pikeun UNESCO Prof. Dr. Arief Rachman, Diréktur Titinggal Purbakala Kementerian Budaya jeung Pariwisata RI Dr. Junus Satrio Atmodjo, sarta Guru Besar Arkeologi Universitas Indonésia Prof. Edi Sediawati.


Pameran

Dina poé anu sarua ogé dilaksanakeun pameran anu mintonkeun  bukti-bukti sajarah Sunda ti tujuh musieum di Jawa Barat. Sagala rupa titilar sajarah ti jaman megalitikum nepi ka jaman modern kasampak ngeusian sawatara stan di paméran éta.

Kapala Dines Pariwisata jeung Kabudayaan Jawa Barat Hérdiwan ngécéskeun, kagiatan éta boga tujuan ambéh masarakat Jawa Barat leuwih mikawanoh sacara jero ka budaya Sunda ku kituna bisa ngandelan rasa kareueusna. Nurutkeun manéhna, dumasar maluruh sacara acak ka sajumlah sakola di Jawa Barat, kalolobaan siswa tacan nyaraho sajarah sarta budaya Sunda.

Ngaliwatan kagiatan éta, Herdiwan ngaharepkeun ambéh sakumna masarakat Jawa Barat bisa ngamekarkeun kacinta maranéhanana ka budaya Sunda ku kituna jadi modal dasar pikeun pangwangunan boh di tingkat régional boh nasional.

1 comment:

  1. sok asa naringnang ari maca hasil gawe liputan basa sunda, da karasa pisan teu nyunda. mamalayueun... naha kinten-kintena aya nu ngagaduhan gerentes manah ngagelar pangajaran laporan basa sunda nu nyunda. hatur nuhun.
    perkawis konferensi di bogor kalintang seuseur mangfaatna kanggo nu ngiringan, mung rupina langkung ageung mangfaat upami tiasa diayakeun kanggo sakola sakla dasar, tur unesco Indonesia nu ngadongkapan sakola kanggo ngawanohkeun naon sareng kumaha ari sunda? hapunten tur hatur nuhun

    ReplyDelete