ku: Tantan Hérmansah
Salaku urang Sunda anu cicing di daérah wates antara Jawa Barat jeung Jakarta, miara kasundaan di lingkungan sorangan éstu lain pagawéan énténg-énténg. Anu pang katempona mah dina masalah basa. Miara basa di tempat di mana kalolobana jalma teu maké éta basa, éstu susah. Padahal sacara formal, di sakola-sakola anu aya di tatar Sunda, umumna basa Sunda tetep mangrupa salasahiji mata ajar anu diayakeun di sakola.
Mun ditalungtik ku naon gerakan-gerakan lokal saperti kasundaan, éstu kurang ajén, boh di tataran nasional atawa di lokal sorangan. Kasundaan atawa ampir kabéh gerakan anu sipatna lokal mémang nyanghareupan hahalang anu sarupa. Jadi lain di urang wungkul, tapi di dunya anu mana baé.
Kanibalisasi budaya éstu lain barang anéh. Kanibalisasi budaya téh nujul kana ngaheureutanana hiji budaya ku sabab kadeseh ku budaya séjén anu leuwih punjul. Jeung memang, salaku jalma modéren, urang teu kudu sieun mun prosés kanibalisasi ogé jadi ‘jurig’ anu terus mantengan budaya Sunda. Tinggal naon anu kudu dikuatkeun sangkan budaya Sunda teu leungit dikanibal ku budaya séjén.
Ékonomi jeung Pulitik
Sok sanajan teu saderhana, sabenerna mun dilenyepan, gerakan ékonomi jeung pulitik ngarupakeun instrumén anu pangkuatna jang miara budaya. Saderhanana urang ngeunteung kana budaya pop anu ayeuna tumuwuh di mana-mana. Kunaon budaya éta jadi ‘rujukan’, maroji’, atawa référénsi budaya kiwari, sabab budaya pop ieu ditumpangkeun kada sistim ékonomi anu ayeuna aya.
Coba baé tingali, naon istiméwana baju anu rada morosot anu ayeuna keur loba dipaké ku para nonoman? Kitu deui, naon istiméwana maké calana péndék keur wanoja anu taun 2009 méh jadi benchmark papakéan?
Dua patanyaan anu jadi conto istiwéwa di luhur, jawabanana nyaéta: urang sacara teges ningali yén hiji produk téh dikawinkeun kana sistim ekonomi anu aya. Coba mun sacara ékonomi maké calana rada morosot jeung calana pendek téh teu nguntungkeun (para produsénna), pasti kurang promosina, lajuna saeutik anu makéna, antukna mah teu ngajadikeun heuyah ékonomi.
Sabenerna aya deui conto séjénna, kumaha ékonomi numpang kana kakayaan lokal. Hal ieu gé geus diterapkeun, ngan can pati mahabu. Geura wé, mun urang ngalalar ka Garut (da ieu pisan anu katinggali ku kuring) aya provider komunikasi, dina hal ieu XL jeung Kartu AS ngagunakeun basa Sunda dina kampanyeuna. Kitu deui di Rangkas atawa Lebak Banten. Kartu Tri malah nampilkeun urang Baduy (Kanékés) jang modélna bari maké basa Sunda dina spandukna.
Kuring ngabayangkeun, coba mun kabéh produk iklan anu aya boh anu produk elektronik—iklan di Radio, TV, internet—jeung iklan di media ruang—koran, majalah, jeung billboard—kudu ngagunakeun basa lokal atawa basa satempat. Pan lumayan.
Kitu deui dina pulitik. Di tatar Sunda, kasundaan mémang teu sateuas di daérah séjén. Sok wé buktikeun, ti 100 persén wawakil daérah pamilihan anu aya di wewengkon Sunda, naha kabéh urang Sunda. Kuring kaasup anu liberal mun kasundaan dina pulitik teu kudu diwakilan ku getih (nasab) tapi ku sumanget jeung loyalitas. Jadi urang Sunda sacara pulitik cukup mun éta wakil atawa sulur urang di DPR téh aktip nyorakeun kapentingan rahayat Sunda, tur rahayat urang Sunda. Harti konkritna nyaéta sing saha baé meunang jadi wawakil urang Sunda sacara pulitik salila maranéhna ngabogaan niat jang ngamajukeun tatar Sunda katut Indonésia.
Stratégi Kabudayaan
Kumaha stratégina sangkan gerakan ékonomi pulitik kasundaan téh bisa jalan sabari mulus?
Mun diringkeskeun, upama urang rék ngajadikeun inti budaya Sunda aya dina gerakan ékonomi-pulitik, urang kudu balik deui kana hal anu kacida pentingna dina kahirupan urang, nyaéta atikan.
Salila ieu, kasundaan jadi jauh, malah ti urang Sunda sorangan, ku sabab atikanana salah lampah. Conto kongkritna, nalika atikan diajarkeun, salian ti saeutik pisan anu maké basa sorangan, ogé langka pisan mata ajar anu pakait jeung kaarifan lokal Sunda. Sahenteuna, bisa mun urang ngagunakeun conto-conto anu aya di sabudeureun urang sorangan, saperti ngagunakeun istilah Sunda boh keur ngaran tempat, barang atawa kajadian. Hal ieu tangtuna bisa ngawanohkeun ka barudak ngeunaan kakayaan budaya Sunda.
Implikasina, sadaya pihak anu pakuat pakait jeung Sunda kudu ngariung deui. Ngarumuskeun arah jeung sistim atikan anu aya di wewengkon urang Sunda, katut ngaévaluasi sakabéh kurikulum anu aya di sakola-sakola. Conto, intina tetep diajar fisika, tapi conto anu dipaké kudu pakuat-pakait jeung budaya atawa khazanah Sunda.
Memang ieu lain pagawéan énténg jeung leutik. Tapi mun pamaréntah daék ngamimitianana, teu aya istilah telat. Komo deui mun urang bisa nyieun ‘terobosan’ jalan anyar jang sistim atikan di tatar Sunda. Ieu bisa disebut salaku jalan anyar gerakan kabudayaan.
Kacindekan
Nangtukeun arah urang Sunda memang lain wewenang pamaréntah atawa saha baé—tapi urang Sunda sorangan. Tapi teu aya salahna, salaku pamimpin di tatar Sunda, pamaréntah jeung sadaya pihak ningali yén kabutuhan miara kabudayaan Sunda geus ngarupakeun kabutuhan. Kabutuhan keur nanjeurkeun ajén kasundaan mangrupa amanat budaya keur saha baé anu ayeuna jadi kapercayaan rahayat. Sabab di jerona némbongkeun kautamaan-kautamaan, saperti idéntitas kasundaan.
Tah kusabab kitu, geus waktuna mun urang ngalakukeun hal anu fundaméntal, nyaéta ngarévisi sakabéh sistim anu méré dorongan kana kabudayaan Sunda. Dina hal ieu sistim atikan. Salian ti éta, pamarentah, salila teu ngalanggar katangtuan hukum, bisa ngaupayakeun ‘kampanyeu terselubung’ dina média-média anu bisa digunakeun jang miara budaya.
Tah kusabab kitu, geus waktuna mun urang ngalakukeun hal anu fundaméntal, nyaéta ngarévisi sakabéh sistim anu méré dorongan kana kabudayaan Sunda. Dina hal ieu sistim atikan. Salian ti éta, pamarentah, salila teu ngalanggar katangtuan hukum, bisa ngaupayakeun ‘kampanyeu terselubung’ dina média-média anu bisa digunakeun jang miara budaya.
“Man jadda wajada”, saha anu keyeng tangtu pareng, ceuk paribasa. Hartina, mun urang nempo ieu lain gerakan anu leutik, éstu sabalikna ngarupakeun gerakan gedé, teu kudu rempan mun urang wani ngamimitian ti ayeuna. Mun nyutat kasauran tokoh Sunda bari ulama Aa Gym, urang ngawitan ti nu gampang; ti nu leutik; ti ayeuna kénéh. Cag!
Tantan Hérmansah
Dosén UIN Syarif Hidayatullah Jakarta
sipppp....satujulah...
ReplyDeleteHayu urang mumule hirup kasundaan teh....
Upami ku urang ditalingakeun,ulah boroning diwates antara Jakarta jeung Jawa Barat,dalah di pilemburan nu jauh oge nu aya di tungtung gunung barudak ayeuna mah ngomongna teh mamalayuan bae.Sababna televisi jeung radio taya nu ngagunakeun basa Sunda.Jadi teu salah mun aya nu nyebut basa Sunda bakal punah teh.Lantaran urang Sunda ayeuna beuki rea nu mumul ngagunakeun basana sorangan.
ReplyDelete