Saturday 25 May 2013

Aya Fosil Cangkang Kerang di Gunung Sodong



Salian ti ayana guha-guha nu ukuranana laleutik, di wilayah karst Gunung Sodong nu aya di Kampung Parungsinga, Désa Karéhkél, Kecamatan Leuwiliang, Kabupatén Bogor, ogé osok kapanggih fosil-fosil cangkang kerang. Fosil kerang ieu biasana némpél dina batu-batu karang (gamping).

Ayana fosil cangkang kerang atawa haremis laut ieu nuduhkeun yén wilayah karst Gunung Sodong téh baheulana mangrupa laut anu déét.
Hal ieu dijelaskeun ku Dr. Johan Arif, géolog ti ITB nalika ngalakukeun ékskavasi sababaraha waktu ka liwat.

Johan nétélakeun, mangjuta taun ka tukang kawasan nu ayeuna mangrupa karst, asalna téh laut anu teu pati jero, paling jerona téh ngan 10 méter. Ku ayana aktivitas géologi di jero bumi, lalaunan dadasar laut déét ieu kaangkat ka permukaan, nu antukna ngajadi pasir atawa gunung leutik.

Tah, tangtuna loba sésa-sésa kahirupan di dadasar laut nu ogé milu kaangkat, di antarana cangkang kerang tadi. Lamun cucana jeung tempatna ngadukung, ngaliwatan prosés nu alamiah, lila-kalilaan cangkah kerang téh bisa kaawétkeun ngajadi fosil.

Béda jeung bagian Gunung Sodong lianna nu geus dimangpaatkeun ku masarakat sabudeureunana, kawasan karst mah rélatif can loba digunasika. Ku kituna masih aya lolongkrang lamun rék digunakeun pikeun tujuan anu leuwih jembar tinimbang kaperluan ékonomi.

Hal ieu kungsi diusulkeun ku Héndra M Astari, panalungtik ti Riksa Sunda Institute Bogor, sangkan kawasan karst Gunung Sodong dijadikeun laboratorium alam sakaligus kawasan konsérvasi.

Héndra méré bongbolongan, ku ayana fosil cangkang kerang, guha-guha nu silih sambung, sarta sistim hidrologi anu kompléks di kawasan karst Gunung Sodong sakuduna mah bisa dimangpaatkeun keur kaperluan pendidikan, hususna widang élmu alam saperti: géografi, biologi, sarta élmu lingkungan.

Tinangtu diperlukeun kajian sarta usaha anu daria pikeun ngawujudkeun hal ieu, ogé dibutuhkeun pisan bantuan ti sawatara pihak, boh ti pamaréntah daérah katut dines-dines nu pakait, lembaga pendidikan, ogé ti para pamangku kapentingan lianna anu haat kana masalah ieu. (HD)

1 comment: