Tuesday 31 January 2012

Kembang Jalu Mekar di KRB

Kembang jalu (Amorphophallus titanium Becc.,) atawa leuwih dikenal salaku kembang bangké kiwari keur meujeuhna mekar di Kebon Raya Bogor (KRB). Mekarna kembang anu jadi koléksi unggulan, sakaligus maskot KRB ieu masih bisa ditempo nepi ka sababaraha poé ka hareup.
      Kajadian mekarna kembang jalu ieu kawilang langka, sualna tangkal nu sarua baris kembangan deui dina mangsa opat taun ka hareup.
      Kembang bangké jenis kembang jalu ieu mangrupa tutuwuhan éndemik Pulo Sumatera. Munggaran diidéntifikasi ku Odoardo Beccari, saurang ahli Botani asal Italia dina taun 1878.
      Jenis kembang ieu ngan salasahiji ti 25 marga Amorphophallus, anu 18 marga di antarana nyaéta tutuwuhan éndemik Indonésia.
      Samentara kembang nu keur mekar ayeuna, mangrupa koléksi KRB nu dibawa ti Lahat Sumatera Selatan taun 2009.  Mekarna kembang ieu nu munggaran salila jinisna dipelak di Kebon Raya Bogor.
      Ku sabab mekarna téh teu lila, ukur sababaraha poé, dipastikeun loba jalma nu teu kabagian nempo kajadian ieu.  Dumasar hal ieu pihak KRB baris narékahan sangkan kembang jalu ieu bisa diawétkeun.
      Alatan ukuran kembangna anu kaitung badag, prosés ngawétkeun kembang jalu ieu jadi bangga pisan.  Ku kituna, KRB ogé keur ngalalanyahan sangkan bisa gawé bareng jeung organisasi hortikultura internasional ti Koréa Kidul nu geus miboga pangalaman dina hal ieu.
      Lamun usaha ngawétkeun kembang jalu ieu tinekanan, awétanana bisa dipajang di museum atawa dipamérkeun di tempat séjén keur kaperluan kampanyeu ka masarakat umum sangkan leuwih mikawanoh deui tutuwuhan éndemik Indonésia.  (HMA)

1 comment:

  1. Satuju pisan kana gagasan ngawetkeun "kembang jalu" teh. Supaya incu-incu nu di Kalimantan teu kudu buru-buru ngajugjug KRB ngudag waktuna kembangan.
    Sok prung atuh! Didua'keun sing gampang, lancar jeung sukses.

    Hj. AS. Azizah

    ReplyDelete