Sunday 5 February 2012

Kariaan Cap Go Méh Siap Digelar di Bogor


Acara kariaan Cap Go Méh di Kota Bogor baris lumangsung poé Senén (6/2/2012) dipuseurkeun di Kelenténg Hok Ték Bio atawa Vihara Danagun Jalan Surya Kencana Nomor 1, Kelurahan Babakan Pasar, Kecamatan Bogor Tengah, Kota Bogor.
      Rencanana acara ieu baris dihadiran ku Gupernur Jawa Barat Ahmad Héryawan katut Walikota Bogor Diani Budiarto.
      Kariaan Cap Go Méh nu baris digelar téh mangrupa kombinasi acara ritual warga Tionghoa sarta hélaran rupaning atraksi seni budaya.
      Acara hélaran dimimitian jam 16.30 soré sanggeus upacara panarimaan tamu penting ti luar kota.  Salian ti ngagotong joli-joli nu eusina arca para déwa, hélaran ieu bakal diramékeun ku rupaning atraksi seni. Sagédéngeun ti atraksi barong jeung liong nu geus biasa tandang, sarta seni calung jeung angklung, ogé bakal midang kasenian ti tanah Papua.
      Lian ti éta, baris tampil ogé atraksi kasenian kilin.  Atraksi seni kilin kawilang langka kapanggih di Indonesia, komo di wilayah Bogor mah.  Di hélaran Cap Go Méh ieu, seni kilin rék ditampilkeun ku Perkumpulan Gerak Badan (PGB) Bangau Putih Bogor.
      Humas Féstival Cap Go Méh Bogor Jimmy nyebutkeun, yén kilin téh dipercaya salaku sato tutumpakan para déwa anu diciptakeun ti 13 unsur sasatoan, kayaning tanduk peucang, buntut kuya,  kulit naga, jst.
      Sapanjang Jalan Surya Kancana baris jadi rute hélaran, ti mimiti Kelenténg Hok Ték Bio tepi ka Vihara Buddhasena. Diperkirakeun acara baris réngsé jam 24.00 tengah peuting. (HMA)

No comments:

Post a Comment