Monday 30 January 2012

Gotongroyong di Situs Cibalay


Teu kurang ti 200 urang milu aub dina acara gotongroyong di sabudeureun situs Cibalay nu aya di Kampung Cibalay, Désa Tapos I, Kecamatan Ténjolaya, Kabupatén Bogor poé Saptu (28/1) jeung Ahad (29/1) kamari.  Lolobana nu milu gotongroyong téh warga anu dumuk di Désa Tapos I.
        Dina kagiatan ieu, warga nu dibantu ku para juru pelihara (jupel) situs Cibalay, anggota pulisi, tangtara, katut hansip ngalébaran jalan asup ka kawasan situs katut saluran drainasena sapanjang sakilométer.
Ogé ngababadan jukut jeung eurih nu geus jarangkung ngahalangan jalan.
        Teu anéh mun dina acara beberesih ieu, katéwak ku warga sababaraha oray. Oray pangbadagna nu beunang katéwak panjangna dua meter jeung awakna sagedé bitis jalma sawawa. Oray-oray ieu teu dipaéhan, tatapi dileupaskeun deui ka alam liar.
        Situs Cibalay mangrupa salasahiji situs ti zaman megalitikum nu aya di Kabupatén Bogor.  Ayana di suku gunung Salak, tapina geus kaasup kawasan Taman Nasional Gunung Halimun-Salak (TNGHS). Situs ieu legana kurang leuwih sahéktar, jeung diperkirakeun titinggal ti mangsa 4.000 taun ka tukang.
        Ahad pabeubeurang, saréngséna acara gotongroyong, diayakeun sawala ngeunaan situs mégalitik Cibalay ieu. Sawala dieusi pedaran atawa kamandang ti sesepuh urang Cibalay, ogé ti sababaraha urang budayawan Bogor sarta pajabat nu pakait kana budaya jeung titinggal karuhun.
        Wakil Bupati Bogor Karyawan Fathurahman salaku kokojo di acara ieu dina pangjajapna ngajéntrékeun, kagiatan gotongroyong téh warisan karuhun urang, kitu ogé situs Cibalay ieu, duanana geus sapantesna ku urang kudu dijaga jeung dipiara. “Ngan omat, ulah pépénta ka batu!” tandesna. (HMA/HD)

No comments:

Post a Comment