Thursday, 2 June 2011

“Visit Bogor 2011” Rék Dibawa Kamana?

ku: Djasépudin

    “Kasenian kabudayaan jasana sanés lumayan.” Kalimah ieu remen dihaleuangkeun ku juru kawih atawa sinden. Lamun ngabandungan laju ngalenyepan éta kekecapan turta didasaran ku ati nu wening, hakul yakin, hirup-huripna kabudayaan bakal mekar sarta manjang sinambungan tepi ka mangsa nu bakal datang.
    Hanjakal, eusining éta kawih téh bangun dianggap teu pira. Padahal, kaéndahan basa jeung ajén palasipahna mun dilenyepan mah bisa nodél mamarasing rasa. Ari sabab, mun mamaras rasa bisa katodél, Insya Alloh, sing sakur paniatan nu baris dipilampah leuwih daria, rapékan, taliti,  jeung ati-ati.
    Tangtu baé teu kumna masarakat bisa ngamana’an sarta nga-laksanakeun dina kahirupan sapopoé ngeunaan rupaning palasipah nu diwariskeun ku para karuhun. Réa sabab nu jadi cukang lantaran. Tapi, nu pangutamana mah lebah paniatan, élmu pangaweruh, waragad, sarta kakawasaan.
    Tah, ditilik tina dadaran di luhur nu ngan sauted téh, keur kuring sakuringeun mah, tarékah réngréngan pamaréntah Kabupatén Bogor dina ngokolakeun budaya jeung pariwisata téh kawilang tacan daria jeung saayana.
  
    Lain sisiwo komo ngawadul tanpa bukur mah kuring nyebut kitu téh. Teu percaya? Mangga urang sebut dua baé. Kahiji, tinggaleun jaman. Kiwari téh urang hirup dina alam kasajagatan. Béja di lembur Leuwinutug, upamana, bisa ngan sakocépatan tepi ka urang Los Angeles. Nya kitu deuih, polah David Beckham di Amérika ngan sakedét nétra ditoong ku Ceu Nunung di Ciampéa.
    Tangtu baé gancangna warta ti sakuliah dunya téh alpukahna téknologi internét. Ku internét urang bisa ngémbarkeun rupaning kabeungharan jeung kapentingan kalayan gancang. Ku internét, keur mah gampang dina midangna ogé témbong ginding. Némbong nu ginding bari pikatajieun, piraku urang deungeun teu daratang ka lembur urang.
    Lebah internét, saenyana mah Pemkab Bogor, pangpangna nu ngokolakeun budaya jeung pariwisata geus rada melék. Ngan baé, arinyana ninggang dina paribasa tuturut  munding jeung geledug ces.
    Waktu ieu pedaran dikotrét, Saptu 5 Maret 2011 blog nu alamatna http://disbudpar.bogorkab.go.id/ warta atawa artikel nu midang di kaca panghareupna atawa tepasna eusina téh data nu geus ladu bin basi téa.
Enya, di dinya aya warta ngeunaan kagiatan kabudayaan di Sindangbarang. Ngan baé, éta warta téh meunang nyokot sagemblengna tina Radar Bogor, tanggal 18 Desember 2008. Nu jadi teu ngarti, naha urang pamaréntahan teu aya nu bisa nulis warta kitu-kitu baé? Naha salila Januari 2009-Maret 2011 teu aya kagiatan kabudayaan di Kabupatén Bogor? Mun téa mah aya, kumaha kadar kagiatanana?
    Tangtu baé ari kagiatan kabudayaan mah pastina digelar unggal taun gé. Ngan, naha éta kagiatan téh dina prak-prakanana geus dikokolakeun sacara daria? Diémbarkeun ku média-média kelas régional jeung nasional?
    Muhun, cara féstival dondang. Boroning réa hikmahna, nu jelas para guru di lingkungan Disdik Cibinong baé réa nu ngangluh. Ari sabab, tiap SD kudu nyieun dondang katut eusina, ngabring ka lingkungan kantor Pem-kab Bogor. Tapi ku lulugu Disdik teu meunang ngagunakeun duit BOS. Ari di sakola rupaning kagiatan téh ngan ngandelkeun duit BOS jeung teu meunang mulut iuran ti murid. Antukna, para Bapa jeung Ibu Guru téh kantun jangarna.
    Harita kénéh, kuring mukaan situs atawa blog séjénna nu dikokolakeun ku urang Pemkab Bogor. Bleg baé papanggih jeung situs nu alamatna http://www.wisatakabupatenbogor.com. Cara situs http://disbudpar.bogorkab.go.id/ situs http://www.wisatakabupatenbogor.com ogé pida-nganana ogé témbong teu pikabitaeun. Éstuning asal nyieun baé kawasna mah.
    Rada béda jeung situs mémehna, situs nu kadua mah rada pireug-reugeun sugan. Témbong dina kaca panghareupna sarta jadi pamapag munggaran pikeun nu nganjang ka éta situs aya tulisan: Selamat Datang di Website Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Kabupaten Bogor. Website ini berisi informasi seputar wisata alam, wisata buatan dan budaya yang ada di Kabupaten Bogor…Pada tahun 2011 Kabupaten Bogor akan mengadakan hajatan besar yaitu Visit Bogor 2011.
Pireugreugeun téh geus deukeut-deukeut kana ngabukti. Nalika kuring ngimeutan data-data di béh handapeunana sarta dina kaca séjénna horéng pelengkeung bengkas nyalahan alias kabelejog.
    Teu rék kuciwa kumaha, dina éta situs ngan majang salah sahiji tempat futsal di wewengkon Cileungsi, salah sahiji bioskop di budeureun Sentul, tempat dahar pasakan Jepang, sarta agenda dinas modél rapat atawa pelatihan taun 2010.
    Kumaha rék daratangna       urang deungeun ka lembur urang ari nu dipidangkeunana nu kitu mah. Kapan, modél lapang futsal, tempat dahar, bioskop, tempat nginum mah leuwih ginding di luar negeri. Teu aranéheun teu sing bangsa asing ka nu karitu mah. Cik atuh nu dipajang nu teu aya di batur tapi nyampak di urang, modél sajarah katut gambar atawa pélem angklung atawa penca atuh.
    Lian nu tradisional atawa nu leuwih nyunda, tangtu baé eusining situs nu hadé tur dipikaresep ku batur mah nu data-datana terus anyar jeung nambahan. Lain ieu mah éta-éta kénéh bari éta ogé meunang néplak ti batur.
    Kadua, teu engeuh kana Peraturan Daérah. Pemda Jabar téh kapan boga Perda No. 5/2003 tentang Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daerah, Perda No.6 Tahun 2003 tentang Pemeliharaan Kesenian, Peraturan Daerah No. 7 Tahun 2003 tentang Pengelolaan Keperbukalaan, Kesejarahan, Nilai Tradisional dan Museum.
    Tah, mun engeuh kana éta Perda mah atuh di budereun kantor Pemkab baé pidangan kasenianana ogé lain band-band ti Jakarta atawa Bandung doang. Matak naon saban malem Minggu pidangkeun ogé jaipong, lénong, sarta kasenian urang Bogor séjénna, atawa paméran barang titinggal karuhun kalayan mayeng.
    Patali jeung Perda No. 5/2003, Pemkab Bogor mah kamari baé, tanggal 21 Pebuari, teu ieuh ngayakeun miéling poé basa indung sadunya. Malah, teu sakali-kali acan. Padahal ti taun 1999 UNESCO baé geus nyindekkeun basa indung atawa basa séké sélér téh penting pisan.
    Kétang, boroning masalah budaya jeung pariwisata, ngurus ramijudna patalimarga di Simpang Tilu Cibinong, upamana, teu manggapulia alias éléh ku tukang dagang CD bajak-an. Antukna, Cibinong téh beuki macét, panas, bécék, jeung bau.
Ari kitu mah keur nanahaon ngajeblag tulisan Visit Bogor 2011?

Djasépudin
Panitén kabudayaan; alumnus Program Studi Sastra Sunda Unpad Bandung

No comments:

Post a Comment