Tuesday 28 September 2010

Situs Sindangbarang Ditalungtik ku Balar Bandung

Mimiti poé isukan (Kemis 30/9), Balai Arkéologi (Balar) Bandung baris ngalakukeun panalungtikan di wilayah Sindangbarang. Jeroning panalungtikan ieu, Balar baris ngayakeun ékskavasi di salasahiji situs nu aya di Sindangbarang.

Saméméhna, Balar Bandung sahenteuna geus tilu kali ngayakeun panalungtikan di wewengkon Sindangbarang ieu ti taun 2007 kénéh.
Ngan panalungtikan nu geus dilakukeun téh kakara sawates ngadata kapurbakalaan nu nyampak waé.

 Taun 2008, Balar Bandung ogé kungsi ngayakeun panalitian di wilayah Bogor, nyaéta di Kampung Muara. Harita, panalungtik ti Balar Bandung ngalakukeun ékskavasi di situs ieu, teu jauh ti prasasti Kebon Kopi I (prasasti Tapak Gajah). 

Ayana rencana ti pihak Balar Bandung meunang tanggapan anu positif ti Kapala Bidang Kabudayaan Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Pamaréntah Kabupatén Bogor Juanda Dimansyah. Juanda nétélakeun, ayana panalungtikan anu terus-terusan ku Balar Bandung, némbongkeun yén wilayah Bogor téh dipandang penting dina hal titinggal arkéologisna.

Samentara arkéolog Agus Aris Munandar anu pangmimitina nalungtik sarta ngembarkeun situs Sindangbarang kungsi ogé méré saran ka pihak Balar Bandung. Inyana nyarankeun lamun seug rék dilakukeun ékskavasi, tempat nu paling cocog nyaéta di situs Batu Karut. "Di Batu Karut ieu sigana tempat puseur ritual anu dilakukeun ku karuhun urang Sindangbarang baheula." Agus ngajéntrékeun.

Di tempat séjén, panitén masalah kapurbakalaan Bogor Inotji Hajatullah miharep, panalungtikan nu baris dilakonan ku BalarBandung di situs Sindangbarang ieu bisa mawa hasil anu nyugemakeun, henteu waé pikeun nambahan data sajarah lokal Sindangbarang, tatapi ogé bisa ngeuyeuban sajarah Sunda tur Nasional. (Bal)



No comments:

Post a Comment