Monday 6 September 2010

Kapanggih deui Rorongkong Manusa di Guha Pawon

NGAMPRAH - Dua bagian tulang manusa prasajarah  kapanggih dina ekskavasi di wewengkon Guha Pawon Kabupatén Bandung Barat sawatara waktu kaliwat. Saméméhna, geus direkonstruksi genep rorongkong manusa hasil tina panalungtikan di sabudeureun kawasan Guha Pawon ieu.

"Dina ekskavasi ayeuna, Balar (Balé Arkeologi) manggihan  dua fragmen tulang, nyaéta sésa rahang sarta huntu manusa anu kacampur jeung sésa kadaharan," ceuk panalungtik ti Balé Arkeologi Bandung, Lutfi Yondri, Minggu (5/9).

Kawas diwartakeun saméméhna, Balé Arkeologi Bandung ngayakeun ekskavasi  pikeun nuluykeun panalungtikan di kawasan Guha Pawon, salila dua minggu dimimitian Jumaah (20/8) nepi ka Saptu (4/9). Ekskavasi ayeuna manggihan rébuan fragmen tulang, sésa kadaharan, sarta batu obsidian.


Kaitung saprak 2003, geus dipigawé tujuh kali ekskavasi di kawasan situs Guha Pawon. Sapanjang waktu kasebut, geus junun direkonstruksi genep rorongkong manusa prasajarah, anu mindeng disebut "Manusa Pawon", kalayan rincian lima rorongkong ti Guha Pawon sarta hiji rorongkong ti Gunung Ujung, anu tempatna teu jauh ti Guha Pawon. Kagenep rorongkong éta ngabogaan umur sarta génder nu béda-béda. Kira-kira umurna 5.600 nepi ka 9.500 taun ka tukang.

Lutfi ngeceskeun, timuan dua fragmen rahang sarta huntu kasebut beuki nguatkeun sangkaan yén wewengkon Guha Pawon baheula dipaké tempat kahirupan manusa prasajarah. Tapi, alatan fragmen anu kapanggih ngan saeutik, kecap Lutfi, rada hésé ngaidentifikasi naon génderna.

Manéhna ngira-ngira, henteu katutup kamungkinan baris kapanggih deui tanda kahirupan nu séjén dina mangsa prasajarah. Pasalna, sacara kaelmuan kira-kira jalma anu ngeusian Guha Pawon dina mangsa prasajarah ngahontal 20 nepi ka 30 jalma. Angka kasebut dipibanda kalayan ngitung rohangan anu diperlukeun manusa pikeun hirup, dibandingkeun  estimasi lega Guha Pawon saméméh runtuh. 

No comments:

Post a Comment