Sigana geus ilahar ari di urang mah, ogé di ampir sakuliah Indonésia, mun pas poéan lebaran atawa Idul Fitri téh kudu nyadiakeun kupat. Nepi ka lebaran téh idéntik jeung kupat. Keur sabagian urang mah ngarasa can lengkep mun pas poéan lebaran teu ngadahar kupat. Rarasaan téh aya nu kurang, asa hambar, siga sayur teu diuyahan.
Ku kituna, teu aneh mun pas ngadeukeutan poé lebaran, siga ayeuna, kabutuhan cangkang kupat karasa tambah undak.
Para padagang cangkang kupat nu réa di sakuliah Bogor ogé geus papaheula mesenan cangkang kupat ka séntra-séntra cangkang kupat di kampung-kampung sabudeureun Bogor.
Salasahiji tempat nu bisa disebut séntra cangkang kupat di Bogor, nyaéta Kelurahan Cimahpar. Di dieu mah henteu waé rek ngadeukeutan poé lebaran, tapi dina poé biasa ogé loba penduduk anu mémang pakasabanana nyieunan cangkang kupat. Rebuan cangkang kupat unggal poéna diproduksi di Cimahpar ieu, anu sumebar didaragangkeun di pasar-pasar sabudeureun Bogor.
Dina saminggu deui ka lebaran, jumlah pengrajin cangkang kupat di Cimahpar ieu jadi tambah rea ku ayana pengarajin anu dadakan. Pengrajin dadakan ieu milu ngamangpaatkeun lobana pesenan cangkang kupat anu mémang kabutuhunana jadi nikel. Henteu waé kolot, tapina budak ogé loba nu milu ancrub nyarieunan wadah kupat tina anyaman daun kalapa ieu. Sasatna méh unggal imah di Cimahpar, Bogor Utara ieu nyarieunan cangkang kupat.
Dina sapoéna, dina hiji imah téh aya nu bisa nyieun tepi ka sarebu cangkang kupat. Jumlah nu sakitu téh singhoréng tacan bisa nyumponan pamesen ti para padagang.
Ku para pengrajin, cangkang kupat teh biasana dijual per gabung (iket) nu hargana 5.000 atawa 6.000. Sagabungna téh aya 10 cangkang kupat. Para pengrajin ieu aya nu ngaku bisa meunang untung tepi ka ratusan rebu rupia saban poéna. Enyaan cangkang kupat téh keur meujeuhna maréma! (Bal)
Friday, 3 September 2010
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment