Friday 4 June 2010

Paleis te Buitenzorg nu Kakoncara

Dina taun 1745 van Imhoff ngadegkeun hiji wangunan nu ayana di sisi Cihaliwung, peuntaseun Kampung Sempur. Arsitéktur wangunanana sabenerna meunang niru ti hiji kastil nu aya di hareupeun gapura Brandenburg di Kota Postdam, Jérman. Kastil ieu téh milik Fréderik Agung nu digunakeun pikeun istirahat ngaleungitkeun karingrang jeung kasusah, nepi ka dingaranan sans souci (ti bahasa Perancis, sans = tanpa; souci = guligah, marudah, melang). Satuluyna kastil nu meunang ngararancang Knobelsdorp ieu dijadikeun tempat istirahat ku Fréderik Willem IV salila usum panas.

Wangunan nu aya luhureun Cihaliwung ogé ku van Imhoff dingaranan ku basa Walanda nu sarua pisan hartina jeung sans souci, nyaéta buitenzorg (buiten = di luar; zorg = ringrang).  Kecap sans souci atawa buitenzorg ka béhdieunakeun ku urang Inggris mah disalin jadi without care. Waktu anyaran diwangun, pakarangan hareup anu sakitu legana dipelakan ku mangpirang-pirang kekembangan.


Dina taun 1818 didatangkeun sato uncal (Axis axis) ti Asia daratan nu tepi ka kiwari nyampak lalumpatan di pakarangan istana jeung remen diparaban ku nu ngahaja nganjang ka dinya, utamana mah pas poéan peré saperti Saptu jeung Minggu. Kiwari sato uncal téh jumlahna kira-kira geus aya 800-an uncal.

Buitenzorg atawa bisa disebut ogé pasanggrahan kungsi ngalaman sababaraha kali dirénovasi nepi ngajadi paleis (istana). Dina taun 1801 ku Gupernur Jénderal Daendels dijadikeun puseur pamaréntahan Hindia Walanda. Hal ieu disusul ku besluit (surat putusan) ti Ratu Walanda dina taun 1870 anu netepkeun gupernur jénderal kudu cicing di paleis Buitenzorg.

Ku ayana paleis katut 'sLands plantentuin atawa Kebon Raya téa, atuh ngaran Buitenzorg kamashur ka mana mendi nepi ka mancanagara.  Le Compte du Beauvoir, urang Perancis nu kungsi datang ka tempat ieu taun 1868, nyaruakeun kaagréngan paleis téh jeung istana Versailles nu aya di Paris.

Ari ku Arthur Keiyser nu asalna ti Amérika mah disebutna ogé The Washington of Java, alatan paleis téh sarupa jeung Gedong Bodas (Capitol) nu aya di Washington DC.  Kitu deui ku Lindenborn, urang Walanda nu sindang taun 1927, nyebutkeun yén Buitenzorg téh minangka Den Hag-na Hindia Wlanda.

Gupernur Jénderal panungtung nu nyicingan paleis, nyaéta A.M.I. Tjarda van Srarkenborgh Statchouwer dina taun 1942. Sawaktu zaman Jepang, paleis téh diubrak-abrik ku tentara Jepun. Barang-barang nu tina beusi dijarah, diringkid ka nagarana, dilebur pikeun nyieun bedil jeung mariem. Ngan aya hiji banda nu teu diringkid ku bala tentara Jepang téh, nyaéta "eunteung sarébu".

Dina zaman révolusi, bulan Séptémber 1945, sabenerna paleis téh kungsi direbut ku para pamuda, ngan ku alpukahna Sutan Sjahrir, para pamuda téh ngéléhan nepi ka paleis dipasrahkeun deui ka tentara Inggris.

Satuluyna ahir taun 1949 sabadana pamaréntah Walanda nyerahkeun kadaulatan ka pamaréntah Indonésia, paleis mimiti dicicingan ku Présidén RI nu munggaran. Ti harita, paleis téh salin ngaran jadi Istana Bogor sakaligus jadi tetenger kota Bogor.

Sagédéngeun ayana parobahan dina adeganana, banda koléksi nu jadi pangeusi jeung papaésna ogé kacida nambahanana. Kiwari koléksi patung di sabudeureun istana teu kurang ti 360 patung. Salasahijina nyaéta patung Si Dénok nu dijieun ku Trubus nu aya di taman pipireun istana. Si Dénok bisa disebut produk dalam negeri, sedengkeun réréana mah patung-patung nu jadi koléksi istana Bogor téh daratangna ti mancanagara.

Kitu ogé lukisan nu jadi papaés di dingding istana nu jumlahna aya kira 450 lukisan, loba nu mangrupa karya master piece, boh hasil karya palukis negeri sorangan, kayaning Radén Saléh, Affandi, jeung Basuki Abdullah, ogé palukis ti negeri deungeun.

Loba kajadian penting nu setting-na téh di istana Bogor, saperti Konferénsi Bogor taun 1954 (saméméh KAA Bandung 1955), kajadian Supersemar 1966, Konferénsi APEC 1994, sawala ulama ti 50 nagara taun 2007, jst.

Dina raraga miéling poé ngadegna Kota Bogor, biasana sok diayakeun open house ka tetenger Kota Bogor ieu, nu jadi kasempetan pikeun warga masarakat ningali kaagréngan, dangiang, tur sajarah panjangna paleis nu kakoncara ieu. (IH/HMA)

No comments:

Post a Comment