Friday 14 May 2010

Ngahirupkeun Deui "Kaulinan Urang Lembur"

Kotak-kotak téh digambar di luhur taneuh maké kapur bodas. Rizal (9) ajleng-ajlengan ti kotak kahiji ka kotak-kotak saterusna. Babaturanana sasakolana di SDN Pasanggrahan 3, Kec. Cilawu, Kab. Garut aya anu arulin gatrik, pérépét jéngkol, rorodaan, nepi ka sorodot gaplok.

Réntétan kaulinan tradisional Sunda kasebut nyampak basa diayakeun Pasanggiri Kaulinan Barudak Urang Lembur di lapang Ngamplang, Désa Cimaragas, Kacamatan Cilawu, Garut, Rebo (12/5). Cacak dina téma kaulinan barudak, pamilonna henteu ngan barudak, nu geus déwasa gé aya nu milu ilubiung kana acara éta, minangka bagian ti tilu belas pamilon wawakil kacamatan sa-Kab. Garut.


Gelaran pasanggiri kaulinan barudak ieu mangrupa salah sahiji usaha pikeun ngamumulé kaulinan tradisional. Sabab, kiwari barudak leuwih gumbira aya di hareupeun layar komputer ngulinkeun kaulinan online atawa ulin katangkasan liwat pakakas saperti Playstation, nintendo jsté, sedengkeun kaulinan barudak tradisional mimiti kapohokeun.

"Ngaliwatan kaulinan, urang, ti mimiti budak nepi ka kolot, diajar pikeun mikanyaah budaya Sunda," ceuk Wakil Bupati Garut Diky Candra.

Kaulinan anu dilombakan, dimimitian ku sondah, gatrik, pérépét jéngkol, bebedilan, rorodaan, kelom batok, jajangkungan, sarta éngklé. Keur nangtukeun nu meunang, dipungkas ku kaulinan sorodot gaplok.

Di antara kaulinan nu dipasanggirikeun, bebedilan jadi nu panghéséna. Saeutik pisan pamilon nu langsung bisa keuna kana sasaran dina sakali némbak. Rata-rata kudu ngulang puluhan kali. Teu aya pamilon nu terus ambek, alatan sasaranna teu keuna baé. Pamustunganana manéhna teu neruskeun usahana sabab lawanna geus ngahontal gurat leuwih tiheula. Kaulinan bebedilan ieu boga mangpaat diantarana  pikeun ngasah konséntrasi budak.

Kaulinan barudak jaman baheula memang loba, rupa-rupa, sarta euyeub ku ajaran, ceuk légégna mah pinuh ku filosofi. Kaulinan éta mucnghul teu leupas tina lingkungan tempat éta barudak tumetep. Barudak anu ngalaman budaya tatanén, jauh ti pangwangunan modérn, hirup di tengah sérang (sawah), huma, jeung walungan pasti kungsi ngasaan ngulinkeun kaulinan-kaulinan di luhur. Salila aya amparan taneuh kosong di dinya aktivitas ulin baris dipigawé, terus sanajan peuting geus manjing gé.

Wewengkon Garut anu wewengkonna mangrupa sérang, ladang, jeung walungan di mana-mana. Tapi, dina kahirupan nyata, kaulinan kasebut kiwari geus kasingkirkeun ku jaman. Bareng jeung ngilesna amparan lapang tempat ulin, panerus nu ngulinkeun kaulinan baheula gé milu leungit. Kabiasaan ulin mimiti robah, bareng jeung sumarambahna téknologi visual modérn, nu napak ka unggal wewengkon.

No comments:

Post a Comment