Thursday 24 June 2010

Euyeub, Jalma Nganjang ka Istana Bogor

Minat masarakat nganjang ka Istana Bogor katembong euyeub. Salila Istana Bogor Open 2010, jumlah nu daratang ngahontal 65.000 urang. Maranéhanana lain waé nu cicing di Bogor, tapi ogé wisatawan ti luar daerah sarta mancanagara.

”Dibandingkeun taun kamari, jumlah nu datang ngaronjat pisan. Taun kamari kacatet 46.000 jalma, ayeuna 65.000 urang,” béja Kapala Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kota Bogor Artiana Yanar, Rebo (23/6).

Istana Bogor Open dilaksanakeun pikeun miéling poé ngadegna Kota Bogor nu ka 528.
Istana dibuka pikeun masarakat umum salila tujuh poé gawé, nyaéta 14-17 Juni jeung 21-23 Juni. Istana Bogor ieu kaasup tempat nu miboga ajén sajarah anu mindeng didatangan ku para pamingpin dunya. Di dinya, maranéhanana ngabahas rupa-rupa masalah dunya sarta néangan solusina.

Rebo nyaéta poé pamungkas Istana Bogor Open. Dina poé éta, antrian warga anu hayang asup ka Istana Bogor beuki mahabu. Maranéhanana mimitian ngantri ti saprak pukul 07.00.

”Poé pamungkas, jumlah nu datang 12.000 jalma,” ceuk Kapala Widang Pariwisata Rény Handayani.

Unggal poé, panitia nganganteur rombongan nu hayang nyaho kaayaan di jero Istana Bogor. Hiji rombongan dieusi kira-kira 200 jelema. Maranéhanana meunang karcis asup Istana Bogor pikeun nganjang dina poé kasebut.

Para pamilon Istana Bogor Open kaci difoto di buruan hareup Istana Bogor. Maranéhanana ogé meunang nempoan koléksi lukisan sarta foto di rohangan pamer karya seni di kompleks istana.

Puluhan lukisan koléksi istana ieu miboga téma kaéndahan alam, kahirupan sapopoé, sarta awéwé. Samentara puluhan koléksi foto ngaabadikeun sagala rupa kagiatan para présidén RI waktu maranéhanana maréntah, mimiti ti Présidén Soekarno nepi ka Présidén Susilo Bambang Yudhoyono.

No comments:

Post a Comment