Wednesday 18 August 2010

Séntra Kebon Anggrék di Gunung Geulis

Sigana kawasan Gunung Geulis ka hareupna bakal leuwih “geulis” ku ayana séntra kebon anggrék anu diwangun ku Perhimpunan Anggrék Indonésia (PAI). Teu tanggung-tanggung, PAI nyieun kebon anggrék di Désa Gunung Geulis nu kaasup Kecamatan Sukaraja Kabupatén Bogor ieu salega 12 héktar.

Kebon anggrék Gunung Geulis ieu geus diresmikeun ku pupuhu PAI Mufidah Jusuf Kalla (5/8), jeung rencanana bakal jadi tempat keur ngabibitkeun sarta ngabotolkeun tangkal anggrék nepi ka gede.
Ari keur ngamekarkeun kembang anggrékna mah baris diadegkeun kebon husus, masih di Kecamatan Sukaraja kénéh nu legana sarua 12 héktar ogé.

Dipiharep, ku ayana kebon bibit anggrék ieu bisa nyumponan pangabutuh bibit anggrek keur patani anggrék lokal. Salila ieu, lolobana mah bibit anggrék téh diimpor ti Taiwan.

Numutkeun Mufidah Jusuf Kalla, di kebon anggrék ieu bisa dilakukeun kawin-silang antara bibit-bibit anggrék boh nu aya di Indonésia, ogé bibit beunang impor, sahingga dipiharep bisa ngahasilkeun bibit anggrék anyar nu kualitasna alus.

Wilayah Gunung Geulis dipandang miboga iklim nu cocog keur tumuwuhna tangkal anggrék nu kawéntar ku kaéndahan kembangna ieu. Lamun seug ka hareupna Gunung Geulis tinekanan jadi séntra kebon anggrék, tinangtu bisa dijadikeun tempat tujuan wisata. Hal ieu, tangtuna waé, bisa jadi pangrojong keur program “visit Bogor” nu keur dirarancang ku Pamaréntah Daérah Kabupatén Bogor. (Bal)

No comments:

Post a Comment