Pamaréntah Kabupatén Bogor kudu sagancangna nyieun aturan daérah (Perda) ngeunaan Banda Cagar Budaya (BCB). Pangpangna, cacak geus aya UU Nomer 5 taun 1992 ngeunaan BCB, nyalametkeun tur mulasara BCB di Kabupatén Bogor téh hésé kénéh dipigawé.
"Perda ieu pisan anu engkéna bisa dijadikeun "pakarang" pikeun ngaropéa sarta nangtayungan BCB ti pihak-pihak anu henteu tanggungjawab," ceuk Kabid Kabudayaan Disbudpar Kab. Bogor Djuanda Dimansyah.
Samentara pikeun mulasara BCB anu aya, pihakna masih ngarujuk kana UU kasebut, sarta ngainvéntarisir BCB anu sumebar di sakuliah wilayah Kab. Bogor. Nepi ka ayeuna, ti 104 tempat (situs) jeung barang anu diperkirakeun BCB, pihakna geus ngainvéntarisir 25 situs, di antarana Batu Tulis Ciaruteun, Garisul, jeung Sumur Jalatunda di Kampung Budaya Sindangbarang. "Kami réréongan jeung sakabéh unsur pikeun migawé ieu, aya ti ahli BCB, arkéolog, katut masarakat anu cicing di sabudeureun lokasi BCB," sambungna.
Lain ngan BCB, barang-barang unik ogé milu didata. Ku ayana Perda ieu, engkéna barang-barang bisa dijaga tur disalametkeun. Djuanda ngécéskeun, aya sawatara klasifikasi pikeun nyaho naha barang-barang éta téh miboga ajén sajarah atawa henteu. Di antarana, umur barang éta kudu geus di luhur 50 taun, sarta tempat bisa dikembangkeun jadi pusat panalungtikan jeung atikan.
Sajaba invéntarisir, ngaraksa jeung mulasara BCB tetep dipigawé. Salasahijina ku cara ku cara ngajaga barang-barang nu geus ditetepkeun sarta dikategorikeun BCB. "Urang hayang ngaropéa BCB ieu sangkan bisa jadi hiji objék wisata nu bisa didatangan ku para turis," pungkas manten camat Pamijahan ieu. (BAL)
Sunday, 3 January 2010
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment