Wednesday 23 December 2009

Jentréng Kacapi Miéling Poé Indung

TASIKMALAYA -- Jentréng waditra musik kacapi ngaramekeun kagiatan miéling poé indung 22 Désémber anu dilaksanakeun para kaum ibu-ibu di gedong Galih Pawéstri, Kota Tasikmalaya, Jawa Barat, Salasa (22/12).

Musik kacapi anu dipirig ku saurang siswi SMA 2 kota Tasikmalaya, Nidia Rénaningtyas (17) éta sanggup ngahibur para kaum ibu-ibu PKK sarta masarakat umum anu ngarayakeun miéling poé indung.


Pintonan ngajentréngkeun waditra musik tradisional kacapi ieu mangrupa salasahiji tina runtuyan acara hiburan dina peringatan poé indung di Kota Tasikmalaya.

Nu metik kacapi téh nembangkeun tembang nu cukup ngabrangbrangkeun para kaum ibu-ibu kaasup Walikota Tasikmalaya, Syarif Hidayat reujeung istrina Ny Rosye Syarif Hidayat anu hadir dina acara éta.

Numutkeun Nidia, ngulinkeun musik kacapi dina kesempetan acara perayaan poé indung di Kota Tasikmalaya miboga kapuasan batin dina méré hiburan tradisional ka kaum ibu-ibu.

"Ieu minangka kado pikeun ibu-ibu di poé indung, yén saurang mojang masih resep kana waditra musik tradisional anu tinangtu nyieun reueus kaum ibu," jelasna.

Manéhna nambahan, sanajan ngan ngawih dua tembang nu judulna `Déwi Sartika` sarta `Hariring Nukung` diharepkeun bisa méré hiburan anu nyieun kaum ibu reueus dina ngarasakeun hariring musik kacapi.

Samentara éta pupuhu panitia acara miéling poé indung di Kota Tasikmalaya, Ny Iyan, ngajelaskeun, diayakeunana acara ieu dipiharep bisa ngajadikeun kaum ibu jadi leuwih alus di sagala aspék.

Manéhna ngaharepkeun kaum ibu tetep bajoang méré anu pangalusna pikeun bangsa, masarakat jeung ageman sarta tetep narékahan ngajadikeun anak minangka generasi bangsa anu calakan sarta babakti ka kolot.

"Poé indung ieu minangka kereueus pikeun kaum awéwé hususna ibu pikeun ngajadikeun kaum ibu teuneung sarta basajan," tegesna. (BAL)



No comments:

Post a Comment