Ku sabab réa para pihak anu miboga perhatian sarta kareueus, sakaligus salempang kana kaayaan situs Batujaya Karawang, ku kituna di Jakarta perenahna di Kantor Masyarakat Transparansi Indonesia (MTI) Jl. Pulombangkeng 11 Senopati Jaksel, poé Rebo kamari (27/1) diayakeun pajemuhan ngabahas dukungan keur situs Batujaya.
Pajemuhan ieu dihadiran ku Erry R Hardjapamekas (MTI), Cahyana A (Kantor Menkoinfo) Hérdiwan (Kadisparbud Prov. Jabar), Hasan Djafar (Arkeolog UI), Dharma Wisésa (Inohong Banten), Okki S. Jusuf (Présdir PT. Trimitra Tarumanagara), Aditia Gunawan (Filolog Perpunas Jkt), Teuku Abdullah Sanny (Guru Besar ITB), Tb. Déddy (Métro TV), Martono, Kiskénda, Rachmat Sentika, Iskandarsyah, jeung Héndra M Astari (Balébat).
Jejer pajemuhan ieu, nyaéta dukungan pikeun ngawujudna Kawasan Konsérvasi Stratégis Nasional di Percandian Situs Batujaya Karawang.
Dina kasempetan ieu, Kadisparbud Prov. Jabar Herdiwan ngungkabkeun, pihak Disparbud parantos ngadamel Masterplan keur mulasara tur ngariksa Situs Batujaya. Hal-hal nu tos dirarancang teh, antarana: 1. Netepkeun kawasan situs Batujaya salaku Banda Cagar Budaya (BCB).
2. Ngadamel Perda (aturan daérah) ngeunaan kawasan nu mibanda BCB.
3. Ngalakukeun Zonasi di kawasan Batujaya.
4. Ngawangun sarana & prasarana pendukung pariwisata.
5. Ngajadikeun situs Batujaya salah sahiji obyék wisata unggulan di Jabar.
Pakait mataholang nomer 5, Herdiwan ogé ngajéntrékeun, percandian di Batujaya tos dijadikeun tempat upacara waisak ku umat agama Budha.
Satuluyna, Prof. Dr. Teuku Abdullah Sanny maparkeun ngeunaan alat Ground Penetrating Radar (GPR). Intina alat ieu bisa ngadétéksi material naon waé nu aya di jero taneuh, kaasup hasil peradaban manusa, kalayan ngukur pantulan gelombang éléktromagnétikna. GPR minangka alat deteksi material anu ngagunakeun teknologi panganyarna. Kalolobana alat ieu digunakeun pikeun industri tambang jeung konstruksi, padahal alat ieu ogé bisa digunakeun di widang arkéologi.
Ngeunaan sajarah jeung artefak nu aya di situs Batujaya, sacara ringkes dipedar ku Dr. Hasan Djafar. Hasan ogé nerangkeun, teu pamohalan aya candi anu leuwih kolot tinimbang candi nu geus nyampak ayeuna. Arkéolog nu leuwih ti 20 taun nalungtik situs Batujaya ieu negeskeun percandian di Batujaya mangrupa titinggal ti Karajaan Tarumanagara.
Hal anu nyugemakeun datang ti Okki S. Jusuf. Pausahaan anjeunna kiwari keur ngagarap proyék kanalisasi (ngadamel kanal) ti Bukit Asam ka basisir wétan Pulo Sumatera, maksudna pikeun jalur ngakutan batubara liwat cai (walungan). Proyek kanalisasi ieu inspirasina datang tina sajarah Tarumanagara anu nyebutkeun, Raja Purnawarman nyieun saluran Chandrabaga jeung gomati (Prasasti Tugu). Ku kituna, Présiden Direktur Trimitra Tarumanagara ieu negeskeun, sagala kauntungan tina proyék nyieun kanal di bumi Sriwijaya ieu baris didonasikeun pikeun révitalisasi situs Batujaya!
Ku sabab masih kénéh seueur hal nu perelu dipatotoskeun saméméh ngadamel rarancang aksi (action plan), ku kituna baris diayakeun deui pajemuhan ping 2 Pebruari 2010 di kantorna Okki S. Jusuf di Gd. Menara Jamsostek Jl. Gatot Subroto Jakarta. (HMA)

No comments:
Post a Comment