Saturday 19 December 2009

Warga Bogor Mapag Taun anyar Islam

BOGOR - Datangna taun anyar Islam 1431-hijriah dipapag ku rébuan umat Islam kalayan ngalakukeun hélaran (tarhib) atawa pawai ti balékota, Jln. Ir. H. Djuanda, Kel. Pabaton, Kec. Bogor Tengah, Kota Bogor, nuju ka Masjid Raya, di Jln. Pajajaran, Kec. Bogor Timur. Tarhib Muharam ngabagéakeun taun anyar Islam jadi kabiasaan anu dipigawé ku umat Islam, di Kota Bogor.



Iring–iringan tarhib dimimitian rombongan muspida, nyaéta Walikota H. Diani Budiarto, Wakil Walikota Achmad Ru’yat, Ketua DPRD Mufti Fauqi, Dandim 0606, Létkol (Inf) Mirza Agus, Kapala Kantor Departemen Agama, H. Muchtar, sarta Pupuhu MUI Kota Bogor H. Adam Ibrahim.
Sajaba ngalibetkeun sakumna élémén masarakat Kota Bogor, saperti ti kalangan murid sakola, santri, pagawé ti Pamkot Bogor, pagawé kantor Departemen Agama, Déwan Kamakmuran Masjid (DKM), jamaah majelis taklim, tarhib ogé dituturkeun ormas Islam sa-kota Bogor. “Kira-kira 5.000 urang miluan dina tarhib ayeuna,” ceuk Kasubag Agama Bagian Kamasarakatan Kota Bogor, Wawan Shanwani.

Tarhib beuki euyeub ku hadirna pasukan drum-band Pusdikzi, Universitas Pakuan (Unpak), sarta drum-band Pamkot Bogor. Nepina di Masjid Raya pamilon tarhib ngahadiran tablig akbar kalayan penceramahna K.H. Didin Hafidhudhin, Pupuhu Badan Amil Zakat Nasional (Baznas).

Sapanjang jalan anu diliwatan, mimiti ti Jln. Ir. H. Djuanda, Otto Iskandardinata, sarta Jln. Pajajaran nepi ka di Masjid Raya Bogor sempet macét. Puluhan patugas disiagakeun pikeun ngatur patalimarga di sapanjang jalan anu diliwatan pamilon hélaran.

Walikota Bogor, H. Diani Budiarto negeskeun kagiatan anu rutin dipigawé saban taun di Kota Bogor pikeun ngingetkeun ka sakumna umat Islam ngeunaan datangna taun anyar 1431 Hijriah. Kagiatan ieu ogé, pikeun leuwih ngaremékeun ukhuwah sarta syiar Islam jeung niat leuwih ngaronjatkeun ibadah ka Alloh SWT. (BAL)

No comments:

Post a Comment