Monday 7 December 2009

Gubernur Ngajangjikeun Gedong Kasenian

Bogor - Gubernur Jawa Barat Ahmad Héryawan baris ngawangun opat gedong kasenian di opat kota di Jawa Barat. Salah sahijinadi Bogor. Hal éta diungkabkeunana waktu ngaresmikeun Mandapa Palataran Pakujajar Sipatahunan di Kota Bogor, Saptu (5/12). Nurutkeun Gubernur, opat kota anu baris ngabogaan gedong kasenian téh nyaéta Bogor, Cirebon, Tasikmalaya, sarta Karawang.

“Bogor pikeun ngawakilan Jawa Barat bagian Kulon, Cirebon pikeun ngawakilan Jawa Barat bagian wétan, Tasikmalaya ngawakilan Jawa Barat bagian kidul, sarta Karawang ngawakilan Jawa Barat bagian kalér,” jéntré Héryawan.
Pangwangunan gedong kasenian éta, nurutkeun Gubernur, pikeun numuwuhkeun bibit seniman ngora Jawa Barat keur mulasara budaya Sunda. “Ayeuna generasi ngora kawas nu hareudang kana kasenian Sunda. Mangka ti éta, diharepkeun baris tumuwuh bibit seniman Sunda anu baris mawa kréasi anyar dina seni Sunda,” sambungna.

Prosés perencanaan sarta rarancangna sorangan geus dipigawé saprak taun 2009. Tapi, pangwangunanana direncanakeun baris dimimitian taun 2010 sacara babarengan di opat kota éta. “Kami tacan bisa mastikeun kapastianana, tapi pasti dilaksanakeun 2010,” ungkab Gubernur.

Sajaba ngawangun gedong kasenian, Pemprov Jawa Barat ogé baris ngawangun tempat-tempat pusat kagiatan kabudayaan di sawatara kawasan kalayan maké ngaran padépokan. “Rencanana aya lima belas padépokan anu baris kami adegkeun, jeung dana pangwangunan pikeun saban padepokan sagedé dua ratus juta rupiah,” wawar Gubernur.

Inohong Kasenian Sunda anu ogé nu ngadegkeun Padépokan Pakujajar Sipatahunan, Ema Ageung ngarojong pisan ayana rencana pangwangunan gedong kasenian sarta padépokan téh.
Ema Ageung ngaharepkeun, kalayan ayana padépokan jeung gedong kasenian Sunda anu baris diwangun éta, kabudayaan Sunda baris tetep kajaga sarta kamumulé. “Budaya Sunda téh minangka kasenian anu geus kaceluk nepi ka luar negri. Alatan éta urang wajib reueus sarta kudu ngabélana,” sanggem Ma Ageung.
(BAL)

No comments:

Post a Comment