Thursday 26 November 2009

Ujungan Jadi Wawakil Kasenian Jabar

Kasenian Ujungan ti Kota Bekasi baris ngawakilan Propinsi Jawa Barat dina féstival olahraga tradisional tingkat nasional anu dilaksanakeun di Ambon bulan Agustus 2010 engké. Kaputusan éta kaluar sanggeus kasenian ujungan jadi pinunjul dina Féstival Olahraga Tradisional Propinsi Jabar 2009 di Lapangan Tegalega, Bandung, (25/11).

Diterangkeun ku pupuhu panata calagara, Gumgum Gunawan, kasenian ujungan hasil ngaéléhkeun kasenian séjén anu dipintonkeun dina festival anu lumangsung dua poé ieu kawas bénjang ti Kota Bandung atawa golémpang jibrut ti Kota Bogor.

"Panentuan pinunjul didasarkeun kana orisinalitas pangemasan kasenian, sarta aspék séjén anu dipeunteun téh kawas bobot atikan, olahraga, musik, sakaligus ogé sisi hiburanana," ceuk Gumgum ngajéntrékeun.

Pupuhu Sanggar Seni Putra Budaya, Edi Badeng, ngungkabkeun kasanggupanana pikeun tandang di Ambon engké. Manéhna baris nyiapkeun pintonan anu leuwih alus nginget pamilon anu séjén baris datang ti propinsi anu béda.

Nurutkeun hasil féstival ieu, aya genep patandang ti sakuliah Jabar nu makalangan, nyaéta ujungan ti Kota Bekasi, golémpang jibrut ti Kota Bogor, bénjang ti Kota Bandung, maénpo Cikalong ti Kabupatén Cianjur, ronggéng gunung ti Kabupatén Ciamis, sarta gorol ti Kabupatén Sukabumi.

No comments:

Post a Comment