Monday 16 November 2009

Wakil Dubes Walanda Gumbira Ningali “Holland Indonésia Festival”

Bogor Hotél Institut (BHI) gawé bareng jeung Forum Indonesia-Nederland (Fined), sarta hotél salak The Heritage ngagelar "Holland Indonésia Festival" di Hotél Salak, Jalan Ir Juanda, Kota Bogor, (15/11/2009). Festival anu dibuka Wakil Duta Besar Walanda keur Indonésia, Annemieke Ruigrok boga tujuan pikeun ngawanohkeun kabudayaan anu dipiboga ku dua nagara ieu ka masarakat.

Wakil Duta Besar Walanda, Annemieke Ruigrok ngaku pohara gumbira ku lumangsungna acara ieu. “Indonésia jeung Walanda miboga hubungan dalit,“ ceuk manéhna. "Sanajan Walanda miboga sajarah mangsa ka tukang anu kurang alus di mata masarakat Indonésia, tapi henteu ngaleungitkeun hubungan eta," sambungna.

LAMUN nempo sajarah mangsa ka tukang Indonésia jeung Walanda miboga sawatara kamiripan dina hal kabudayaan. Teu saeutik warga Walanda anu mikaresep seni budaya anu asalna ti Indonésia.

"Urang Walanda pohara resep ku masakan urang Indonésia," terusna dina basa Walanda. "Kuring kataji kasoméahanana rahayat Indonésia. Kuring gumbira aya di Indonésia nu jalmana saroméah, " ceukna deui.

Sagala rupa budaya milik bangsa Indonésia dihadirkan dina festival ieu, antara lain batik jeung seni angklung. Ruigrok sempet nengetan pengrajin batik mraktékkeun cara nyieun batik tulis.

Nurutkeun R. Ay. Suni Wijogawati salaku wakil pupuhu Fined, festival kabudayaan ieu ngan digelar sapoé. Saméméh dilaksanakeun di Kota Bogor, kagiatan sarupa ogé geus dilaksanakeun di kota-kota séjén.

Suni, anu ogé management assitant Erasmus Huis, pusat kabudayaan Walanda di Jakarta, nerangkeun program sarupa baris terus dihangkeutkeun. Tujuanana mung wungkul pikeun ngaronjatkeun hubungan antara Indonésia jeung Walanda. (BAL)

No comments:

Post a Comment