Thursday 19 November 2009

Perluna Perda Cagar Budaya di Kota Bogor

Pamaréntah Kota Bogor baris narékahan medalna Peraturan Daerah (perda) ngeunaan miroséa wangunan atawa lingkungan cagar budaya. Hal ieu diperlukeun pikeun ngungkulan perkembangan pangwangunan di Kota Bogor anu pohara gancangna.
“Lamun henteu sagancangna dipangnyieunkeun aturan atawa payung hukum pikeun nangtayungan barang barang cagar budaya. Dihawatirkeun barang-barang cagar budaya anu ngabogaan niléy sajarah di mangsa baheula baris punah,“ jéntré Kapala Dines Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) Kota Bogor Adé Syarif Hidayat dina acara Workshop "Pembinaan dan Pelestarian budaya sarta Sajarah Daerah di Wisma Warung Kondang Jalan dr. Sumeru Kota Bogor, Kemis (18/11/2009).

Diaku ku Adé, pangwangunan di Kota Bogor ayeuna keur meujeuhna mahabu sarta nyababkeun parobahan anu gancang. Ku kituna mangaruhan pisan kana karopéana wangunan, situs, jeung lingkungan cagar budaya. Sajauh ieu, sambung Adé, usaha ngaropéa tinggalan sajarah jeung budaya anu geus dipigawé ku Disbudpar kakara sawates invéntarisasi jeung pendataaan, nyieun buku, panalungtikan, seminar katut pameran, sarta kagiatan workshop.

Dijelaskeun, di Jawa Barat payung hukum miroséa sarta ngariksa barang cagar budaya ngarujuk ka Aturan Daérah No:7 Taun 2003 ngeunaan ngokolakeun kabudayaan di Jawa Barat. Mulasara situs, kawasan jeung barang cagar budaya di Kota Bogor beuki kuat kalayan ayana kaputusan Menteri Kebudayaaan jeung Pariwisata RI nomer PM.25/PW.007MKP/2007 tanggal 26 Maret 2007 ngeunaan Panetapan Situs jeung Wangunan Tinggalan Sajarah di Kota Bogor minangka Barang Cagar Budaya (BCB).

Saterusna Adé ngungkabkeun, barang – barang cagar budaya henteu usik masih Loba kénéh nangtung di Kota Bogor bisa ditepungan di kawasan Bogor Tengah bagunan model indis, tinggalan mangsa kolonial. Sacara umum, kasampak kénéh wangunan tinggalan Walanda nangtung disapanjang Jalan Ahmad Yani, Sudirman, Juanda, Suryakencana, Siliwangi nepi ka Sukasari. Sajaba ti éta, terusna, disawatara wewengkon séjénna kawas di Kalurahan Sempur, Babakan, sapanjang jalan Raya Pajajaran nepi ka Kampus IPB Baranangsiang loba nangtung wangunan nu modélna tropis lokal, internasional, sarta art deco.

Di kawasan Bogor Selatan loba dipanggihan tinggalan sajarah mangrupa situs-situs sarta kawasan anu patali jeung sajarah mangsa karajaan Pakuan Pajajaran. Sajaba ti éta aya wangunan imah antik paduan indis jeung étnis Arab, hususna di Kalurahan Empang, kaasup masjid jeung astana karamat. Di Bogor Barat loba ditepungan wangunan modél arsitéktur indis, antara lain Pusat Panalungtikan Kahutanan.

Pakait jeung sajarah kolonial Walanda, sambung Adé, nyaéta ayana kahadiran Gubernur Herman Willem Daendels jeung proyék Jalan Raya Pos. Jalan ieu ngaliwatan jalan Raya Bogor–Ciluar-Cibuluh nepi ka asup jalan Ir.H Juanda, Suryakencana, Sukasari nepi ka nuju arah Punclut–Cianjur. “Loba kénéh deui wangunan-wangunan tinggalan sajarah mangsa katukang anu sumebar di 6 kecamatan Kota Bogor anu perlu dipulasara," pungkasna. (BAL)

No comments:

Post a Comment