Monday 16 November 2009

Seniman Bogor Mintonkeun Pangabisa Dina "Féstival Kemasan Seni Pertunjukan

Saeutikna 500 seniman anu kagabung dina sanggar-sanggar seni di Kota Bogor mintonkeun pangabisana dina Féstival Kemasan Seni Pertunjukan anu dilaksanakeun di Gedong Kemuning Gading Bogor salila dua poé Saptu jeung Minggu (14-15/11).

Sagala rupa kréasi dipintonkeun dina féstival ieu ku para seniman anu kagabung dina sanggar-sanggar seni di Kota Bogor. Sahenteuna, dina dua poé pagelaran geus nyedot masarakat kaasup para pelajar anu ngahaja ku sakolana diarahkeun pikeun nyaksian pintonan ieu.

Alusna deui, féstival téh teu ngan disaksian ku masarakat kota Bogor wungkul, tapi ogé meunang perhatian ti finalis Putri Indonésia taun 2009 Zukhriatul Hafiza anu ngahaja datang ka Kota Bogor dina waktu bubuka. Komo, dina poé kadua hadir wakil duta besar Walanda pikeun Indonésia Annemieke Ruigrok.

Kapala Dines Kabudayaan jeung Pariwisata (Disbudpar) Kota Bogor H. Adé Sarif Hidayat salaku nu ngayakeun féstival ngaharepkeun, yén kagiatan festival ieu baris jadi agénda taunan di Kota Bogor. “Ka hareupna urang ngaharepkeun féstival baris jadi agénda sa Jawa Barat, “ sanggem Adé.

Adé ogé nyebutkeun, kagiatan ieu diayakeun dina usaha ngamumulé sakaligus ngamekarkeun karya seni para seniman sakaligus jadi wadah keur patukeur pangalaman di antara sanggar-sanggar seni anu aya di Kota Bogor.

“Urang ngaharepkeun ka hareupna sanggar-sanggar seni anu aya di Kota Bogor henteu ngan sawates jadi pintonan, tapi baris ngabogaan niléy leuwih, hartina ngabogaan niléy jual pikeun ngarojong dunya pariwisata di Kota Bogor“.

Sajaba ti éta, numutkeun Adé ku ayana féstival ieu dipiharep baris ngamotivasi para panata tari jeung seni, pikeun leuwih ngaronjatkeun produktivitas, sarta kréativitasna ku kituna baris bisa ngajak masarakat Kota Bogor kana ngajénan jeung ngahargaan seni anu aya di Kota Bogor.

Nurutkeun Adé, lumangsungna kagiatan salila dua poé éta dibagi dua, pikeun poé kahiji bentukna féstival anu diiluan 13 sanggar seni sarta poé kadua pagelaran anu mintonkeun 6 sanggar seni.

Minangka wangun aprésiasi ti Pamaréntah Kota Bogor pikeun sanggar–sanggar anu diniléy pintonana pangalusna meunang pangajén ti Walikota Bogor. Pikeun pinunjul naskah pangalusna dihontal ku sanggar Edas, Artistik sanggar Getar Pakuan, Karawitan sanggar Wangwangan Budaya, Koréografi sanggar Obor Sakti, sarta penyutraan pangalusna dihontal sanggar Edas. (BAL)

No comments:

Post a Comment