Friday 13 November 2009

Tinun Kanékés Dipikaresep Nagara Deungeun

Lawon has hasil tinunan masarakat adat Kanékés di Kabupatén Lebak, Banten dipikaresep sing saha waé, boh ku nagara sorangan atawa ku nagara deungeun alatan kaantikan sarta kaunikanana.

Pupuhu Cita Tenun Indonésia (CTI) Okke Hatta Radjasa di Sérang, Banten, (12/11) ngécéskeun, pihakna geus miluan sagala rupa pameran hasil tinun anu diselenggarakan di Indonésia atawa luar negeri ku ngahadirkeun lawon tinun has Kanékés anu geus didisain jadi pakéan. Dina kasempetan paméran éta, loba masarakat dunya anu mikaresep sarta minat kana tenunan Kanékés ieu.

Anjeunna datang ka Banten pikeun ngamekarkeun lawon tinun ieu. "Sabenerna nu minat sarta nu hayang mah loba pisan tapi produksina lawon ieu masih kawates," ceuk pamajikan Menko Ekuin Hatta Radjasa nu ngabogaan ngaran lengkep Okktiniawati Ulfadariah sawaktu papanggih Gubernur Banten Ratu Atut Chosiyah ngabahas rencana keur ngembangkeun tinun Kanékés.

Okke ogé ngajelaskeun, tenunan urang Kanékés ngabogaan ciri husus tina motif sarta téhnik nyieunna anu kentel ku kaarifan lokal. Ku kituna pihakna baris gawé bareng jeung Dines Pariwisata Banten sarta Dines UMKM Propinsi Banten pikeun méré palatihan ka para perajin tinun sangkan hasil produksina bisa optimal sarta kualitasna leuwih ngaronjat.

Pangahirna, anjeunna mamérkeun tenunan Kanékés di Walanda dina Januari 2009, sajabana kungsi di Milan, Washington DC sarta Perancis.

Gubernur Banten Ratu Atut Chosiyah ngabagéakeun léngkah anu dipigawé ka nu mika reueus lawon tinun anu kagabung dina CTI éta, ku kituna manéhna baris ngamekarkeun tinun Kanékés ieu dina wangun ngajadikeun désa wisata anu baris dipigawé ku Dines Kabudayaan jeung Pariwisata babarengan jeung Dines Usaha Mikro Kecil dan Menengah (UMKM) Propinsi Banten.

"Kuring ngarojong léngkah positif ieu minangka salah sahiji usaha ngamekarkeun usaha leutik sarta pariwisata di Banten, susuganan mimiti 2010 geus tinekanan," pungkas Atut.

No comments:

Post a Comment