
Di palebah dieu, ulah bingung lamun jalanna heureut sarta ngaliwatan pilemburan. Kira-kira 15-20 menit miang ti Istana Présidén Batutulis Bogor, tuluy tanyakeun jeung téangan padagang laksa anu aya pas di sisi katuhu jalan. di dinya aya gubug jeung padagangna maké tanggungan.
Mun bingung kénéh, tanya waé ka sing saha baé nu lalar di dinya, moal weléh aya nu ngabéjaan ieuh, da geus nyarahoeun tempat laksa nu dimaksud téh!
Tah, ieu menu laksa nu ngeunah téa, béda pisan jeung menu laksa anu kungsi diasaan di réstoran atawa di acara kariaan. Ngahijina tahu, togé, daun suraung jeung kuah konéngna pas pisan. Pokona, kudu nyobaan laksa has Bogor ieu. Baheula sawaktu anu ngajualna masih kénéh Bapana, laksa ieu ngan buka ti jam 8 isuk-isuk, kurang ti jam 12 beurang geus béak. Ayeuna mah anakna anu nyekel usaha laksa ieu, sasadiaanana dilobaan, jadi beurang ogé masih bisa ngarasaan
Lamun aya waktu, sok geura nyimpang ka laksa has Bogor iyeu!
No comments:
Post a Comment