Monday 9 November 2009

Masarakat Ngadorong Ki Sunda Jadi Pamingpin Bangsa

SUMEDANG - Pupuhu Déwan Pembina Paguyuban Pasundan H. Ginandjar Kartasasmita ngajak inohong sarta sakumna masarakat Jawa Barat ngabogaan tekad rek ngawujudkeun sarta ngadorong Ki Sunda jadi pamingpin bangsa.

"Urang kudu miboga tekad dina taun 2014 atawa 2019 kudu aya pamingpin bangsa ti Jawa Barat, hususna urang Sunda, sahenteuna pikeun posisi wakil présidén, tapi lain kuring jelemana," ceuk manten Pupuhu DPD RI ieu di Sumedang.


Mun nilik Kabinét Indonésia Bersatu (KIB) II anu kakara dibantuk dina pamaréntahan anyar hasil Pemilu 2009, minangka salah saurang inohong Ki Sunda, Ginandjar ngaku cukup ngarasa reueus.

"Urang ngarasa reueus ku ayana genep urang putra putri anu ngabogaan akar tur kaitan jeung Jawa Barat anu asup dina jajaran menteri Kabinét Indonésia Bersatu II," pokna.

Tapi sabalikna, Ginandjar ogé sempet nyeselkeun ayana kamandang dina waktu prosés Pemilu Présidén 2009 anu miboga poténsi nurunkeun daya tawar masarakat Sunda di kancah pergaulan nasional.

Dina waktu pemilu kamari kungsi mecenghul kamandang ti inohong Sunda yén can waktuna urang Sunda mingpin nagara. Padahal, faktana suku Sunda téh kapan suku kadua panglobana di Indonésia, jeung ngabogaan potensi nu euyeub, sarta réa kader-kader anu meujeuhna pikeun mingpin bangsa. "Tapi, urang (Ki Sunda) tétéla tacan bisa sarta jigana masih kurang percaya diri," pungkasna.

No comments:

Post a Comment