Thursday 12 November 2009

DPRD Cianjur Dipénta Perhatikeun Seni Budaya Sunda

CIANJUR - Sawatara organisasi masarakat, di antarana Paguyuban Pasundan, LKC, FSPMSS, LVRI, Forsimades, wakil kades, sarta PMII Cabang Cianjur, Salasa (10/11) ngalakukeun kagiatan babarengan keur nepikeun aspirasina ka DPRD Kab. Cianjur ku cara unik. Maranéhanana dirojong ku sajumlah siswa SMP/SMA/SMK ngagelar kasenian anu jadi tilu pilar budaya Kabupatén Cianjur, nyaéta ngaos, mamaos, jeung maenpo.

Maranéhanana mintonkeun atraksi senina sacara gunta-ganti, dimimitian kira-kira jam 7.30 WIB miheulaan datangna para anggota déwan. Nalika wawakil rombongan ditarima ku anggota déwan di rohangan rapat paripurna DPRD, pintonan kasenian anu digelar di luar gedong terus lumangsung.

Abah Ruskawan, Pupuhu Paguyuban Pasundan Cianjur, salasaurang anu jadi lulugu kagiatan ieu ngajéntrékeun, pihakna dina nepikeun aspirasi ieu miboga tujuan, di antarana ngadesek DPRD ambéh nyieun perda ngeunaan usaha keur néangan, ngamumulé, ngabina, jeung ngembangkeun seni budaya tradisional sarta seni budaya wewengkon Cianjur. Saterusna ménta ogé perhatian sangkan anggaran seni budaya bisa dironjatkeun, sahenteuna bisa ngadeukeutan anggaran widang olah raga.

"Magelarkeun tilu cicirén seni budaya Cianjur ieu, sakaligus ogé dina raraga miéling poé pahlawan," teges Abah Ruskawan.

Salain ti éta, Abah Ruskawan ogé miharep, sakuduna mah kabéh anggota DPRD Cianjur téh ngaromong maké basa Sunda saminggu sakali mah dina poé gawé, jeung ogé kudu maké pakéan adat Sunda dina sabulan sakali. (BAL)

No comments:

Post a Comment