Monday, 5 October 2009

Astana van Motman Katalangsara

Wewengkon Bogor, sakumaha wilayah lianna di Indonésia nu kungsi aya dina keukeuweuk Walanda, miboga titinggal ti zaman kolonial anu kaitung réa sarta unik. Loba titinggal ti zaman Walanda nu nyampak kénéh tur masih dimangpaatkeun tepi ka kiwari. Tapi henteu saeutik ogé titilar anu teu karopéa sakumaha mistina, kaayaanana katalangsara, teu puguh pamustunganana.
Kulawarga Walanda nu kungsi lila ngalalakon di wewengkon Bogor, sarta ninggalkeun laratan nu kaitung réa, nyatana kulawarga van Motman. Salasahiji titinggal van Motman anu kakoncara, hususna di wilayah Bogor pakulonan, nyaéta astana kulawarga van Motman. Astana ieu ayana di Kampung Pilar, Désa Sibanténg, Kecamatan Leuwisadéng, Kabupatén Bogor. Sakitar 25 Km ti Kota Bogor ka arah Jasinga-keun.
Astana kulawarga van Motman téh lain pajaratan nu sambarangan. Di komplék ieu aya hiji wangunan atawa cungkup anu tohaga anu diwangun ku Tuan Motman pikeun nyimpen layon kulawargana. Layon ieu henteu dipendem, tapi diawétkeun, sarta diasupkeun kana peti kayu nu luhurna dikacaan. Tangtu waé wangunan ieu bisa disebut moseuleum, anu ngan hiji-hijina ari di Bogor mah. Duka di tempat sanés di Indonésia, aya henteu nu siga kieu téh?

Saha ari van Motman téh?
Van Motman mah jelas pisan nujul kana ngaran kulawarga (marga) urang Walanda. Lalaki van Motman anu pangmimitina datang ka Bogor (Buitenzorg mangsa harita mah), nyatana Gerrit Willem Casimir van Motman. Inyana dibabarkeun tanggal 11 Januari 1773 di Genneperhuis.
Nalika Pulo Jawa dikawasaan ku Daendles (1808-1811), Gerrit Willem Casimir jadi tuan tanah di wilayah pakulonan Bogor. Wewengkonna ngawengku wilayah Dramaga, Jambu, jeung Jasinga. Salaku tuan tanah nu miboga lahan nu kaitung lega, sahenteuna Tuan Motman nyieun tempat palinggihan di dua tempat, nyaéta wangunan landshuis nu aya di Dramaga jeung di Jambu. Landshuis Dramaga nyampak kénéh ayeuna ogé, sedengkeun imah nu di Jambu mah geus euweuh laratanana.
Kungsi ayana imah panganjrekan Tuan Motman di afdeling Jambu, bisa katangen tina katerangan ti situs www.uwstamboomonline.nl nu nyebutkeun aya opat anakna nu dilahirkeun di tempat ieu antara taun 1811 – 1814.
Dina taun 1811 ogé, lahan di Jambu mimiti digunakeun keur pakuburan. Harita putra Gerrit Wilem Casimir nu awéwé nu ngaranna Maria Henrietta van Motman tilar dunya sarta dikurebkeun di dinya tanggal 5 Désémber 1811. Saterusna aya dalapan ti 12 putra Tuan Motman anu dimakamkeun di astana Jambu ieu.
Ti dalapan urang ieu, méh sadayana maraot dina umur nu ngora kénéh pisan atawa handap lima taun (halita). Ngan saurang, nyatana Petrus Cornelis van Motman nu maot dina umur nu geus kolot. Manéhna tilar dunya tanggal 8 Oktober 1902 dina umur 82 taun. Sigana Petrus Cornelis ieu salasaurang anak Tuan Motman nu layonna dijieun mumi di cungkup astana Jambu.
Lian ti para putrana, aya saurang incuna jeung dua urang minantu Tuan Motman nu ogé dimakamkeun di dieu. Incu nu ngaranna sarua jeung akina ieu dikurebkeun tanggal 2 Séptémber 1831 dina umur lima taun. Sedengkeun minantuna, nyaéta Jacoba Djiem, pamajikanana Petrus Cornelis anu dimakamkeun tanggal 14 Agustus 1877. Ari nu hiji deui, Johanna Maria Louise Quentin, garwana Jan Casimir Theodorus van Motman anu maot tanggal 13 Séptémber 1855 sawaktu umurna kakara nincak 27 taun.
Saterusna astana ieu jadi kuburan Walanda. Teu kurang ti 33 jalma dikurebkeun di buruan cungkup moseuleum. Ngan teu pati jelas saha-sahana mah, naha masih kaasup kulawarga Motman atawa henteu.
Gerrit Willem Casimir sorangan teu pati jelas dimana dimakamkeunana. Manéhna nu tilar dunya tanggal 25 Méi 1821 di Dramaga, disebutkeun dikuburkeun di Jasinga. Naha nu dimaksud kuburan Jasinga ieu sarua jeung astana Jambu, teu aya katerangan nu leuwih pasti.
Kitu ogé, teu aya katerangan anu jinek, mayit saha-saha waé anu diawétkeun téh. Ngan nu pasti mah tepi ka taun 1965 masih kénéh nyampak opat jasad kulawarga van Motman dina peti anu dikacaan di jero wangunan moseuleum.
Saperti makam-makam urang Walanda umumna, kuburan di dieu ogé bentukna baragus jeung rata-rata maraké marmer boh nisanna boh téhelna. Lega lahan pakuburan ieu 3300 m². Di sakurilingna diwates ku pilar-pilar anu tohaga. Ti komplék astana ka jalan gedé anu jarakna kurang-leuwih 300 m diwangun jalan anu lébarna tilu meter. Malah di sisi jalan pisan diwangun dua pilar anu jangkung tur tohaga salaku lawang asup (gapura) ka astana. Ku ayana pilar-pilar ieu, lila-kalilaan mah nelah ngajadi ngaran kampung ieu.
Taun 1950-an, komplék astana Motman ieu diurus ku H. Sumatra salaku kuncénna. Manéhna meunang gajih ti kulawarga van Motman nu nganjrek di Dramaga. Tapi saprak katurunan van Motman panungtung, nyaéta Pauline Elise Laurince Marie ninggalkeun Indonésia taun 1958, teu aya deui nu maliré astana ieu. Antukna cungkup jeung pajaratan téh katélér-télér. Lila-kalilaan komplék astana loba nu ngarogahala, mimitina marmerna laleungitan, laju batu nisanna arilang, ahirna mah teu nyésa rorongkong-rorongkongna acan.
Kaayaan Kiwari

Lamun urang ngahaja ngalanto ka urut cungkup astana van Motman, bakal nyampak hiji wangunan letter plus (palang, salib) anu kelirna dominan bodas, sok sanajan bodasna geus semu hideung. Nilik kana arsitekturna mah jelas pisan gaya Walanda.
Wangunan téh nyanghareupna ngalér-ngidul. Lawang asupna ngan aya hiji di beulah kidul. Baheulana meureun lawang téh aya pantoan, ayeuna mah molongpong euweuh jajaga. Lawangna ukuranana kurang-leuwih 2 m X 1,5 m. Pas di luhureun lawang aya tulisan “FAM: P.R. v MOTMAN”.
Di unggal sisi dingding bagian luhur aya ornamén nu bentukna satengah buleud. Teu pati jelas naon fungsina, naha ngan saukur keur liang angin (érang-érang) atawa pikeun jandéla. Mun jandéla mah tangtuna baheulana aya kacana. Dina suhunan wangunan, pas di tengahna aya kubah segi dalapan anu garis tengahna 1,5 méter.
Di bagian jero wangunan, sisi beulah kulon jeung wétan aya rohangan siga kamar nu dibagi jadi dua tingkat. Nya di tempat ieu pisan disimpen opat layon atawa mumi kulawarga Motman. Di rohangan ieu nyampak kénéh rangka beusi béhel paburantak, sigana urut dicabut paksa. Ogé corétan vandalismeu nu mangrupa tulisan euweuh harti di sakuriling dingding.
Di dingding kidul jeung kalér masih katémbong kelir cét héjo mapaésan ieu tempat. Malah ragam hiasna ogé masih atra kaciri. Dingding ieu gé teu leupas ti aksi vandalismeu, loba dikotoran ku angka jeung hurup nu teu puguh hartina.
Saluareun wangunan cungkup mah éstu matak harieum. Buruan nu tadina pajaratan ayeuna geus ngajadi kebon nu teu kaurus. Jukutna geus saluhur bitis, tangkal cau gedé-leutik di unggal juru, tangkal taleus ngaliar dimana-mana. Ogé pilar-pilar nu baheulana ngajunggiring ngajaga ieu cungkup, ayeuna geus katutup ku tutuwuhan nu ngarambat ka luhur. Pamandangan nu piwatireun pisan!

Implengan ka hareupna

Nilik kaunikan wangunan cungkupna anu teu pamohalan diadegkeun dina ahir abad ka-19 atawa awal abad ka-20, urang bisa niténan arsitekturna, ornamén sarta ragam hias anu digunakeunana, material anu dipakéna, jsté. Ogé, mungkin waé bisa dipakaitkeun arsitéktur wangunan ieu jeung désain art deco anu mahabu sarta populér di awal abad 20.
Lamun seug diingkeun waé mah, moal burung wangunan cungkup astana van Motman téh bakal lastari, ilang kari ngaran wungkul. Geus sakuduna aya tarékah pikeun nyalametkeun ieu wangunan anu miboga ajén sajarah nu teu saeutik.
Léngkah munggaran anu bisa dilakukeun ku sing saha waé anu haat kana ieu heritage, nyaéta meresihan sarta mémérés tempat ieu sangkan teu hieum teuing. Pilar-pilarna dibébaskeun tina beulitan tatangkalan nu ngarambat na awakna. Saterusna tulisan hasil karya vandalismeu bisa dipupus, laju dicét deui sangkan méncrang. Komo mun terus buruanana ditata deui, dipapaés tur dipapantes mah tangtuna bisa jadi hiji taman anu éndah. “Taman Astana van Motman”, kitu meureun ngaranna!
Teu kudu sieun asup ka taman nu tilas kuburan! Di kota Bogor waé, aya sawatara tempat nu ayeuna jadi puseur raraméan, ari baheulana mah kuburan Walanda.
Ari geus ngarupa taman mah, bisa jadi tempat paniisan sarta tempat ulin anu murah meriah. Bisa waé dijadikeun tempat keur ngabagi rapor murid sakola nu aya di sabudeureunana. Leuwih hadé deui mun taman téh dilengkepan ogé ku pamflét jeung foto-foto heubeul ngeunaan ieu tempat atawa nu aya pakaitna jeung kulawarga van Motman, sahingga bisa nambah wawasan ka nu ngajugjug ka dieu.
Pikeun mulasara jeung ngajaga ieu tempat, bisa ditugaskeun kuncén ti masarakat satempat. Kuncén ieu saméméhna dibekelan heula ngeunaan sajarah jeung pentingna ieu tempat pikeun élmu pangaweruh, sangkan manéhna bisa nerangkeun kalayan bener ka sakur nu daratang.
Hal nu didadarkeun di luhur, bisa laksana lamun aya perhatian nu daria ti sawatara unsur, ti antarana: masarakat nu miboga kareueus kana titinggal mangsa baheula, masarakat satempat, aparat désa, Pamaréntah Daérah Kabupatén Bogor, jeung Balai Perlindungan Peninggalan Purbakala (BP3). Mun hal ieu geus bisa ngawujud, teu pamohalan réa jalma nu ngadongdon ka dieu, kaasup wisatawan ti mancanagara, hususna ti Negri Walanda nu hayang nyaho lalakon karuhunna baheula. Cag! (Héndra M. Astari)

1 comment:

  1. http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/6/6c/COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Familiebegraafplaats_in_Djamboe_van_de_familie_Van_Motman_TMnr_60016694.jpg/447px-COLLECTIE_TROPENMUSEUM_Familiebegraafplaats_in_Djamboe_van_de_familie_Van_Motman_TMnr_60016694.jpg

    ReplyDelete