Wednesday 2 September 2009

Pangajén Keur Bogor Tanpa Haseup Roko

Executive Director The International Union Against Tuberculosis and Lung Disease (IUATLD) Dr Nils Billo, sacara husus datang ka Balékota Bogor, Rebo (2/9).

Ngawakilan lembagana, inyana ngaprésiasi sarta ngahaturkeun layang pangajén ka Walikota Bogor Diani Budiarto, kana usahana ngawujudkeun kota Bogor ngajadi daérah tanpa haseup roko.

Dina siaran pérs nu dilansir ku Humas Pamko Bogor, Nils Billo datang ka Balékota dibaturan ku Director of the Union of South East Asia IUATLD Nevin Wilson, jeung Technical Director of the Union of Indonesia IUATLD Tara Sing Bahm.

Numutkeun Billo, upaya daria kota Bogor ngawujudkeun daérah tanpa haseup roko baris jadi conto positif, ogé bisa ditiru ku pamaréntah daérah lainna di Indonésia.

“Masarakat kudu dibéré kasadaran ngeunaan bahaya ngudud piken kaséhatan. Ogé dibéré kasadaran yén industri roko téh dikawasaan ku nagara maju, nu saenyana néangan konsumén di nagara-nagara berkembang saperti Indonésia. Industri udud meunang untung gedé téh ti masarakat miskin nu ngaroko,” ceuk Nils Billo.

Nurutkeun Billo, masarakat nu ngaroko lila-kalilaan bakal ngalaman karugian boh sacara ékonomi boh kaséhatanana. Jeung deui ngudud téh sasatna mah ngan nguntungkeun industri roko di nagara maju saperti Amérika Sarikat.

Pakait kana hal ieu, Walikota Bogor Diani Budiarto ngajelaskeun, usaha kota Bogor ngawujudkeun daérah tanpa haseup roko dimimitian taun 2004. Pikeun papayung hukumna, dimimitian ti Surat Édaran Walikota, dituluykeun ku SK Walikota, sarta disusul ku Perda Ketertiban Umum anu dijerona ngamuat aturan Daérah Bébas Haseup Roko. “ Danget ieu keur digodog Perda Khusus Daérah Tanpa Roko,” ungkabna.

Diani Budiarto jangji baris terus digawé kalayan daria sarta soson-soson keur ngawujudkeun Kota Bogor Daérah Tanpa Haseup Roko. Inyana ogé ngajelaskeun moal mapanjangkeun izin réklameu roko nu kalolobana mah izinna béak taun 2010. (HMA)

No comments:

Post a Comment