Arang langka di jaman kiwari mah manggihan jalma réa di hiji lembur babarengan marak lauk di walungan. Padahal tepi ka taun 70-an masih kénéh sering kagiatan ngala lauk babarengan ieu dilakukeun ku masarakat Sunda nu aya di sakuliah tatar Sunda.
Marak téh mangrupakeun kagiatan ngala lauk, biasana babarengan ku jalma lobaan ku jalan mendet walungan sangkan cai lebah hilirna jadi saat. Ku sabab kasaatan, lauk nu aya di dinya jadi gampang dialana. Biasana walungan nu diparak téh nu ngamalirna cai teu pati gedé atawa nalika usum halodo. Marak lauk ogé bisa dilakukeun di sétu atawa talaga. Ngan tangtuna sétu atawa talagana nu teu pati gedé.
Tina remenna kagiatan marak di hiji tempat mangsa baheulana, nepi ka mucunghul toponimi nu nujul kana kagiatan ieu, nyatana: parakan, nu hartina walungan nu sering jadi tempat marak. Aya sawatara ngaran tempat nu ngagunakeun kecap parakan, contona: Parakan Salak di wewengkon Sukabumi, Parakan Muncang jeung Parakan Baranangsiang di Bogor.
Ka béh dieukeun, nalika masarakat geus wanoh kana bahan kimia atawa barang nu matak nyieun mabok lauk-lauk nu aya di walungan, ngala lauk babarengan téh henteu diparak deui, tapi ditua. Nua lauk di walungan sok ngagunakeun déris atawa apu. Balukarna lain lauk nu galedé waé nu ditéwak ku cara kieu téh, tapi lauk nu laleutik gé milu paraéh. Leuwih ti kitu ékosistim walungan ogé jadi cemar.
Kitu deui saprak masarakat akrab kana téhnologi listrik, ngala lauk téh maké cara disetrum sagala. Ari listrikna dihasilkeun tina bateré nu diatur voltaseuna sangkan teu gedé teuing, tapi cukup pikeun nyieun lauk di walungan jadi kalenger. Ngan ngala lauk maké setrum mah teu dilakukeun babarengan ku loba jalma, tapi ngan ukur ku sababaraha jalma wungkul. Cara siga kieu ogé sarua ngabalukarkeun lauk nu laleutik paraéh.
Réana cara ngala lauk anu leuwih praktis, ngabalukarkeun kabisaaan marak lauk jadi katélér-télér, antukna mah kapopohokeun. Nepi ka barudak ayeuna mah geus teu nyahoeun deui cara-carana ogé.
Padahal tina kagiatan marak lauk ieu, réa mangpaat nu baris kahontal. Sagédéngeun keur nyumponan kabutuhan deungeun sangu nu ngandung protein héwani, marak lauk ogé bisa miara rasa silih tulungan jeung gotong-royong di antara batur salembur. Teu kitu kumaha, da ari mendet walungan mah kudu dilakukeun ku saréréa, teu bisa ngan ngandelkeun saurang-dua urang wungkul.
Bisaana dina marak téh, nu diala ngan lauk nu galedé wungkul, nu geus meujeuhna keur deungeun sangu, sedengkeun lauk nu laleutik mah teu dirogahala. Hal ieu méré lolongkrang mangsa ka hareupna pikeun ngajadikeun walungan téh bisa diparak deui dina waktu-waktu nu tangtu. Marak lauk ogé teu ngabalukarkeun walungan jadi cemar, ku sabab teu maké alat atawa barang anu ngaruksak lingkungan walungan.
Lian ti éta, marak lauk ogé bisa dipaké keur ngaleungitkeun kapusing, ku sabab pagawéanana nu pikaresepeun. Sukan-sukan di walungan bari jeung murah tur meriah. Ogé bisa dilakukeun ku sing saha baé, boh budak, boh kolot, lalaki jeung awéwé gé bisa, kari daékna baé.
Marak di Walungan Cileunbarang
Di sela-sela upacara séréntaun di Kampung Budaya Sindangbarang (KBS) awal taun 2009 ieu, kungsi ogé diayakeun acara marak lauk pikeun sakumna warga masarakat di dinya. Acara marak lauk atawa sok disebut ogé munday, dilakukeun poé Kemis (8/1) pasosoré.
Harita, walungan nu dijadikeun tempat marak téh, nyatana walungan Cileunbarang anu ngamalir di antara aréal pasawahan anu masih kénéh upluk-aplak. Sanajan hujan girimis terus-terusan ngaririncik di wilayah Sindangbarang ti isuk kénéh, tapi henteu ngendorkeun sumanget warga dinya katut sabudeureunana pikeun milu aub dina acara ieu.
Sapanjang walungan nu geus ditandaan ku parawari pikeun dijadikeun tempat munday, geus ti beurang kénéh dipinuhan ku masarakat nu hayang ancrub milu moro lauk. Ti mimiti barudak, para mojang jeung jajaka, nepi ka aki-aki jeung nini-nini geus tumplek karumpul. Sawaréhna geus siap marawa kantong kérésék keur wadah lauk.
Kitu deui anu daratang ngahaja ngan hayang jadi panongton, geus ngaliud narangtung sisi walungan. Hawa tiis bakating ku hujan girimis sapanjang poé nu dibarung ku hiliwirna angin mijih, sama sakali henteu jadi hahalang. Kabéhanana ogé harayang nyaksian dihirupkeunana deui tradisi marak lauk di Sindangbarang.
Méméh acara dimimitian, sapanjang walungan nu jadi tempat marak, dipelakan heula lauk-lauk emas ku parawari. Ngahaja hal ieu dilakukeun, sangkan nu ancrub ka walungan jadi sarumanget. Sabab, lamun ngan ngandelkeun kana lauk nu aya di walungan wungkul mah, pastina ogé hasil nu marak téh moal nyugemakéun, sagédéngeun tangtuna keur ngabongroy masarakat sangkan daék turun ka walungan.
Kokolot di lembur Sindangbarang kungsi ngécéskeun, barétona acara munday atawa marak lauk ieu osok diayakeun babarengan dina acara sidekah bumi. Ku kituna, ayeuna dina acara séréntaun ieu ditampilkeun deui. Pupuhu KBS Maki Sumawijaya ogé nerangkeun, munday téh tradisi urang Sunda nu miboga ajén yén urang bisa hirup kumbuh sareundeuk saigel jeung alam lingkunganana. (DH)

reueus lah, kang Hendra, maju terus !
ReplyDelete