Thursday 3 September 2009

Kasenian Has Bogor Bakal Dipaténkeun

Bogor - Dines Kabudayaan Jeung Pariwisata (Disbudpar) Kota Bogor bakal maténkeun dua kasénian has Bogor, nyaéta Rengkong Hatong jeung Lodong Bogoran. Léngkah ieu keur antisipasi mun aya daérah séjén ngaku dua kasénian éta.

Heunteu saukur maténkeun, Disbudpar Kota Bogor oge bakal ngadata kasénian lianna, saperti tari, jeung banda cagar budaya. "Léngkah ieu, bisa méré citra nu maneuh keur satiap daerah anu miboga kabudayaan has," sanggem Kapala Disbudpar kota Bogor Adé Sarip Hidayat.

Lamun hak patén ieu mawa pangaruh nu hadé, Disbudpar kota Bogor pasti nedunan naon nu dianjurkeun ku pamaréntah pusat sangkan pamaréntah daérah maténkeun kasenian sarta budayana.

Sédéngkeun Kabid Kebudayaan Disbudpar Kota Bogor Syahlan Rasyidi ngajelaskeun, data nu geus katarima aya dua jénis kasénian Kota Bogor, nyaéta kasénian hatong jeung kasénian lodong bogoran. "Dua kesenian ieu jadi ciri has kota bogor. Kasénian ieu dikembangkeun deui saenggeus lila teu di pintonkeun," ceuk Syahlan.

Inyana ogé nerangkeun, pangembangan ieu tangtuna miboga harti. Komo, kasénian téh minangka produk budaya nu kudu dimumulé sabagé ciri hiji daérah. Salain ti éta, kasenian ogé miboga ajén budaya jeung jadi daya tarik hiji daérah.

Dina denget ieu pihakna geus ngadata jeung ngainvéntarisir sakabéh kasénian jeung banda cagar budaya anu aya di Kota Bogor. "Kabéh gé geus di invéntarisir," tegesna (BAL)

No comments:

Post a Comment