Sabtu, 19 September 2009

Lebaran atawa Lubaran?

Urang palidkeun hayu, kapeurih ka laut asih
Meungpeung cangra nu hibar bulan purnama
Poé ieu ngagulidag caah cihampura
Sanggeus girimis bulan kamari nyerep 'na aci bumi
Ku éndah rasa sumirat rahmat Mantenna

Saban taun urang Islam mayeng ngareuah-reuah dua kali poéan lebaran: nyaéta Lebaran Idul Fitri jeung Lebaran Idul Adha. Lebaran Haji atawa Id Al-Qurban atawa Id Al-Adha atawa Id Al-Kabir hartina hari raya besar (lebaran gedé). Ari lebaran Idul Fitri atawa Id Al-Fitr atawa Id Al-Saghir hartina hari raya kecil (lebaran leutik). Tapi, di Indonésia mah kalakah lebaran leutik nu pangraména direuah-reuah téh.
Sebutan séjén Lebaran Idul Adha nyaéta lebaran Rayagung. Ari Lebaran Idul Fitri mah nelah boboran siyam atawa lebaran puasa. Bobor hartina buka, teu puasa.
Patali jeung kabudayaan Sunda, nyuméndér kana asbabun nujulna, istilah 'lebaran' paling hanteu nyuméndér kana dua kecap: 'lebar' jeung 'lubar'. Tina éta kecap urang bisa ngajujut robahna Id Al-Fitr jadi poéan 'lebaran'.
Dina ahir Ramadhan méméh solat Id, urang Islam kudu geus mayar jakat pitrah atawa Zakt Al-Fitr. Jakat pitrah gé mangrupa salah sahiji runtuyan tina Ramadhan jeung Lebaran. jakat pitrah téh sahanteuna pikeun méré rasa kabagjan keur golongan nu kaasup mustahik, nu masakat téa.
Istilah 'lebaran' méh sarimbag jeung 'lubaran'. 'Lubaran' sarua jeung 'bubar', 'leungit', atawa 'break' (béak). Lubar idah, upamana, hartina béak masa idah. Lubar puasa hartina teu puasa. Anapon ngalubarkeun dosa hartina ngaleungitkeun (ngahampura) dosa.
Kangaranan manusa tangtu moal bener salawasna. Kakeunaan ku sipat lepat jeung luput. Dosa di papada jalma mah hésé dileungitkeunana. Padahal Alloh SWT mah lautan pangampura. Kacida héséna nangénan jalma wakca balaka ngaku kasalahanana. Mana komo kudu ménta hampura ka sahandapeun. Wuih, jarang kabina-bina. Nu jadi cukangna mah urusan géngsi asa pangaingna. Ngan manusa nu jembar manah nu ngaku kana kasalahanana.

Urang sieuhkeun hayu, kaceuceub ka leuweung deudeuh
Da langit balungbang timur
Kapan béntang baranang luhureun urang
Peuting tadi ngukir tingtrim 'na angin takbir
Ku timpuh ieu kalbu sumilir bayu Nu Agung

Ku kituna, ménta hampura dina poéan lebaran Idul Fitri mangrupa wanci nu kawilang mustari. Momen nu ngeunaheun. Ari sabab, dina éta wanci, silihhampura téh geus lain baé nedunan paréntah Gusti Nu Maha Suci, tapi ogé geus jadi tradisi.
Éta tradisi téh tradisi silaturahmi, tradisi nu islami, tradisi nu kudu terus diréproduksi. Sabab, silihhampura dina poéan lebaran mangrupa salah sahiji cara nu murah jeung gampang pikeun silihlubarkeun dosa.
Hanjakal, wanci silih lubarkeun dosa téh mindeng dirécokan ku hal nu teu perlu. Éta momen kalahka dilelebar. Dipiceun teu puguh.
Samalah, sabot ngalakonan bulan Ramadhan téh lain katakwaan nu jadi udagan, tapi satékah polah bisa ngareuah-reuah poéan lebaranna. Nyaéta pésta pora hura-hura alias ngamonyah-monyah bangsaning hal nu teu puguh. Nya gubrag wé istilah 'lebaran'.
Minangka pangaruhna, urang luareun Islam gé bisa ngamanpaatkeun ceuyahna poéan Lebaran. Pasar ramé ku nu pelesiran. Toko pakéan gegek ku nu balanja. Tukang dagang daging ciweuh ku nu barang beuli. Samalah tikét beus jeung karéta api ti anggalna mula geus béak ku nu marudik. Kapan ayeuna ge di sajumlahing stasiun karéta, tikét pikeun mudik jeung balik deui téh geus saréép.
Ku kituna, hajat pangrongkahna warga Indonésia nyaéta hajat Lebaran. Ari baheula mah nu mudik téh umumna kaum buruh, kuli kasar, tukang sayur, atawa karyawan pabrik, kiwari mah jalma jugala atawa dununganana gé parebut tempat jeung bawahanana geusan hiji kecap: mudik!
Mémang, tradisi mudik Lebaran téh bisa nyababkeun manusa kana prosés 'desakralisasi' ibadah. Pola 'konsumérisme' dihenteu-henteu gé beuki ngagalaksak. Ku kitu téh nyababkeun ma'na puasa bisa leungiteun hikmah jeung dangiangna.
Padahal bulan Ramadhan meredih urang sangkan bisa hirup basajan. Teu dihalalkeun milampah sikep ngalelebar. Mana komo bari diémbohan ku sikep pamér matéri malar katangar ku batur. Emh, boa nu dibibita ku urang mah kasigeung mamaras rasana. Muhun, enya gé rupa fisikna bangun nu tiis, boa haténa mah bati lumengis.
Hal éta téh malar dina nyorang lalakon kahirupan urang bisa mulus rahayu, berkah salamet, taya pacogrégan, teu pahiri-hiri, teu pakia-kia. Ku silihhampura dipiharep dina hirup kumbuh sapopoé urang bisa sauyunan sabilulungan, éstuning tiis ceuli hérang mata caang haté.

Urang gurit hayu, haleuang dangding hurip
'na lambaran kadar ku mangsi takdir
Urang taratas jalan anyar ku haté nu nyacas
Ieu wanci pamiangan pikeun pataréma rasa
Mupus tugenah nu sumarambah di unggal bayah

Sajeroning kitu, embung sarta ngamanpaatkeun momen Lebaran, program-program média satékah polah midangkeun acara nu bau-bau réligius Islam. Hal éta téh tujuan utamana mah, asana, taya lian sakadang iklan.
Mareng jeung majuna téknologi, jasa télékomunikasi, hususna hénpon, pangaruhna dina Lebaran beuki baé karasa. Nyedek ka Lebaran sms (pesen singget) disebar ka kulawarga, baraya, tatangga, atawa kawawuhan lianna. Kapan fatwana gé 'kuring ngasms tanwandé kuring aya'.
Bangun embung éléh gandang. Para seniman gé ngareuah-reuah Lebaran ku carana séwang-séwangan. Manakomo pikeun nu ngarulik karia sastra. Maranéhna ngamanpaatkeun momen Lebaran minangka salasahiji sumber ilham jeung garapeun. Kapan, cenah, sastra téh eunteung tina kahirupan.
Nya, gubrag wé 'Takbiran', sajak nu diréka ku Berthol Damsahauser. AA Navis nulis cerpen 'Tamu Yang Datang di Hari Lebaran'. Ari 'Menjelang Lebaran', 'Ziarah Lebaran', atawa 'Lebaran Ini Saya Harus Pulang' mah cerpenna Umar Kayam. Kumaha dina sastra Sunda? Kapan aya Étti RS, nu ngarang sajak 'Sungkeman Poé Lebaran' téa, atawa Rosyid E Abby nu ngagurit sajak 'Gusti', 'Syawal 1425', jeung 'Langit Romadon Dinten Kamari'.
Akhirul kalam, urang lenyepan pada pamungkas tina sajak 'Sungkeman Poé Lebaran' karya Étti RS nu dikarang taun 1986:

Urang rampak hayu, minal aidin walfaidzin
Urang ukir hayu, sampalan éndah 'na beungeut batin
Urang pésta hayu, 'na gending Rabbul'alamin!***


Djasépudin
Guru SMA Yayasan Persaudaraan Haji Bogor (YPHB),
Kota Bogor

Tidak ada komentar:

Posting Komentar