Monday 7 September 2009

Bir Kocok Keur Kaséhatan

Bir , Tina ngarana, urang geus wawuh kana jenis inuman ieu. Tapi ulah salah, inuman ieu lain inuman nu bisa nyieun urang mabok. Bir nu ieu mah bir kocok buatan Pak Acép (73). Inyana geus matuh dagang di Jalan Roda Kelurahan Babakan Pasar Bogor Tengah ti taun 1953. Inuman ieu moal matak mabok malahan sabalikna bisa ngajadikeun awak jadi séhat tur jagjag waringkas.

Naon sabenerna kaleuwihan nu dipiboga ku Bir Kocok Pa Acép nu henteu nyieun mabok saperti bir séjénna.

Acép, warga Sukamulya RT 01/03 Kelurahan Babakan Pasar Bogor Tengah nyebutkeun yén Bir Kocok nu dijualna mémang jijieunan sorangan. Inuman ieu mangrupa resép warisan almarhum akina, ti saprak manéhna umur 17 taun.

Dina nyieun bir, Acép dibantuan ku pamajikanana Eém (63). Bir kocok dijieuna tina rempah-rempah saperti: jahé, kayu manis, jrrd. Ngan Acép embung nyebutkeun bahan-bahan anu dipakéna keur nyieun bir kocok ieu, majarkeun ieu mah geus jadi rahasia kulawarga nu kudu di jaga, supaya Bir Kocokna tetep jadi nu panghadéna di Bogor.

Munggaran dagang, Acep ngajual Bir Kocokna saharga Rp.5 sagelasna, tapi kabéh harga bahan keur nyieun Bir Kocok nérékél naék jadi ayeuna mah di hargaan Rp.2000 sagelasna. Sabotol Bir bisa dijieun jadi 5 gelas. Lamun keur ramé nu meuli, sapoé Acép bisa ngajual 50 botol, tapi kaayaan cuaca Bogor nu heunteu pasti ngajadikeun nu meuli gé jarang-jarang, paling ogé sapoé bisa ngajual 10 botol.

Numutkeun Acép keur mimiti dagang di dieu manéhna teu maké gorobag, tapina maké pikulan nu ditanggung. Saencan dagang bir baheula Acép gawé narik béca, ngan kusabab teu betah, tuntungna mutuskeun dagang bir nuluykeun léngkah akina.

"Kuring sumujud syukur, tina dagang bir kuring bisa meuli tanah 100 m2 jeung ngabiayaan anak pamajikan," ceuk Acép reugreug. Nu paling reueus, salah sahiji kafé di jalan Pajajaran maké produk manéhna, malah dijadikeun inuman andalan di kafe éta.

Ayeuna Eman (anak bungsunya) nurutan léngkah Acép, bapana, dagang bir kocok. Kusabab geus dua taun nganggur, nya tungtungna anakna ogé milu dagang bir dina gorobag di sabudeureun Jalan Siliwangi. "Alhamdulilah ayeuna geus bisa ngabiayaan kabutuhan kulawargana sorangan," Acép nambahkeun.

Numutkeun Acép, nepi ka ayeuna encan pernah meunang bantuan ti sasaha. "Ayeuna kuring masih kabentur ku masalah modal jeung pamasaranana encan maksimal. Tapi mun aya pihak nu méré modal, kuring yakin usaha inuman ieu bisa leuwih maju sabab kabukti bir kocok geus jadi inuman andalan salah sahiji kafé di jalan pajajaran," jéntréna (BAL)

No comments:

Post a Comment