Wednesday 9 September 2009

Batik Indonésia Diaku ku UNESCO

Bogor - Lembaga PBB anu ngagugulung widang kabudayaan, Unesco, geus panuju batik salaku warisan budaya lain banda nu dihasilkeun bangsa Indonésia.

Kapinunjulan ieu geus dilaporkeun ku Menko Kesejahteraan Rakyat Aburizal Bakrie ka Présidén Susilo Bambang Yudhoyono dina pasamoan di istana Bogor, Senén (7/9).

Numutkeun Menko Kesra, pangukuhan batik salaku warisan buday lain banda ti Unesco ieu baris dilaksanakeun dina hiji rarancang acara ti miiti 28 Séptémber 2009 nepi ka 2 Oktober 2009 di Abu Dhabi, Uni Emirat Arab.

Pikeun ngareuah-reuah hal ieu, jelas Menko Kesra, Présidén Yudhoyono umajak ka sakumna masarakat Indonésia pikeun maké pakéan batik minangka pangbagéa kana pangajén ieu.

Ti taun 2008, pamaréntah geus ngalakukeun panalungtikan lapangan nu ngawengku komunitas sarta ahli batik di 19 Propinsi di Indonésia keur nganominasikeun batik salaku warisan budaya lain banda ti Unesco.

Numutkeun Menko Kesra, Unesco nganiléy batik salaku ikon budaya bangsa nu miboga kaunikan sarta simbul tur filosofi nu jero nu ngawengku siklus kahirupan manusa. " Lain waé batik dianggap budaya asalna ti Indonésia, tapi diaku ogé salaku hiji répreséntasi budaya lain banda ti kamunasaan," jelasna. (BAL)

No comments:

Post a Comment