Monday 13 July 2009

Lalakon batu Kuya, Kumaha Tungtungna?

Masarakat geunjleung ku raména warta di média massa ngeunaan leungitna Batu Kuya, batu mirip kuya anu bahanna tina andésit, panjangna 6,7 méter, lébar 3,5 méter, panjang beuheung 2,4 méter, sarta beuratna kira-kira 50 ton ieu diperkirakeun titinggal ti karajaan Tarumanagara sakitar abad ka-5 Maséhi.
Batu Kuya diala ti tempat asalna, Walungan Cimangeunteung, Kampung Cisusuh, Désa Cileuksa, Kecamatan Sukajaya, Kabupatén Bogor (23/9), dibawa ka Jakarta maké wahon trailer. Ayeuna batu téh keur “ngadungkuk” di gudang CV. Karya Budi Mulya, Jalan Cilincing No. 23 Tanjungpriok, Jakarta Utara sabari ngadagoan diékspor ka luar negri.
Teu antaparah, pindahna Batu Kuya ti kawasan sakitar Leuweung Lindung Haurbéntés ka Jakarta jadi padungdengan anu rongkah di antara warga masarakat, hususna nu miboga perhatian kana masalah budaya jeung lingkungan.
Anu jadi bahan padungdengan téh sabudeureun légalitas pindahna ieu Batu Kuya ti kawasan Haurbéntés, jeung statusna naha asup banda cagar budaya atawa henteu? Geus réa anu ngetrukkeun pamanggihna ngeunaan hal ieu, boh ti para pajabat, para ahli sajarah jeung arkéologi, sarta warga masarakat umum kaasup ogé budayawan.
Pihak Dines Kabudayaan jeung Pariwisata Kabupatén Bogor geus ngalaporkeun kajadian leungitna Batu Kuya ieu ka Polrés Bogor, pikeun ngajaga kamungkinan batu ieu dibawa ka luar negri.
Sagédéngeun éta, dumasar paréntah ti Mentri Kabudayaan jeung Pariwisata, Diréktur Jéndral Sajarah jeung Purbakala dina tanggal 28 Séptémber 2008 ngabentuk hiji tim pikeun nyukcruk status Batu Kuya anu diduga salaku banda cagar budaya (BCB).
Tim ieu tanggal 29 Séptémber 2008 ngajugjug ka lokasi situs di Walungan Cimangeunteung pikeun néangan pituduh ngeunaan status Batu Kuya. Ogé ngalakukeun wawancara ka warga masarakat di dinya. Diteruskeun isukanana (30/9) mariksa kaayaan Batu Kuya di gudang CV. Karya Budi Mulya, Jakarta Utara.
Tim ieu dina kacindekanana nyebutkeun, Batu Kuya téh mangrupa batu alam biasa, jeung teu aya campur leungeun atawa hasil rékacipta manusa, sahingga batu téh teu bisa disebut artefak. Lian ti éta, batu téh teu dikaramatkeun ku masarakat anu aya di sabudeureunana. Ngan pikeun nangtukeun status Batu Kuya sacara pasti, tim ieu ngususlkeun sangkan dibentuk tim husus nu bisa digawé kalayan daria dina waktu anu leuwih nyukupan.
Émbaran ti jajaran Departemén Kabudayaan jeung Pariwisata anu nyebutkeun Batu Kuya téh ngan ukur batu alam biasa meunang koméntar jeung kamandang ti sawatara pihak. Ti antarana, sajarawan senior Prof. Uka Tjandrasasmita, anu miboga kayakinan yén Batu Kuya titinggal ti jaman karajaan Tarumanagara.
Numutkeun manten Diréktur Perlindungan Peninggalan Sejarah dan Purbakala ieu, Purnawarman salaku raja Tarumanagara mumuja Déwa Wisnu, sedengkeun Wisnu miboga kamampuh pikeun ngarupa atawa ngawujud jadi sarupaning sasatoan, salasahijina téh dina wujud kuya. “Ku kituna di jaman Purnawarman mah kuya téh kaasup sato anu suci,” jéntréna.
Hal nu méh sawanda didugikeun ku Dr. Agus Arismunandar, arkéolog ti Fakultas Ilmu Budaya UI dina acara Konferénsi Pérs ngeunaan Batu Kuya di Kampus Ui Dépok (10/10). Iwal ti ngahaminan naon anu dijéntrékeun ku Prof. Uka, Agus ngadadarkeun yén salian ti Batu Kuya, sebutan Batu Kuda anu remen dicaturkeun ku masarakat satempat, bisa ogé dipatalikeun jeung raja Purnawarman.
Purnawarman, ceuk Agus, ngakandung harti baju perang anu sampurna (purna=sampurna, warman/varman=baju perang, ti basa Sansekerta). Dina mitologi Wéda kuna atawa Hindu kuna, hiji-hijina déwa nu mamaké baju perang nu sampurna nyaéta Déwa Surya. “Di sagédéngeun nyembah Déwa Wisnu, rupa-rupana Purnawarman ogé nyembah Déwa Surya. Tinangtu, Déwa Surya ieu miboga tutumpakan, nu teu aya lain mangrupa kuda!” Agus nerangkeun kalayan atra.
Lobana patanyaan ti para pihak nu hayang geura aya putusan anu jelas ngeunaan status Batu Kuya, Balai Pelestarian Peninggalan Purbakala (BP3) Sérang ngabentuk tim invéstigasi anu digawé salila saminggu ti mimiti Senén (20/10). Hasilna, tim ieu netepkeun yén Batu Kuya mangrupakeun batu alam biasa jeung lain BCB.
Dina panalitian tim BP3 ogé mucunghul fakta séjén, nyaéta tempat asal Batu Kuya di Walungan Cimangeunteung henteu kaasup wilayah Leuweung Lindung Haurbéntés sakumaha nu réa diwartakeun saméméhna. Katerangan ieu ditepikeun boh ku aparat Désa Cileuksa, pihak perhutani, ogé ti Taman Nasional Gunung Halimun Salak.
Meunang béja saperti kitu, pihak Disbudpar Kabupatén Bogor, anu salila ieu tihothat ngupayakeun Batu Kuya balik deui ka tempatna, negeskeun moal neruskeun usahana kusabab geus lain wewenangna deui. Ku Disbudpar kawenangan kasus ieu baris dialihkeun ka Dinas Pertambangan.
Lalakon Batu Kuya mémang can nepi ka tungtungna, tapi nilik kana perkembanganana anu nyampak, sigana mah mingkin ipis waé kamungkinan manéhna bisa mulang ka imahna. (HMA)

No comments:

Post a Comment