Monday 13 July 2009

Program Unicode pikeun Aksara Sunda

Di jaman sarwa digital cara kiwari, pangaruh ti luar kana kabudayaan urang karasa kacida mahabuna. Basa indung salaku salasahiji unsur budaya geus mimiti ditaringgaleun ku panyaturna. Kajadian ieu henteu ngan lumaku di perkotaan wungkul, tapi ogé geus nyosok jero ka daérah pasisian.
Réa basa indung di sakuliah Nusantara anu keur nyanghareupan ancaman kapunahan. Teu saeutik basa daérah anu ngan dipaké ku kurang ti sarébu jalma deui. Leungitna basa-basa étnik di nagara urang sigana moal bisa disingkahan, lamun teu aya upaya keur mulasarana.
Hal nu sarua ogé tumiba kana aksara daérahna. Malah kaayaanana leuwih piwatireun batan basa indungna. Aksara daérah atawa aksara étnik di Nusantara mah geus nungtutan laleungitan kusabab geus teu diparaké deui, kasilih ku aksara latén.
Ngan aya sababaraha aksara étnik anu tetep digunakeun nepi ka kiwari, di antarana aksara Bali. Aksara ieu ku urang Bali masih kénéh ditulis dina daun lontar cara karuhunna mangsa baheula.
Saluyu jeung kamajuan widang téknologi jeung Informasi, aksara-aksara daérah anu masih kénéh dipulasara ku ahli warisna diropéa deui sangkan bisa ditulis dina komputer. Tilu aksara daérah di Indonésia, nyaéta aksara Bugis, Bali, jeung Rejang malah geus leuwih ti heula distandardisasi maké program Unicode, sahingga geus diaku sacara internasional.
Aksara Sunda, minangka simbul sora dina wangun tulisan pikeun nuliskeun basa Sunda, jadi aksara étnik anu ka-opat di Indonésia nu geus distandardisasi ku program Unicode. Hal ieu kabuktian ku geus diayakeunana acara Gelaring (launching) Unicode Aksara Sunda di Aula Sanusi Hardjadinata, Universitas Padjadjaran Bandung (20/10) anu dihadiran langsung ku Michael Everson salaku wawakil ti Konsorsium Unicode Internasional.
Nurutkeun Iverson, standar industri ngidinan téks sarta simbul tulisan ditampilkeun sacara konsistén ku komputer. Ngan saukur ku cara nuliskeun kecap nu tangtu, saterusna program ieu narjamahkeun ka aksara Sunda. Tujuanana, sajaba ngajadikeun gampang maca naskah aksara Sunda, manéhna miharep ogé program ieu bisa nyieun masarakat Sunda beuki akrab jeung mindeng ngagunakeunana.
“Tapi, anu pangpentingna ti ieu kabéh, masarakat beuki mindeng maké aksara Sunda. Bisa dimimitian ngaliwatan ngaran jalan, disain kaos komérsial, atawa kartu ngaran jeung kartu bisnis,” tambahna ngajelaskeun.
Acara anu dihadiran ku para pajabat pamaréntah daérah Jawa Barat, para akademisi, budayan, sastrawan, katut para guru wawakil ti kota/kabupatén sa-Jawa Barat ieu, sakaligus ogé mitembeyan médalna buku “Diréktori Aksara Sunda Untuk Unicode”. Buku ieu dibabagikeun ka para hadirin harita kénéh.
Ngaliwatan milis Kusnét jeung Kisunda, Pupuhu Tim Palaksana Program Unicode pikeun Aksara Sunda, Oman Abdurahman ngajelaskeun, ieu kagiatan minangka acara pamungkas tina tilu acara dina taun 2008 ieu nu patali jeung Unicode Aksara Sunda. Saméméhna, bulan Méi 2008 ngayakeun seminar “Standardisasi Aksara Sunda pikeun Unicode”. Dituluykeun nyarungsum buku “Diréktori Aksara Sunda Untuk Unicode”. “Alhamdulillah, sok sanajan kumaha waé hasilna, tangtos ari sampurna mah henteu alias masih kénéh seueur kakirang, namung targét anu tilu acara téa, sadayana tos kahontal,” imbuhna.
Oman ogé ngaharepkeun sangkan miara aksara Sunda henteu eureun ngan nepi diaku ku Unicode atawa nerbitkeun buku panduan. Alesanana, lamun henteu dipaké dina sapopoé, program ieu baris kaleungitan tujuan awalna.
Salasaurang anggota Tim Program Unicode pikeun Aksara Sunda, anu ogé ngamimitian nyieun program komputer keur aksara Sunda, Dian Trésna Nugraha, ngajelaskeun masih aya hal anu kudu disampurnakeun ti program ieu. Pikeun jangka pondok, pihakna baris migawé standardisasi jeung implementasi pola pasangan dina hurup Sunda. Contona, dina pola pasangan anu tacan distandardisasi, kawas “sy” atawa “kh”. Sajaba ti éta, baris dipigawé ogé standardisasi hurup anu tacan asup. Ayeuna kakara 53 aksara Sunda anu geus asup dina program ieu.
Sabenerna, aksara Sunda anu aturanana geus aya réngkolna dina Perda No. 5 taun 2003 ieu, geus dikeureuyeuh komputerisasina ku Dian ti taun 2004 kénéh. Harita, idéna mah mucunghul ti para anggota milis Kusnét (Komunitas Urang Sunda di Internét) anu hayang bisa nulis aksara Sunda di komputer. Kakara taun 2006 slot Unicode 5.1-na bisa dijieun ku Dian téh.
(HMA/ Ti sawatara sumber)

No comments:

Post a Comment